Teh Ika, sakaterang sim kuring nu korupsi di pausahaan dagang VOC teh sanes urang pribumi, tapi urang Walandana nyalira. Janten ceuk si kuring mah teu aya hubungan langsung antara VOC (nu padamelna sadayana urang Walanda) jeung urang pribumi. Naha ari jaman harita (abad 17 & 18) kaum pribumi korupsi? ceuk kuring mah ti palebah mana urang ningalina. Keur ukuran jaman ayeuna leres maranehna korupsi tapi keur ukuran jaman harita mah kuring yakin para dalem jeung pangawasa nu sejen ngartieun oge henteu naon nu disebut korupsi teh. Dalem di jaman harita, mangrupakeun raja leutik nu maha kawasa. Rahayat teh "milik" maranehna jeung rahayatna oge narima. Nu pangheulana ribut soal urang pribumi korupsi, sanes bangsa Urang, tapi Douwes Dekker (DD) alias Multatuli urang Walanda nu jadi asisten residen di Lebak. Manehna ningali Bupati Lebak korupsi jeung neken rakyatna sabab DD mamawa "ukuran" moral ti nagarana. DD ngadukeun kalakuan bupati lebak ka atasanana, tapi para atasan DD mangmeunangkeun Bupati Lebak, DD dipecat. Para pangawasa Walanda, jigana lain teu terang Bupati Lebak salah (ceuk ukuran Walanda), tapi ......da meureun di dieu mah ilahar we kalakuan kitu teh, lain kalakuan salah jeung gede bahayana lamun nindak sang bupati, sabab engkena bisi barontak.
Walanda di akhir abad 19/ awal abad 20, mimiti nyieun sakola keur urang Pribumi. Urang pribumi mimiti diajar di sakola-sakola "kurikulum walanda". Tah ti mimiti harita bangsa urang terang, naon disebat niley-niley modern teh. Kaasup nu disebut korupsi. Urang pribumi nu sarakola ieu, para putra menak alias padamel walanda da ari cacah mah cukup we sakola tilu taun, asal bisa maca jeung nulis. Nu sarakola make didikan walanda ieu jaranten pagawe deui di kantor-kantor Hindia Walanda. Maranehna jadi pagawe hade jeung jalujur, patuh kana aturan. Sabagian leutik aya nu sarakolana tepi ka luhur, tah .....golongan ieu anu mimiti sadar yen Walanda teh ngajajah. Gerakan kamerdekaan Indonesia modern (sanes nu barontak ukur ngandelkeun kawani wungkul) dimotoran ku jalmi-jalmi nu meunang kasempetan sakola laluhur. Jalmi-jalmi ieu nu nyieun konsep nagara nu aranna Indonesia. Nu matak ku kuring disebut nagara "eksperimen". Sabab baheula mah teu aya nu aranna Indonesia, aya oge Sunda, Jawa, Minang, Papua, Ambon jrrd nu sabenerna acan kacaritakeun kungsi ngahiji dina hiji nagara, paling-paling ge hiji etnis ngawasa etnis lainna, jiga Mataram kungsi ngawasa Priangan. Der Jepang asup, Walanda keok. Jepang kulantaran keur perang, butuh sagala rupa jadi ngagalaksak di lembur urang. Contona urang Jepang ngangkutan rel kareta api da butuh beusina. Bangsa urang, meureun mimitina mah hookeun, sabab jaman walanda mah eta teh kaasup kriminal. Tapi lila-lila mah narurutan, nyarokotan barang milik nagara, ditambah deuih keur jaman Jepang mah apan hirup teh balangsak pisan. Jepang eleh, Indonesia ngamerdekakeun maneh. Walanda nyerebu, situasi jadi teu puguh. Aya nu pro republik , aya nu pro Walanda aya oge anu siger tengah alias plin-plan. Sabagian nu pro walanda atawa siger-tengah nya kaum nu terdidik nu baheulana pagawe Walanda. Orientasi politikna pro Walanda/ plin-plan, tapi maranehna sabenerna mah kaum "profesional" anu terdidik dina ngajalankeun nagara. Rahayat biasa, keur jaman revolusi fisik, asal wani, bisa meunang posisi anu luhur. Film "Nagabonar", salah sahiji conto "ilustrasi" jaman harita. Nagabonar tukang copet di terminal, nu kasumangetan revolusi, akhirna bajuang, tepi ngangkat diri jadi Jenderal!. Tah, Tek Ika terang meureun maksud si Kuring? jadi saatosna walanda ngaku kadaulatan Indonesia, pan peryogi padaamel keur ngajalankeun nagara. Tah padamel-padamel ieu, aya sabagian leutik anu terang aturan kumaha ngajalankeun nagara "modern", tapi sabagian mah, nyakitu tea, "dikarbit" ku jaman revolusi. Teu terang mana nu bener jeung mana nu salah, lir ibarat para dalem jaman kapungkur, anu teu terang naon ari "korupsi" teh. Sabagian "profesional" nu dianggap pro Walanda teu dianggo, diganti kunu pro Republik, tapi masalahna nu pro republik teh kualifikasina jauh pisan. Teh Ika tiasa ningali artikelna Pak Ayip Rosyidi dina PR waktos polemik sareng Bu Nina Lubis. Pa Ayip Rosyidi nyarioskeun, seueur urang Sunda "profesional" nu diturunkeun pangkatna/ dieureunkeun, kulantaran dianggap pro nagara Federal/ walanda, teu ngiring ka Yogya. Nu ngagantina jalmi ti Yogya ( kalebet urang Sunda nu ngiring ka Yogya) anu dina kaahlian mah teu aya nanaonan! Kapanjangan ....yeuh. Janten ceuk kuring mah kunaon korupsi mahabu di Indonesia, salah sawios faktor-faktorna nyaeta : 1. Niley yen korupsi (+ Kolusi, Nepotisme) "salah/ ngalanggar hukum", sabenerna "barang anyar" keur bangsa urang mah. 2. Korupsi mimiti loba, ti mimiti jaman Jepang 3. Akibat Revolusi Fisik, status sosial dibalik, etika jeung niley jadi robah. 4. Kaayaan politik sanggeus revolusi, kaasup nasionalisasi pausahaan2 Walanda dijieun BUMN. Pausahaan2 walanda nu di nasionalisasi umumna "dibikeun" ka nu baheula boga jasa dina revolusi fisik. Akibat naon? ........hehehehe tepi ka ayeuna salah sahiji penyelewengan gede teh di BUMN-BUMN. 5. ..................( mangga we tambihan ku langkung terang) Tos ah, ngacaprukna ..................... kuring oge ukur ceuk ............cenah! Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: ika mardiah To: [email protected] Sent: Sunday, December 18, 2005 12:16 PM Subject: [Urang Sunda] negara eksperimen Numutkeun sejarawan UI, Ong Hok Kam (punten upami lepat nyerat), kabiasaan korupsi di Indonesia, warisan ti Mataram diteraskeun ku VOC (dugi ka bangkrutna) oge ku para penguasa Walanda saatos VOC bubar. Jadi tradisi Mataram kuat pisan di tanah Jawa oge Indonesia. Janten sanes kulantaran revolusi. Da dina revolusi oge rakyat mah angger jadi korban, nu kawasa angger para manten ambtenar. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
