Asslm wr wb,
Kang Oman, bade tumaros abdi kang, leresannana desa lumbung teh ka arah
mana (Ka arah Banjar atanapi arah ka Kawali) upami ti (Simpang Ciamis),
hatur nuhun kang

Baraya ti Tasik
BC

-----Original Message-----
From: oman abdurahman [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Sunday, January 01, 2006 2:08 PM
To: [email protected]
Cc: [email protected]; [email protected];
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]
Subject: [kisunda] Pabukon Pasaka - Seda Sakti di Lumbung, Ciamis

Haturan baraya sadaya,

Seja ngalaporkeun kamekaran pabukon (perpustakaan desa) Simpay Katresna
-
YP-KUSnet (Pasaka). Sakumaha geus diiberkeun ku MJ, program pabukon anu
anyar teh rek dibuka di Ciamis, di desa si kuring jeung di sababaraha
tempat
sejenna anu diluluguan Kang Sonny jeung Kang Runa.  Kurang leuwih
saminggu
ka tukang, MJ nga-sms ngawartosan yen buku keur muka pabukon di Ciamis
tos
siap, kantun nyandak. Nya jangjian jeung MJ poe Kemis, 29 Desember 2005
buku
teh sangkan di kakantorkeun sabab dina poe eta ba'da lohor si kuring
ngarencanakeun ka Ciamis, acara maneuh ngalongok pun biang, sakalian
mawa
buku keur pabukon tea.

Alhamdulillah, rarancang muka pabukon di Ciamis teh teh lumangsung
sakumaha
anu dirarancang. Poe Kemis tea, tengah poe MJ ka kantor, malah harita
buku
dititipkeun di frontoffice kantor jalaran sim kuring keur ka luar
kantor.
Atuh pasosorena si kuring jadi miang ka Ciamis bari mawa buku titipan ti
MJ
tea. Isukna, poe juma'ah, ba'da juma'ah si kuring geus ngaresmikeun
pabukon
di desa Lumbung, Kacamatan Lumbung, Kabupaten Ciamis.

Pabukon anu diadegkeun di Lumbung teh diaranan "Pasaka Sedasakti".
Ngaran
Pasaka sakumaha usulan ti YP-KUSnet anu minangka singgetan tina "Pabukon
Simpay Katresna". Anapon "Seda Sakti" eta ngaran PKBM (Pusat Kagiatan
Belajar Masyarakat) di Desa Lumbung. Ngahaja, keur sawatara waktu mah
pabukon di Lumbung teh dikantetkeun (gawe bareng) ka PKBM anu aya di
desa
eta kulantaran sababaraha timbangan: lokasi tos sayogi, aya anu
ngokolakeunana, oge sami2 lsm.

Pangurus PKBM Sedak Sakti, anu diwakilan ku Kang Ono, babaturan ti keur
leutik keneh, nepi ka sababaraha kali nganuhunkeun ka YP-KUSnet anu
parantos
kersa muka pabukon di Lumbung. Atuh pamugi wae kapayun ti KUSnet aya
lajuningkalu kanggo kerjasama sareng PKBM dina raraga ngalaksanakeun
garapan
sanesna, kayaning: PAUD (pendidikan usia dini), KF (Kegiatan
Fungsional),
Life Skill, Pusat Informasi Desa, jrrd.  Sugan wae YP, BMRC atawa
lembaga-lembaga sanesna anu lahir tina rahim KUSnet tiasa neraskeun
kagiatan-kagiatan sanesna ieu.

Rupina sakitu wae heula laporan pabukon anu nembe dibuka di Desa
Lumbung,
Kec. Lumbung, Kab. Ciamis. Anapon lokasi Desa Lumbun teh ti Kota Ciamis
ka
jihat Cirebon, terus ka jihat Panjalu kl 25 km; pernahna pisan antara
Kawali
- Panjalu. Mangga ieu alamat kontak Pasaka Seda Sakti Lumbung: Ono
Fudholi,
Spd, HP: 081322176864; Tlpn: 0265791440 atawa kontak ka si kuring oge
tangtu
diwalonan.

Cag.
baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links



 



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke