Baraya,
Pikeun ngalengkepan wacana dina ieu jejer, ieu aya artikel kenging nyutat
tina Mangle:
Partey Lokal
Kapungkur di tatar Sunda aya partey lokal, upamina wae, partey Gerakan
Pilihan Sunda (Gerpis), atuh di Sumatera Timur, aya partey Gerakan Rakyat
Simalungun Sumatera Timur (GRSST). Tetela dina Pemilu 1955 partey lokal henteu
sukses, angger wae masarakat langkung cop milih partey nasional sapertos PNI,
Masyumi, PKI atanapi Parkindo. Ayeuna muncul deui karep hoyong ngadegkeun
partey lokal. Upamina wae di kalangan aktipis kasundaan, timbul sora-sora nu
miharep ngadegna partey lokal. Alesanana, ku ayana partey lokal aspirasi
daerah bakal langkung kapalire. Saurna, salami ngandelkeun partey nasional
mah, duka iraha aspirasi daerah teh bakal kaperhatoskeunana. Atuh nu langkung
harus mah sora GAM nu ngadamel pasaratan, heug GAM moal perang deui sareng TNI
tapi karep ngadegkeun partey lokal di Aceh kedah disaluyuan.
Dina nota kesepahaman kamari ieu di Helsinki, karep GAM ngadegkeun partey
lokal teh parantos disaluyuan. Engke taun 2006 karep bieu teh tiasa katedunan
sabada UU nu ngaturna disusun.
Kumargi nu meredih partey lokal teh GAM tangtos wae pameredih kitu teh
matak hariwang. Boa-boa saukur tipu muslihat wungkul pikeun ngamerdekakeun
Aceh, leupas ti NKRI. Saur babasan mah, "Sekali lancung keujian, selama hidup
tak percaya". Atuda tadina oge apan GAM mah parantos baruntak, makar ka
nagara, kukituna ka dituna oge moal bina ti kitu. Cobi, upami partey lokal di
Aceh ngawasa DPRD panginten saukur salengkah deui kana ngahontal kamerdekaan
teh. Kukituna, teu heran saupami seueur nu hariwang boa-boa partey lokal teh
bakal
dianggo sarana kanggo ngahurungkeun sentimen kadaerahan, nu risiko
pangageungna: ngadegkeun nagara sorangan.
Para mitra,
Naha memang leres peryogi ngadegkeun partey lokal teh? Naha teu langkung sae
ngahirupkeun partey ayeuna nu parantos aya wae, kantun ngahirupkeun Dewan
Perwakilan Wilayah (DPW) sareng Dewan Perwakilan Cabang (DPC) dugi ka Dewan
Perwakilan Ranting?
Naha leres partey lokal teh ageung bahlana, tiasa dianggo kuda tunggangan
kanggo meredih kamerdekaan? Hartosna partey lokal teh tiasa nyuburkeun
separatisme?
Salajengna, kumaha carana GAM henteu ngamangpaatkeun partey lokal engke di
Aceh?
Namung lian ti hal-hal nu matak hariwang kitu, naon positipna upami di saban
daerah engke ngadeg partey lokal? Bakal nyuburkeun separatisme atanapi malahan
bakal nguatkeun bangsa urang?
Tah, miang tina rupi-rupi kapanasaran kitu, MANGLE nomer ayeuna ngangkat isu
partey lokal. Sababaraha sumber diwawancara, diantawisna Drs. Setia Permana nu
kalebet kagungan cita-cita ngarintis munculna partey lokal di tatar Sunda.
Kitu deui Kang Tjetje Hidajat Padmadinata nu kantos ngalaman aub kana partey
lokal Gerpis taun 5Oan. Para mitra tiasa maos hal bieu dina rubrik Susul
Tepus.*** [MANGLE 2032]
nKarno Kartadibrata
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan Kang Maman,
Kang MH, nuhun aha... dipangmeuntaskeun ieu warta. Resep oge nya, diskusi
anatar kalurahan teh he he he.
Kang Man, tepang deui. Nuhun waleranana...
Rek ngaceleng deui kana basa panengah. Ambeh teu pasesedek make undak usuk
nya?
Puguh, geus rada lila kuring mostingkeun eta dongeng teh. Tapi teu nyanggut...
taya nu mairan. Sababara peo katukang kabeneran ngobrol OL
jeung Kang MH... terus kasabit2 sual politik tea. Dipajukeun deui weh!
Sigana mah enya kudu kitu Kang. Urang Sunda kudu ancrub kana politik... tapi
ulah maen biola kadua... kudu biola kahiji!
Sigana mah strategis pisan jeung geus waktuna lamun urang Sunda boga
platform politik anu mandiri. Tujuannana nya merjuangkeun karaharjaan
masyarakat urang sorangan. Ngandelkeun batur mah moal eucreug!
Ngaliwatan ieu partey.. ideal urang (bangsa Sunda) paling henteu bisa
dikamalirkeun! Ningali situasi ayeuna... pan teu boga kamalir lin? Pan lamun
geus aya pertey mah, kapentingan urang kudu bisa didedetkeun (langsung-teu
langsung) kana sistem pangwangunan Tatar Sunda!
Sabenerna mah kuring kurang ngarti kana istilah EGALITER tea. Palebah mana
urang Sunda egaliter na teh? Apan sakitu patriarkal na?
Urang tong boga pikiran utopis rek ngahijikeun US ngadukung partey Sunda! Da
moal bisa! Malah mah aya alusna lamun urang Sunda teu ngan ngadukung hiji
partey...
Tah lebah dieu rada pincang teh. Ari partey sejen na geus pabalatak, tapi
partey Sunda can katingali akar2na acan?
Saran ti kuring. Ka sakumna generasi ngora anu boga katineung kana budaya
jeung kama'muran bangsa Sunda. Geuwat geura nyieun partey... Da mun teu
ngaliwatan politik mah, rek ngaliwatan jalan naon atuh... urang rek ngasupkeun
agenda kasundaan teh?
Prung ah... meungpeung can elat pisan!
Hanjakal... kuring mah moal bisa ancrub langsung dina politik praktis...
Jarak na gede teuing he he he. Tapi, kuring sadia ngabantu leuleutikan dina
widang sejen na. Wah... GR ni yéé... ;))
Baktos,
Rahman
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---------------------------------
Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays,
whatever.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/