Ari kahayang mah nyebut penting, tapi... penting jeung henteu, sigana mah
kudu ditempo ti jihat mana heula...

Pikeun kaperluan gawe jaman kiwari, sigana mah basa Sunda teh teu penting,
da ku basa Indonesia ge geus cukup, malah nu dipikabutuh teh kabisa nyarita
basa Inggris. Can kungsi manggih lowongan nu nyaratkeun kudu bisa basa
Sunda. Pagawe2 (publik utamana, pulisi, jsb) ti wewengkon luar ge mun
ditugaskeun di Tatar Sunda sigana teu ngarasa perlu diajar basa Sunda. Cukup
ku basa Indonesia.

Pikeun kaperluan campur gaul di jaman kiwari, basa Sunda sigana kasilih oge
ku basa Indonesia & basa deungeun. Coba we, mun urang ceting atawa
blog-blogan make basa Indonesia & Inggris, pasti "wilayah operasina" bisa
nepi ka sakuliah dunya, sahanteuna sanusantara. Bandingkeun jeung mun make
basa Sunda, nu maca teh ampir pasti ukur urang Sunda.

Pikeun urang Sunda sorangan, ceuk kuring mah basa Sunda teh penting pikeun
mulasara budaya Sunda, sabab basa Sunda teh mangrupakeun "panganteur" kana
kabudayaan Sunda. Iwal mun urang geus hayang ninggalkeun sagala hal ngeunaan
Sunda, urang tetep perlu ku basa Sunda. Komo deuih sababaraha wanci ka
tukang geus "dipatwakeun" ku Ajengan Bunbun ti Singaparna yen nyarita &
ngamumule basa Sunda teh hukumna SUNNAH, sarua jeung SUNNAHna urang Arab
miara janggot! Hehe...

isk

On 12/20/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>   Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh
> penting atawa henteu?"
>
>   Ceuk itungan upama urang apal kana penting henteuna basa Sunda,
> urang  baris boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek dimumule,
> urang  boga alesan nu kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa Sunda teh
> rek  ditinggalkeun wae, moal ngarasa dosa teuing. Hehehe


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke