*********************************************
Haturan Teh Nenny!
Damang, kulan??

Manawi kahontal ieu mah, tina surelek kintunan Kang MGT, sumangga
nyanggakeun alih-pangreka sim kuring, hapunten bilihna kirang sapanuju
atanapi seueur lepatna, pamugi keresa ngalereskeuneun :
-----------------------
Dina Paririmbon Bayah aya Babad kieu :

Dina hiji mangsa nu kalarung, kacaturkeun aya hiji Pamarentahan nu katelah
Rum, disebat Rum teh sigana pedah nami Rajana teh Rum. Ieu Raja kaismeuan ku
cacarita ayana wewengkon nu sarba endah lir ibarat sawarga, nu ayana di
sakitar Samudra Kidul di Pulo Sawarga atanapi Nusa Sawarga, ieu Pamarentah
ngintunkeun sabagean rahayatna mangjodo-jodo/ pamet lan istri ka eta Nusa
pikeun ngabuka lahan pipamarentaheunana.
Kacaturkeun, yen pikeun mendakan eta Nusa, teu sadaya ti eta rombongan
rahayat Rum teh salamet, ayana kajantenan nu nelaskeun sababaraha jalmi ti
eta rombongan di hiji samudra ku kaayaan alam nu kirang nyobat, pon kitu
deui dina mendakan eta Nusa Sawarga teh, geuningan teu weleh seueur
kabalangsak teh, nya ti mula tarung jeung sato nu aheng tur galak, kitu oge
ku kaayaan nu teu ilahar tur pikeueungeun pikeun eta rombongan, dugikeun ka
teu tiasana eta rombongan Rahayat Rum teh pikeun hirup-kumbuh di eta
wewengkon. Ku kituna, ieu rombongan teh nyindekkeun bae pikeun mulang deui
ka Nagara Rum tea. Ku carita ieu bae parantosna kacindekkeun yen nu iasa
mulang walagri ka Nagara Rum teh mung sababaraha jalmi bae.
Ti ieu jalmi nu salamet wangsul teh, diuarkeun perkawis pangalamanana ti
awit miang ka Nusa Sawarga nu dijugjug, tug ka mulangna deui ka Nagara Rum.
Kasauran eta jalmi-jalmi nu salamet: yen di Nusa Sawarga teh tutuwuhan nu
ilahar ayana mangrupa jawawut, kunyit sareng hanjeli.  Kaayaanana ieu Nusa
teh remen pisan ku pipanyakiteunana tugna seueur nu telas alatanana,
sumawonna di ieu wewengkon teh rea nemen jurig sareng dedemit.
Tapi, dumeh nu janten Raja mah pangandikana somah, sigana henteu kasawang ti
eta panguar rahayatna, kumaha kasakit-balangsakna kaayaan nu kaalaman dina
pajalanan ka eta Nusa Sawarga. Geusna deui anjeuna ngadawuh pikeun nyiapkeun
rombongan nu kadua kalina. Namung rombongan nu kadua ieu langkung
siap-sayagi pikeun nyorang naon nu pibakaleun kajadian dumasar kana cacarita
ti jalmi-jalmi nu salamet tea. Ieu rombongan nu kadua teh jumlahna kirang
langkung dua rebu rahayat, nu jamlehna disarengan ku jalmi-jalmi pinilih ti
Raja Rum minangka pingpinan eta rombongan, nyaeta saurang Ahli Tabib, Resi
Armaga lan dua Pandita nu nyanggem ageman Weda sareng hiji Senapati ti
Babil.
Ieu rombongan nu kadua teh matak pireugreugeun ka sarerea, bubuhan atuh
salian ti pingpinan ieu rombongan nu sakitu hadena, oge ieu rombongan teh ku
Raja Rum dilengkepan ku bekel barang, parahu cadangan lan katuangan nu
nyukupan salami parjalanan ka Nusa Sawarga tea.
Ieu layarna rombongan nu kadua teh teu siga nu ka hiji, ngangkleungna ieu
rombongan nu kadua ngalangkung Nusa Lamuri (panginten Pulo We===tapi ceuk
kuring mah Singapura ayeuna mah), mamapay-mapay basisir wetan Samudra
(Sumatra), lajuna ka tungtung kidulna (Gupintan Sunda/ Selat Sunda?)
Kacaturkeun ieu rombongan teh anjog di Nusa Sawarga, katembong
mangbaris-baris tangkal kalapa-korma (manawi tangkal
jambe-kawung-bogor/kalapa sawit?), sumawona nu disebat jawawut tea pating
jalembrung, nu ditelahanna Jawa ku ieu rombongan mah.
Sateuacanna nangtukeun pibakaleun pangajreggan, dukun-dukun nu aya di ieu
rombongan ngancoan heula pipalakiaheun pikeun nyinglarkeun
kasusah-kasangsaran ku cara mangragam tutumbalan nu dikubur dina
tegalan-tegalan jeung diluhureun pasir (bukit). Dina waktos nu sami, ti
kaanggangan kasawang Gunung Batuwara (G.Krakatau) nu keurna ngaluarkeun
haseup hideung. Teu lami disatengahing nguburken eta tutumbalan teh, beledug
si Gunung teh bitu!!!
Tina kasaurang cacarita mah ti eta kajantenan teh, taya deui kacaturkeun
kumaha cariosna ieu rombongan kadua Pamarentahan Rum teh. Namung nu
kacaturkeun teh ti saprak harita nu janten Gupitan/ Selat teh janten
ngalegan, nya buktina wewengkon Tulangbawang (Lampung) rada paanggang ti
Wahanten (Banten), kitu deui wewengkon Panaitan teh jadi pulo, teu nyambung
jeung Wahanten deui. Manawi ti meledugna G.Batuwara tadi ngajadi tilu,
sawatara salah sahijina janten Pasir/Bukit nu unggal waktu ngaluhuran jadi
Gunung deui.
Sakitu manawi lalampahanana Rombongan Pamarentah Rum teh, teu sing
kacaturkeun deui sabada kajantenan meledugna eta G. Batuwara.
Kasauran mah ieu Cacarita teh pernahna kacatet ku Mpu Gandra nu ahli dina
opat bahasa (Catur Akswara),  malihan ku sawatara ahli-cacarita mah supados
ieu Cacarita tiasa dipulasarakeun. Nu kawitna ieu teh saukur Sasakala,
ditambih -dikirangan, dirurupa-dipupulas malah mandar janten Babad.
Dupi Sunda Purwa nu janten kapercantenan ayana bangsa onom  kieu unggelna:
Sunda Wahanten teh pibibit-buiheun lemah cai sunda, nu mana anggal-pituinna
teh pernahna resep ngaleueut getih, papakeanan aya nu buligir aya oge nu
ngan sapapakeanana nutupan kalamina, malahan mah katuanganana nya papadana
tea. Aya sawatara cacarita perkawis Rombongan Rum nu taya wawarna jalaran
teu mulang ka Nagarana, kasauran mah ditelasan ku ieu pituin, namung nya
eta, nyokot kana Babad nu kaunggel di luhur tadi eta Rombongan Rum teh
ilangna teh alatan ku bituna G. Batuwar tea.
Aya oge Cacarita nu lianna :
Kacaturkeun Maharaja Tiongkok teureuh Hia, nu wastana Sam Pan Mang Wang,
ngaraos sugema manah, reh hasil maksadna ngapimilik cula badak bule ti
Medanggili Kidul (Banten). Panginten oge ieu Urang Medanggili teh
anggal-pituinna Sunda, panginten oge tiasa jadi rundayan ayana Jenggi Kidul
(Ostrali) anu wartosna pernahna sasarengan ngumbara di Cilauteureun,
ditambihan oge ku kasauran Maharaja tadi, saurna ieu Urang Medanggili
kulitna hideung, bangun pangawakanna seseg-weweg semu bongkok, socana
heunteu sipit, nyariosna halon tur laun.
Mangsana ieu cacarita teh kasebat Mangsa Kukila. Ayana kitu teh kusabab
manusa nu hurip sabasisir teh lir ibarat pakis, nyaeta sing saha nu pelit
eta nu pibariseun nimu kauntungan. Dupi nu aya di Medanggili teh tacana apal
kana papasakan/masak mah, namung teu bireuk upami kana seuneu, haseup, abu
tina kahuruan leuweung nu dilantarankeun ku petir atanapi  halodo nu
panjang,  tacanna oge apal kana papakean, tacan oge apal kana ngahuma sareng
pare, namung saukur ti apal kana jawawut, tacanna gaduh sesembahan, namung
parantos apal yen aya nu kawasa pikeun nurunkeun hujan. Taya panetepan
ngajregna, kanggo ngiuhan atanapi ngawengi mah saukur cekap  ku patempatan
nu nutupan (guha, gorowong, tatangkalan) ku sakapendakna, upami dongkap usum
ngijih, marurangkalihna dibaluran ku taneuh porang supados teu tiriseun
teuing.
Pakasaban nu janten babakuna nyaeta buburu, ngala lauk sareng ngmpelkeun
bubuahan (istrina ngurus oraok, ngempelkeun beubeutian sareng bongborosan).
Pakakasna nyaeta hinis, babaliungan, panggerus (mangrupa batu) sareng
huntu-petir (mangrupa kampak teu digagangan) nyaeta batu walungan nu seukeut
(kenging disompal-sompalkeun ku batu deui) pikeun ngadamel seuneu.
Dupi Pakarangna nyaeta batu ipis nu sakintenna seukeut tur lancip pikeun
pamaledog, popotongan kai nu barengkok (hasil pamilihanana), tulang pingping
banteng, kitu deui sumpit sareng tumbak awi (banguna lancip nu kadang
diterapkeun oge pamatil tina cucuk buntut lauk, atanapi oge dipasihan peurah
oray taneuh).
Musuh nu utamina nyaeta sato leuweung! Janten kawaspadaan pikeun Urang
Medanggili mah parantosna biasa turun-pinurun. Pikeun pamegetna nya
tarangginas pisan, kitu oge panca-indera tur anggahota badanna parantosna
kalatih, lumpatna sakocepat, naek-turun, luncat tatangkalan kakalancatan
sarta aya ku sabar dina ngalempengkeun tumbak awi nu barengkok tea. Sajaba
ti eta maranehanana ahli dina lumpat-mapay tapak-lacak musuh atanpi sato
leuweung, sareng laludeungan kena ku pulus, ku cucuk kitu oge ku
seungseureudan. Maranehna merhatikeun pisan dina kalemahan lawan/ sato galak
pikeun ditungkulkeun, ku kituna pantrang gugup pikeun maranehanana mah.
Ti kaanggangan mula, maranehna mah apal pisan dina nangtoskeun sato naon nu
keurna diburu, ieu pisan pibekeleun taki-taki dina nungkulkeun eta sato
buruan, malihan mah tarung sareng sato leuweung nu galak teh jadi tongtonan
rerencangan sapakumbuhannana ti luhur tatangkalan.
--------------------
Hanca!!

-pun adi-
*********************************************

On 12/16/05, nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> lah kang maman teu kaharti ning sunda buhun teh, tarabaskeun lah ku basa
> loma ameh ambu ngartos cing..., pedah pun anak maca naon hartina ambu cenah
> seratan ti gan maman..... leng si ambu ngahuleng.
>
>   baktos
>   ambunenny
>
> Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Sunda Buhun*)
>
> Dina Paririmbon Bayah aya babad kieu :
>
> Pamarentah Rum ngiangkeun abrulan jalma pria wanita pibibiteun ka Nusa
> Sawarga, nebak Samudra Kidul.
> Nusa mana-manana nu disebat atanapi nu dimaksad Sawarga teh teu
> diterangkeun, mung cenah para panumpangna di satengahing samudra rea nu
> tipecleng ka laut, sarta saaranjogna ka Swargatantra katarajang sasalad; di
> dieuna aya nu digaksak ku sato galak deuih. Ku bawaning ngaraos palalaur,
> tugenah tur kareueung, sakantunna cenah marulang deui bae; saeutik pisan anu
> tariasa wangsul walagri ka nagarana teh.
> Sadarongkapna parupulih hal kasangsaraan kabalangsakannana di jalan;
> dicarioskeun yen tutuwuhan Sawarga seuseueurna jawawut, kunyit sareng
> hanjeli; seueur panyakit rea dedemit.
> Sarupi kahudang panasaran, teu kalis ku palemahan bangun sakitu
> sangar-angkerna, cariosna Rum tatan-tatan pakeun iangan kapindo, ayeuna mah
> iangan anu samakta: Pakuncen Juja-majuja disarengan ku resi Armaga sareng
> dua ajar Weda, katut saurang deui senapati ti Babil, ieu limaan cenah
> ngokojoan abrulan ageung kinten dua rewu kuren jalma, ngaleut ngeungkeuy
> ngabandaleut angkleung-angkleungan dina sabaraha parahu tohaga.
> Leresan Lengkapura mepekkeun pibekeleun, malah ti dieuna diwuwuh aya
> samentawis parahu ngariring; mutuh matak reugreug ka sarerea. Bral balayar
> nuluykeun lalampahan; ayeuna mah ngalangkung Nusa Lamuri (manawi P.Weayeuna) 
> malapay basisir-wetan Samudra (Sumatra), narutus ngajugjug pupucuk
> kidul (Gupitan Sunda?).
> Saaranjogna sidik kataringali jabining kalapa sareng korma teh (ieu
> maksadna manawi tangkal bangsaning jambe-kawung-bogor) jawawut tea tembong
> tingjalembrung, malah rombongan Lengkapura mah nyebatna cekap ku jawa bae.
> Sateuacan bebetah bebenah, para nujumna maretakeun heula sarat palakiah ku
> mendeman rupi-rupi tumbal katut panyinglar gogoda rancana, dina
> tegalan-tegalan sareng papasir.
> Ti katebihan katon G.Batuwara, mutuh matak waas, haseupna nyerebung nutug
> reueuk.
> Teu acan pisan reres nu metakeun pependeman...na ana beledug teh
> G.Batuwarna bitu! ... Mahalana anu sanes lumayan: tina kawit etang ewon,
> semah teh taya wartosna deui saurang-urang acan. Riwayatna seret dieu jep
> jempe teu ngajanggari... Wungkul kocap gupitan tambah lega, jojontor
> Tulangbawang mondokan teu nyohnyor teuing ka dinya. Panaitan lesot ti
> bobojong Wahanten. Dupi Batuwara tadi bencar beulah tilu; dina pancahan nu
> pangageungna parantos clo deui pasir anu nungtut lain wuwuh luhur.
> Iangan ti dayeuh Rum anu nema, teu aya kacatur deui.
> Babad-sempalan Timur ieu anu kaya kalampud ku kawinduan, supaan ku
> pajamanan, cenah pareng kacatet ku Mpu Gandra, anu nungturun ngambah Catur
> Akswara (opat basa katut aksara?), anu ku jarambahna ahli carita cenah deui,
> ku angkeuhan mambrih resmi malar dipiloma, kawit carios sasaka, diraeh geseh
> sapalih, anu wuwuh lamu wuwuh menclog ti asal, pamugasan ngajadi dongeng
> sesemben.
> Sunda Purwa ("purwa" di dieu ku sim kuring dihartoskeun: wetan) kocap jadi
> pamuhitan onom; dupi Sunda Wahanten dumadi lemah ancik-ancikan: Medanggili;
> pribumi basisirna ieu kungsi taker getih nyekel cangcut bilang tatu sareng
> "bajo-bajo" Lengkapura anu pedah pangna bangsana kapungkur teu aya warangsul
> deui teh samarukna digempur ku ieu pribumi; nanging pancalongok anu kasoran
> jurit, diangseg ti basisir ka tengah laut, dihujanan ku batu sareukeut
> sareng "lembing awi runcing".
> Riwayatna deui: Maharaja Tiongkok teureuh Hia, ngaraos sugema manah, reh
> hasil maksadna ngamilik cula badak bule ti: Medanggili Kidul.
> Urang Medanggili ieu moal boa pribumina iseli, sarta tiasa jadi rundayan
> Jenggi Kidul (Ustrali) anu wartosna kungsi aya sabubuhan bubuara di
> Cilauteureun; diwuwuh ku wawaran ti Sam Pan Mang Wang Maharaja tadi:
> pakulitannana semu hideung, pangawakan rata-rata seseg weweg semu mungkuk,
> panonna henteu saripit, ngomong teu ngebrehkeun teuing huntu cara maranehna.
> Jamanna sanggem paririmbon tadi, sinebat jaman Kukila (manuk), alatan
> rebut hirupna manusa sapanjang basisir lir paksi: anu bedas atanapi pelit,
> eta anu untung.
> Pangeusi Medanggili buhun kawartoskeun teu acan tarerang kana miruha,
> nanging tangtos teu bireuk kana seuneu kana haseup, kana lebu silalatu, nu
> asal tina kahuruan dilantarankeun ku gelap atanapi halodo banget; tacan
> tarerang di reuma di jami, kana huma serang kana pare, nanging langkung ti
> wawuh kana jawawut; teu garaduheun sesembahan, nanging "harideng" yen aya nu
> kawasa ngayakeun hujan.
> Hirupna teu netep; ana ngiuhan atanapi marondok cekap ku dina legon-legon
> anu nyangkeredong sakasampeurna; kaanginan teu dihiding, mung dina usum
> ngijih awak barudakna anu halengker dibalur ku taneuh porang, malar teu
> tiriseun teuing.
> Pakasaban anu jadi babakuna: buburu, ngala lauk sareng ngempelkeun
> bubuahan (wanitana: ngurus orok, ngempelkeun beubeutian sareng bongborosan).
> Parabot atanapi pakakas: Hinis, babaliungan (bangsaning toe laut anu
> pohara sareukeutna), panggerus (batu anu lumayan pisan), sareng huntu gelap,
> nyaeta batu walungan anu semu ngabangun patik (digunakeun kampak leungeun,
> teu digagangan) kenging sapalihna nyeuseukeut ku disompal-sompal ku batu
> deui.
> Pakarangna: batu caleper nu sakinten sareukeut lalancip pamaledog,
> popotongan kai kenging ngahaja milihan nu barengkok baringkeng (tarabah
> kacida malengpengkeunnana), tulang pingping banteng (keur paneunggeul
> atanapi panggitik), kitu deui sumpit (ieu pakarang anu baku) sareng tumbak
> awi (lalancipna sakapeung diterapan pamatil atanapi cucuk buntut lauk gede;
> upami teu kitu dipeurahan ku wisa oray taneuh= oray lemah).
> Musuh maranehna sadidinten nyaeta sato galak; jadi geus mudu tansah
> caringcing bae; nanging hirup kieu teh tangtosna tutur; mung ku margi kitu
> rata-rata kaum priana gorejag tarangginas, anggahotana sasat kalatih unggal
> dinten, lumpat tararik, naekna kakalacatan, luncat tina dahan ieu cat kana
> dahan itu, sarta tarabah ngalempagkeun tumbak awi. Jabi ti eta tariasa
> lumpat mapay tapak lacak musuh atanapi sato leuweung, sareng laludeungan ku
> pulus ku cucuk, ku seungseureudan.
> Maranehna negetan pisan apes-apesna sato galak, sarta pantrang gugup. Ti
> kaanggangan keneh ieu katangen ambeuna, rajeun tiasa nangtoskeun sato naon
> anu pingaraheun pati, jadi tariasa taki-taki ti anggalna; malah cenah anu
> tareuneung mah tarung sareng sato galak teh jadi tongtonan kanca
> sapakumbuhannana tina luhur kai. (Roesjan)
>
>
> Dicutat tina majalah Budaya No 3 (taya tanggalna. Tapi, mun ningali salah
> sawios seratan nu aya dina eta majalah, ieu majalah teh terbit taun 1953),
> kedahna kaca 21 (majalah Budaya edisi eta teu dikacaan!). Aslina ditulis
> dina ejaan Suwandi atanapi Ejaan Lama. Iwal ti nami nu nyeratna (Tubagus
> Roesjan, karyawan Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PP&K) nu tetep
> dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakannana diganti ku hurup EYD. Hurup-hurup nu
> dikandelan, dina artikel aslina dicitak ku hurup badag (kapital). Diganti
> malah mandar teu sareukseuk katingalna.
>
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Shopping
> Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


--
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke