Kang Maman, eta mah jero teuing kang, minimal tiasa ngucapkeun Ayat Alloh 
kalayan tartil, uninga maknana ti kawit Takbit, Iftitah, Fatihah dugi ka aweh 
salam. Salajengna saparantos faham, cobi dipraktekkeun dina laku urang 
sadidinten, sapertos kieu geura :
   
  1. Dina du'a Iftitah urang teh apan ureng teh janji wireh satemenna Sholat 
urang, Ibadah urang, hirup urang, tug dugi maot urang pisan apan mung kagungan 
Alloh, urang mah ukur mancen tugas salaku Kholifah di dunya, bekelna nyaet 
Al-qur'an sareng sunnah Rosululloh.
   
  2. Atuh sok komo deui geuning dina Alfatihah mah leubeut pisan, urang teh 
kedah gaduh sifat welas asih ka mahkluq-NA, uteuk tongo walang taga omat ulah 
diguna sika sapanjang teu ngabahayakeun jiwa urang, komo deui ka papada manusa. 
Teras upami sadaya puji kagungan Alloh anu murbeng alam, atuh poma ulah 
pupujieun atanapi hoyong kapuji. Salajengna Urang oge kedah yakin kana ayana 
mangsa balitungan di akherat engke. 
   
  Teras deui upami mung ka Alloh urang nyembah kalayan neda pitulung, omat atuh 
ulah gumantung kana dadamelan manten-NA. Upami urang neda dipaparin jalan anu 
lempeng, poma atuh ulah nyorang jalan rembet katut pabeulit, bilih teu dugi ka 
tujuan. 
   
  Jalan kumaha atuh anu diteda ku urang sadaya, nyaeta jalan kani'matan anu 
kantos dipasihkeun ka jalmi-jalmi sateuacan urang gumelar, sanes jalan jalmi 
anu dibendu ku Alloh atanapi jalanna jalmi-jalmi anu salasar.
   
  Pamendak sim kuring mah, ku ngamalkeun makna  Al-Fatihah dina laku sadidinten 
oge, Insya Alloh urang bakal moal tega milampah laku radikal. Mudah-mudahan 
atuh urang sadaya dipaparin pituduh ku Manten-NA kana jalan anu lempeng tea, 
amin.
   
  Punten sim kuring kumawantun, bilih aya basa anu kirang merenah, mugia jembar 
pangapunten, anu lepatna eta ti diri sim kuring, Mugia Alloh ngahapunten. 
   
  Wassalam
   
   
   

Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Enya siganamah, loba maca arab na wungkul, tapi teu
jeung hartina. Mun basa tarekatmah, syareat tapi teu
jeung hakekatna.

--< diteukteuk >--




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke