Fétus (atawa dina basa Sunda mah aya diistilahkeun utun inji) hartina
mamalia nu keur tumuwuh sanggeus hambalan émbrionik saméméh lahir.

Di manusa, utun inji téh tumuwuh ti panungtung minggu ka dalapan kakandungan
(nalika sadaya struktur mayor geus kabentuk) nepi ka borojolna. Fetus, dina
basa Latin, hartina 'nu ngora'. Dina kontéks anu leuwih umum, fétus téh
nujul ka organisme nu keur mekar, masih kénéh dina prosés jadi individu
spésiés fungsional.


Tumuwuh

Tumuwuhna fétus mah teu saragam, béda-béda sacara alami. Kira-kira 40%
variasi beurat lahir ditangtukeun ku faktor genetik, sedengkeun nu 60% mah
faktor lingkungan. Faktor-faktor nu mangaruhan tumuwuhna fétus sipatna bisa
maternal, plaséntal, atawa fétal:
Faktor maternal ngawengku ukuran indung, beurat, proporsi beurat jeung
jangkungna, status gizi, anémia, ngaroko, atawa aliran getih uterus.
Faktor plaséntal ngawengku ukuran, mikrostruktur (dénsitas jeung wangunan),
aliran getih umbilik, protéin, daya serap gizi, jeung produksi gizi.
Faktor fétal ngawengku génom fétus, produksi gizi, jeung output hormon.

Mun tumuwuhna teu sampurna, bisa ngabalukarkeun lahirna orok nu kurang
beurat (low birth weight). Mun orokna small for gestational age, résiko
mortalitas perinatal (pupus teu lila sanggeus lahir), asfiksia, hipotermia,
polisitemia, hipokalsémia, disfungsi imun, abnormalitas saraf, sarta
gangguan kaséhatan saumur hirup.


Sistim sirkulasi

Sistim sirkulasi utun inji béda ti nu geus lahir, utamana kusabab bayah nu
teu dipaké: fétus narima oksigén jeung zat gizi ti indung ngaliwatan
plasénta jeung umbilical cord.

Getih tina plasénta dibawa ku véna umbilik, kira-kira satengahna asup kana
ductus venosus dibawa ka véna cava inferior, sedengkeun sésana asup kana
ati. Cagak véna umbilik nu ngasupan the right lobe of the liver first joins
with the portal vein. Getih ieu salajengna ngalir ka atrium katuhu jantung.
Dina fétus, aya lawang antara atrium kénca jeung katuhu (foramen ovale),
sarta getih téh lolobana ngalir ti atrium katuhu ka kénca, lajeng ka
véntrikel kénca nu ngompa ngaliwatan aorta ka sakujur awak. Getih téh
sawaréh ngalir ti aorta ngaliwatan arteri internal iliac ka arteri plasénta,
lajeng asup deui kana plasénta, tempat karbon dioksida jeung produk runtah
lianna ti fétus diakut diasupkeun kana sirkulasi indung.

Getih ti atrium katuhu aya nu henteu asup ka atrium kénca, nyaéta asup ka
véntrikel katuhu nu lajeng dikompa ka arteri pulmonal. Dina fétus, aya
sambungan husus antara arteri pulmonal jeung aorta, nu katelahna ductus
arteriosus, nu ngarahkeun getih ieu ngajauhan bayah (nu teu dipaké pikeun
réspirasi, sabab fétusna gé kakeueum kénéh dina cairan amniotok).


Tumuwuh pascalahir

Tina rénghap munggaran sanggeus lahir, sistim dina jero awak téh dumadakan
robah. Résistansi bayah nyirorot, getih leuwih loba ngalir ti atrium katuhu
ka véntrikel katuhu jeung arteri pulmonal, sedengkeun nu ngaliwatan foramen
ovale ka atrium kénca ngurangan. Getih tiba bayah ngalir sapanjang véna
pulmonal ka atrium kénca, sahingga ngaronjatkeun tekenanana. Turunna tekenan
atrium katuhu jeung naékna tekenan atrium kénca ngadorong septum primum
ngalawan septum secundum, nutup foramen ovale, nu ayeuna jadi fosse ovalis.
Hal ieu nyampurnakeun kabagi duana sistim sirkulasi: kénca jeung katuhu.

Ductus arteriosus normalna mah nutup dina jangka sapoé atawa dua poé. Véna
umbilik jeung ductus venosus nutup dina jangka dua nepi ka lima poé
pascalahir, nyésakeun ligamentum teres jeung ligamentum venosus dina ati.


Gangguan

Orok nu ngarandapan anomali congenital dina jantungna ngan bisa salamet mun
ductus-na tetep muka: dina kasus ieu, nutupna ductus bisa diulur ku asupan
prostaglandin sahingga masih aya kénéh waktu pikeun ngabedah anomalina.
Sabalikna, dina kasus ductus arteriosus patén, nyaéta nalika ductus teu
bener nutupna, ubar nu ngahambat sintésis prostaglandin bisa dipaké pikeun
ngarojong panutupanana, sahingga teu merlukeun dibedah.


Bédana jeung sistim sirkulasi sawawa

Sésa sirkulasi fétus aya kénéh di jalma sawawa:
foramen ovale fétus jadi fosse ovalis.
ductus arteriosus jadi ligamentum arteriosum.
bagian ékstrahépatik véna umbilik nu beulah kénca jadi ligamentum teres
hepatis.
bagian intrahépatik véna umbilik nu beulah kénca (ductus venosus) jadi
ligamentum venosum.
bagian proksimal arteri umbilik , boh nu kénca atawa nu katuhuna, jadi
cabang umbilik arteri internal iliac.
bagian distal arteri umbilik, kénca-katuhu, jadi ligamén umbilik médial.

Fétus nu keur tumuwuh merlukeun molekul angkutan oksigén nu béda ti nu
sawawa (nu sawawa mah maké hémoglobin sawawa). Hémoglobin fetal (HbF)
ngaronjatkeun kamampuh fétus metot oksigén ti plasénta.


Baca ogé

Fetus
Kamekaran fétus
Reuneuh
Budak
Superfétasi
Kamekaran saraf
Fétoskopi
Posisi fétus
Karuron


Sumber rujukan
Fetus, Wikipédia édisi basa Inggris per 8 Désémber 2005

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/F%C3%A9tus";

Kategori: Biologi kamekaran

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke