Assalaamu'alaikum!

Baraya, sakumaha anu parantos diiberkeun ku Kang Rahmat UI, poe ieu aya deui
Riungan SIMPAY. Anu jadi panyaturna teh urang Jepang, Masashi Furihta ti
Universitas Studi Asing Tokyo (tokyo University of Foreign Studies, TUFS).
Di TUFS, anjeunna teh tadina ngulik basa Indonesia, tapi taun 1991 kalah
lulus program S1 kalawan skripsi ngeunaan basa Sunda: "Suatu Tinjauan
tentang Oposisi Aktif dan Pasif dalam Bahasa Sunda." Oge tilu taun ti
harita, di TUFS keneh, lulus program S2 kalawan tesis "Partikel mah
dan tehdalam Bahasa Sunda." Kiwari anjeunna ngajar basa Sunda &
Indonesia di TUFS,
malah ti April 2005 mah geus boga kalungguhan Associate Professor di TUFS,
padahal umurna teh masih "kepala 3" (mun teu salah).

Aya sababaraha hal nu matak ngirut anjeunna perkara basa Sunda:
- undak-usuk basa (Priangan), mirip jeung kasus dina basa Jepang. Anjeunna
maparin gambaran umum ngeunaan kamiripan undak-usuk nu aya dina basa Sunda
(Priangan) jeung basa Jepang. Aya kasar, sedeng, lemes, kecap keur sorangan
(neda, mios), kecap keur batur (tuang, angkat). Horeng sarua deuih, antara
di urang jeung di Jepang, yen loba nu sok ngalarapkeun kecap keur batur ka
sorangan (abdi tuang). Duka alatan teu apal duka naon, da cenah hese lebah
dinya teh.
- partikel mah jeung teh, aya nu ngaharib2 ka dinya oge dina basa Jepang.
Mangga emutan, di mana saderek sok ngalarapkeun mah, di mana sok
ngalarapkeun teh? Mah jeung teh teh mangrupakeun kecap panganteb nu najan
sajajar, kadang bisa substitutif,  tapi kadang oge aya dina posisi anu
papalingpang (dina larapan sakalimah, saur Mang Ayat).
- ciri akustik vokal (ngabedakeun "e" pepet jeung "eu" teuleung),
kaistimewaan sora pepet ti genep vokal lianna. Ieu mangrupakeun kaistimewaan
basa Sunda, da di Jepang mah ukur aya lima vokal: a-i-u-e-o. Ku Kang Masashi
dicoba dipetakeun dina grafik frekuensi, memang eta sora "e" pepet jeung
"eu" mibanda ruang frekuensi nu beda. Dibandingkeun antara lalaki jeung
awewe, nya grafikna mah sacara umum sarua.

Naon deui nya tadi teh... sakitu we heula nu kaemut mah...

Nyungkeun deudeul du'a rehna Mang Ayat nuju teu damang, urang du'akeun
mudah2an Gusti Alloh SWT enggal2 ngajait anjeunna tina kasakit, dijagjagkeun
deui sakumaha bihara-bihari. Aamiin.


Wassalaam,

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke