Sajarah Ibing di Pasundan*)
Kenging R.Tjetje Somantri
Sajarah ibing Sunda anu ku jisim kuring pribadi kaalaman karandapan, nya eta
ti ngawitan campleng taun 1900. (Ti sateuacanna keneh sim kuring nguping
rupi-rupi wartos ayana tayuban, wayang wong, topeng, doger, gedut ketuk tilu,
sjte).
Wayang wong tadi, kitu deui topeng sareng doger, dipetakeun ku anu ngaramen
bae, anu ditaranggap di mana-mana, da dipikaresep tea ku urang rea, dugi ka
saban-saban ditanggap nu lalajo teh munggah noyek jejel pasedek-sedek.
Dupi nayuban, diayakeun dina hahajatan kariaan sareng pepestaan, nya eta di
Kabupaten-kabupaten, kawadanaan, kacamatan, dugi ka bale desa-bale desa.
Gamelannana nu dianggo, ilaharna gamelan laras Pelog; ronggengna dua, rajeun
tilu, tampolana langkung. Menggah petana (padamelannana) ronggeng-ronggeng teh
nya eta ngawih (nyoraan) sareng ngigelna; ronggeng anu pangtegepna
(panggeulisna) sarta soantenna pangraosna (punjul katiasana) dijadikeun Nyi
Lurah Ronggeng.
Dina nuju para nayaga nambul (nabuh teu diibingan) ronggeng-ronggeng teh
dariuk ngaliung tukang rebab bari ngarawih, nyaroraan gending.
Naon margina numawi dariuk caket tukang rebab kitu?
Lantaran tukang rebabna nu ngarengga lagu, minangka nyesepuhan panayagan;
dupi ronggeng-ronggeng ngarawih narumutkeun sora rebab.
Dina pepestaan kasebat di luhur, salah saurang nu sarumping ngaluuhan, kapeto
jadi tukang ngabaksaan, nya eta anu kawajiban nyanggakeun soder ka nu kaselir
kedah ngibing.
Petana: Ngawitan ieu tukang ngabaksaan calik payuneun gamelan sarta mayunan
baki nu dieusi soder; ti pengkereunnana, ronggeng-ronggeng tadi, anu sami
tarapti ngiring anu ngabaksaan eta.
Engke teh rebab mangkat; leresan wirahma pangkat (gungna goong), breng
gamelan muni, lagu Papalayon, bareng sareng ragragna goong pangkat. Tukang
ngabaksaan katut ronggeng cong nyarembah, bring ngaribing; anu ngabaksaan tadi,
kalawan nyandak baki anu dieusi soder tea, angkat baksa anu naringgang kana
wirahma lagu; ronggeng-ronggengna tipengker ngarigel.
Tukang ngabaksaan nyanggakeun soder ka menak atanapi priyantun anu martabat
nu pangluhurna (pangagungna); nu nampina soder jung ngadeg; rap soder dianggo,
lajeng mundut lagu, upamina: Gunungsari.
Salah saurang tamu jung ngadeg nyandak lumur kosong kiwa tengen, lajeng
mayunan nu nyandak soder, maksadna mundut widi bade ngamairan (ngarencangan
ngibing). Saparantosna diwidian, ngibing; ronggeng nu kadua cong nyembah jung
nangtung ngiring ngigel, nya diibingan ku anu mairan tea. Kinten aya dua tilu
menitna, jung deui saurang ngamairan nyepeng lumur kosong; sakengingna widi ti
nu ngagem soder, teras deui ngiring ngamairan; cong ronggengna nu katilu
nyembah nyampeurkeun nu ngamairan kadua tea; ieu lajeng diibingan. Kitu bae
salajengna saseueurna jumblah ronggeng nu dianggo dina eta tayuban.
Anu pangremenna ngawih nya eta Nyi Lurah Ronggeng; ronggeng-ronggeng nu
sanesna nyoraan mung selang-selang bae, upami Nyi Lurah nuju ngaso (teu ngawih).
Saparantos aya sajongjongan ngaribingna, rengkenek juru inuman ngiring
nyandak ergelek dieusi inuman, keupat nyampeurkeun nu ngagem soder. Leresan
ragragna goong, cur lumur nu ngagem soder dieusian; saterasna nu ngamalairan
oge sadayana dicician lumurna. Ngeusian lumur ieu oge bareng sareng ninggangna
goong kana wirahma.
Saparantos sadaya lumur dieusi, nu ngagem soder ngibingna majeng di tengah
medan, nanging tetep bae dina satempat. Ayeuna lar nu ngamalairan angkat keupat
ninggang wirahma nyalampeurkeun; leresan goong ninggang dina pungkasan, lagu
ngaribingna oge pungkas. Ronggeng-ronggeng dariuk deui ngaliung tukang rebab.
Sabada kitu nu ngagem soder sasauran, ngawilujengkeung ka anu kagungan karia
atanapi Pangagung anu dipestakeun. Leresan dieu tamu-tamu anu heunteu ngaribing
oge sami ngaradeg, malah sapalih mah ngiring nyepeng lumur katut dieusina
inuman. Tuntas sasauran (biantara) rot sadayana ngararot dipirig ku lagu
Monggang.
Ti dinya mah anu ngaribing lalinggih deui satempatna satempatna.
Saparantos para nayaga katut ronggeng-ronggeng sakadar ngaraso, rebab mangkat
deui; leresan wirahmana gung goong, der deui gending muni, ayeuna lagu Banjaran
Kering.
Nyi Lurah Ronggeng top nyandak bokor, lay keupatna ninggang wirahma ngabujeng
ka nu ngagem soder tadi. Kinten antawis tilu meter deui lajeng gengsor; leresan
goong mungkaskeun lagu cong nyembah gek diuk, harempoy emok mendo bari nyepeng
bokor payuneun nu tadi ngagem soder. Ieu teh creng ngalebetkeun artos kana
bokor. Maparin artos ka Nyi Lurah Ronggeng kieu teh disebatna masak.
Samemeh masak teh sapalih tamu mah sok mundut dipangmaoskeun heula ku Nyi
Lurah Ronggeng. Laguna anu sok ditembangkeun teh biasana Dangdanggula atanapi
Sinom Pangrawit.
Sabada tembang Nyi Lurah Ronggeng nyembah lajeng mundur, gek deui caket
tukang rebab.
Ngaso sakedap, tukang ngabaksaan ngalajengkeun deui kawajibannana; ayeuna
laguna (biasana) nu dianggo Banjar Kering atanapi Renggong Gancang. Salajengna
prakprakannana sapertos tadi bae.
Nayuban ilaharna dipetakeun ari wengi, ti bada isa dugi ka bray siang.
Sakapeung sok aya oge nu ngayakeun tayuban siang.
Sakitu perkawis nayuban.
Jabi ti tayub kieu teh aya deui karasmenan ngibing, nya eta gedut ketuk tilu.
Ieu mah ti bada isa dugi ka tengah wengi bae; nya osok oge aya nu dugi ka
enjing. Diayakeunnana dina pepestaan ageng; ilaharna di alun-alun, di
pakarangan Kabupaten, (salamina di luar, langka anu di lebet wangunan).
Tatabeuhannana: rebab, ketuk, gendang, kempul sareng goong. Ronggengna aya 10
atanapi 12 mah, anu ngarigelna kukurilingan bari ngelak ngawih.
Nu ngaredutna biasana para jajaka urang kampung bae, anu heunteu kedah
diondang, saha bae oge kenging lebet. Maranehna ayeuna garedut kukurilingan,
ronggeng-ronggengna narangtung di tengah bari ngarawih. Dina lagu lenyepan,
ronggeng-ronggeng nyalampeurkeun ka nu garedut bari ngawih piligenti.
Dina taun 1911 Aom Doyot, menak teureuh Sumedang, nu harita jadi Wadana
Leuwiliang, saban-saban kempelan di Purwakarta sok ngawulang ngibing ka para
putra priyantun di ieu dayeuh; nya sim kuring oge harita ngiring diajar.
Ti taun 1900-na Sumedang, Bandung, Garut sareng Tasikmalaya sok kadongkapan
rombongan Topeng ti Cirebon. Nu jadi dalangna (nu nopengna) duaan, nya eta Bapa
Koncer sareng Bapa Wentar. Ieu topeng teu kinten pajengna ku tina saena, malah
sok sering ditanggap di kabupaten.
Lami-lami seueur para nonoman nu kabaritaeun haroyong ngiring ariasa ngibing;
nya lajeng galuguru ka Bapa Koncer sareng Bapa Wentar tadi.
Murid-murid Bapa Koncer sareng Bapa Wentar seueur pisan; nu sim kuring terang
bae: R.Wirakusuma Lurah Rancaekek, Jrg.Wiranta nu kagungan pabrik aci di
Cibiru, saderek Okes Kartaatmaja di Ciparay, sareng seueur-seueur deui.
Dina taun 1918 ku alpukahna Asep Berlian, putra H.Abdulsukur di Bandung, Bapa
Wentar katut Bapa Koncer sakulwargina miwah para kancana dialangkir di bumi
ramana. Para putra Juragan Haji teh: Asep Berlian, Endang Tamim sareng Endang
Asari galuguru ngibing ka Bapa Wentar sareng Koncer. Jabi ti eta tiluan teh
seueur deui nu ngiring galuguru, para nonoman ti pasar, para priyantun sareng
ti golongan nu sanesna. Malah jisim kuring oge harita ngiring deui diajar.
Bapa Koncer ngajarkeun ibing gagah, ibing ponggawa sareng ibing kalana, nu
dipirig ku lalaguan keringan, upamina: Bendrong, Banjaran, Solontongan,
Waledan, sjte.
Bapa Wentar ngawejangkeun ibing lemes sareng ibing gandang, nu lalaguannana
leyepan: Udanmas, Banjar Sinom, Kulu-kulu, Karanginan, Gawil, sjte.
Sakitu manawi heulaanan tina perkawis ibing di Pasundan, nu kaalaman ku jisim
kuring pribadi.
Dicutat tina majalah Budaya No 2 (taya tanggalna. Tapi, mun ningali salah
sawios seratan nu aya dina eta majalah, ieu majalah teh terbit taun 1953), kaca
9-13. Aslina ditulis dina ejaan Suwandi atawa Ejaan Lama. Iwal ti nami nu
nyeratna nu tetep dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakannana diganti ku hurup EYD.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/