Baraya sadaya,
Kahaturkeun dongeng ngeunaan yayasan, yayasan saha wae jeung iraha wae.
Hapunten bilih kapanjangan teuing, Insya Alloh ditepikeun dina dua bagian
tulisan.
- Bubuka
Cenah kagiatan pangwangunan ka hareup baris leuwih rame ngamalir ka daerah,
khususnya padesaan. Ceuk beja ti anu nyepeng kalungguhan di Pamarentahan,
salian ti ngabring ka padesaan, kagiatan pangwangunan (basa populerna mah :
proyek) baris leuwih merhatikeun icikibungna masyarakat - basa "keren"-na
mah anu disebut community-based development tea- sangkan sakabeh golongan
masyarakat leuwih karaeh ku pangwangunan. Dina lebah dieu, pancen organisasi
kamasyarakatan (LSM, Yayasan) baris leuwih dipiharep jadi mitra pamarentah.
Upamana wae, dina widang atikan, milyaran dana geus diancokeun dina rencana
mateakeun PKBM (Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat), ngaliwatan kementrian
anu pakait (Depdikbud, Kementrian Pamuda jeung Olah Raga, jst. Keur catetan
saterusna: badan hukum PKBM teh kudu LSM atawa yayasan, hartina, PKBM lain
sahandapeun Depdiknas, tapi dirojong jeung dibiayaan ku Pamarentah). Karana
sakitu, kaharti upama akhir-akhir ieu di pakotaan jeung daerah-daerah
(kabupaten) dug-deg nyarieun LSM atawa yayasan tea.
Jawa Barat sigana kaasup propinsi anu panglobana boga LSM atawa yayasan.
Munasabah kituna mah, bubuhan Jabar teh pangdeketna ka ibu kota, ka sumber
informasi tea (ajen informasi keur LSM mah kacida luhurna, utamana informasi
ngeunaan sumber dana hiji kagiatan). Diantara kabupaten-kabupaten di Jawa
Barat, cenah Garut kaasup kabupaten anu pang pinuhna ku LSM. "LSM atawa
yayasan di Garut geus nerekab nepi ka tingkat kota kacamatan", kitu ceuk MH
dina hiji kasempeta ngobrol. Waktu kuring kaparengkeun ngawangkong jeung
sababaraha pamuda tokoh NU, pamendak MH teh dihaminan. "Leres Kang, malah
bakat ku loba-lobana LSM di Garut, nepi ka aya LSM anu siga bingungeun ku
ngaran, eta wae ngaran eta LSM teh nepi ka make ngaran "DABORIBO", ceuk Kang
Subhan salah saurang tokoh pamuda NU di Garut. Waktu si kuring nanya, naon
hartina eta ngaran "Daboribo", anjeunna ngawalonan daria: Ribut Boleh, Damai
Boleh". Beu....kacida....
Baraya, naha gampang ari nyieun LSM/yayasan? Naha iraha wae jeung kumaha wae
carana LSM/Yayasan teh bisa diadegkeun kusaha wae jeung dimana wae? Naha ari
LSM/yayasan bisa kitu wae nepi ka "riributan jeung sauyunan" bisa dihijikeun
jadi programna? Meunang sababaraha poe mah sorangan huleng jentul wae
mikiran hal ieu. Ras inget kana yayasan anu baheula kungsi diadegkeun tapi
teu jalan. Kolebat deui ngalangkan kumaha hiji yayasan anu gede nepi ka bisa
parasea, malah lian ti parasea teh salah saurang anu kaasup rengrengan anu
ngadegkeun nepi ka didupak ti yayasanna. Kolenyay deui inget, di Bandung aya
hiji badan organisasi anu sanajan ngaranna yayasan, tapi kauntungan usahana
tina widang kasehatan (ngajalankeun rumah sakit/RS) sakitu mucekilna, malah
wangunan RS-na oge kawilang pangmenterengna sa-Bandung, atuh kelasna jauh
saluhureun RS resmi bogana Pamarentah. Ningali yayasan anu bieu disebut
pangtung mah les wae kakubur kalangkan Daboribo teh, kaselang ku kayakinan
yen "usaha" ngaliwatan yayasan ge mere lolongkrang anu gede nakeranan.
Pipikiran jadi pinuh ku pananya, diantarana: "Kumaha tarekahna sangkan hiji
yayasan bisa maju siga yayasan bogana RS Bromeus di Bandung?
- Kang Endang, sarjana pertanian anu karirna di LSM
Bungah kacida, waktu si kuring papanggih jeung ki adi (nyebut adi soteh
dumeh umur anjeunna sahandapeun umur sorangan), Kang Endang (nyebut "Kang"
dumeh "Kang" teh calukan anu umum keur lalaki ti/di Sunda). Anjeunna teh
sarua ti Lumbung, laer-laer oge masih dulur asana mah. Keur sono
ngawangkong, kusabab geus lila teu panggih, anjeunna siga anu kapancing ku
wangkongan, ngadon der nerangkeun lalakon dirina bisa jadi direktur hiji LSM
anu kwilang maju di Kota Bogor, malah geus meunang pangakuan sagala rupa ti
Pamarentah Kota Bogor (basa kuring mimiti nepungan anjeunna di Bogor malah
langsung diangkir ka bumi juragan Walikota, maturan inyana anu diundang ku
pa Walikota). Kaharti kitu na mah, da ti saprak lulus ti sakola luhurna di
ipb, karir Kang Endang mah nya di LSM. Jadi, kusabab jelema mah kapangaruhan
ku naon anu jadi kameumeut sapopoena, nya wajar wae lamun anjeunna derekdek
ngadongeng ngeunaan prak-prakan nyieun jeung ngagedekeun LSM. Tina obrolan
kanyahoan yen anjeunna ayeuna aktif mimpin leuwih ti 4 yayasan/LSM anu
sadayana lumayan, bisa hirup kalawan mandiri.
"Kang, kahirupan organisasi, boh di pamarentahan, swasta atawa LSM, dina
sababaraha hal mah teu beda jeung kahirupan manusa", ceuk Kang Endang muka
carita. "Maksud kuring, LSM oge sarua kudu nyorang mangsa lahir, mangsa
budak, tumuwuh dewasa, mekar dina kadewasaanana jeung mangsa kolot", ceuk
anjeunna neruskeun. Laju derekdek wae anjeunna ngadadarkeun kumaha
ciri-cirina unggal mangsa anu baris/kudu disorang ku hiji organisasi,
utamana LSM, jeung naon wae garapan atawa kagiatan anu luyu dina unggal eta
mangsa. Naon rupa anu didadarkeun ku anjeunna ngeunaan lalakon nyieun jeung
ngadekeun yayasan rek dicaritakeun deui dihandap ieu ku basa kuring
sorangan, sugan pareng tepi anu maksudna.
- Yayasan teh badan bogana masyarakat
Anu mimiti kudu dipikawanoh ku saha wae anu rek nyieun yayasan taya lian ti
yen ari yayasan teh sajatina eta lembaga bogana masyarakat. Hartina, anu
ngadekeun jeung icikibung di yayasan teh anggota masyarakat. Pangurus mah
ukur ngawakilan masyarakat anu percaya ka eta yayasan pikeun ngokolakeun
program-program anu luyu jeung visi misi yayasan (tangtuna oge masyarakat
geus satuju malah ngarojong kana visi jeung misi eta yayasan). Kukituna,
sing saha wae meunang jeung bisa ngadegkeun yayasan, asal nyumponan
syarat-sayaratna. Anu jadi syarat teh nyaeta: aya ngaran yayasan, aya
alamatna (alamat tempat kadudukan), aya pendiri, pembina, pengurus jeung
pengawas, aya maksud, tujuan jeung kagiatan yayasan, kalawan sakabehna
disahkeun ku notaris.
Kusabab yayasan teh hakekatna ma bogana masyarakat, mangka kaharti lamun UU
ngeunaan yayasan geus nangtukeun dimana/dina hal naon wae tempat icikibungna
yayasan. Tangtu wae, yayasan mah teu meunang usaha komersial sakumaha
perseroan terbatas (pt) atawa badan usaha swasta sejenna. Oge yayasan lain
pamarentah anu teu kauger ku tetekbengek katangtuan jeung adimistrasi
pamarentah. Garapan-garapan anu luyu jeung yayasan tangtu wae sarupaning
urusan sosial kayaning: kasehatan (nepi ka bisa nyieun rumah sakit), atikan
(nepi ka bisa nyieun paguron luhur), kabudayaan, lingkungan, jeung kagiatan
sejenna. Upama yayasan teu meunang usaha siga swasta, timbul patarosan: ti
mana atuh modal jeung dana keur kagiatan yayasan? Dina lebah dieu, Kang
Endang maparinan gambaran anu cukup jelas dina jejer "dua leungeun yayasan".
- Dua leungeun yayasan
Yayasan teh salawasna kudu boga dua leungeun lamun hayang nepi ka tungtung
lalampahanana boga kagiatan samodel RS, paguron luhur, jsb, anu kacida
karasa manfaatna ku masyarakat. Leungeun anu dua teh leungeun katuhu anu
ngarupakeun lambang tina bakti sosial yayasan ka masyarakat, jeung leungeun
kenca anu mangrupa usaha-usaha yayasan anu ngadatangkeun kauntungan (profit)
salila dimeunangkeun ku aturan ngeunaan yayasan. Yayasan anu hade, anu hirup
tur maju salawasna boga ieu dua leungeun, bari jeung leungeun katuhuna
salawasna leuwih gede/panjang tinimbang leungeun kencana dina kaayaan dua
leungeun teh salawasna tumuwuh. Maksudna, yayasan anu alus mah salawasna
boga bakti sosial (leungeun katuhu) jeung boga usaha pikeun ngadanaan eta
bakti sosial (leungeun kenca) bari jeung (salawasna oge) bakti sosialna
leuwih gede (leuwih punjul kualitasna) tinimbang usahana, dina kaayaan
duanana (boh sosialna, atawa usah profitna) salawasna ngaronjat (katerangan
ieu ngebrehkeun ayana sumber "penghasilan" sejen ti yayasan salian ti usaha
profit anu tumuwuh kulantaran yayasana oge tumuwuh).
Tah, "tarung" antara dua leungeun ieu baris nangtukeun watek atawa
"kapribadian" yayasan. Upama ukur leungeun katuhuna anu hirup, mangka bisa
dipastikeun kana moal lila umur eta yayasan teh. Atawa, dina lilana oge umur
hirupna, kaayaaanana teh kaasup kana babasan: "hirup teu neut, paeh teu hos"
tea. Upama ukur leungeujn katuhu anu hirup, mangka ieu yayasan jadi
lolondokan: enya ngaranna mah yayasan, tapi enas-enasna mah sarua wae jeung
pausahaan swasta. Kusabab kitu, jenis yayasan anu kadua ieu sabenerna mah
geus ngabohong atawa akon-akon. Badan hukum yayasan ukur jadi baju keur
nyumputkeun watek dasarna anu teu beda ti pausahaan. Keur ngagambarkeun
leuwih jauh ngeunaan jenis-jenis kahirupan yayasan, babasan ti ahli
perkoperasian luyu oge dilarapkeun ka yayasan. Kukituna, sakumaha dina badan
usaha koperasi, dina yayasan oge aya 3 karakter: yayasan padati, yayasan
japati, jeung yayasan sajati. naon bedana 3 diantara eta 3 jenis yayasan
teh? jeung kumaha carana sangkan hiji yayasan bisa ngahontal darajat yayasan
sajati? Dina pedaran saterusna anu diringkeskeun tina pangalaman
Kang Endang Insya Alloh baris diguar. Ayeuna mah urang pungkas dugi ka dieu
wae heula bisi panjang teuing (padahal mah memang geus panjang, hampura).
Cag heula.
baktos,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/