Mohon maaf bila tidak diIndonesiakan 
)++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
   
  Milis jeung Community Relation
   
  Mun teu salah, jumlah nu make internet di Indonesia teu leuwih ti 3 yuta. 
Jumlah nu samenel dibandingkeun jeung populasi bangsa urang, nu leuwih ti 203 
yuta. Teu nepi ka 2 %-na. Kitu ge, ceuk hiji riset, para netter teh sarupaning 
karyawan nu ngamangpaatkeun fasilitas internet haratis nu aya di tempat gawena 
sewang-sewangan, atawa nu ngaradon muka internet di warnet-warnet. Saeutik 
pisan netter nu ngahaja muka internet di imahna, nu hartina lalangganan 
sorangan ka ISP. Ma'lum akses internet di urang, masih kaitung mahal. Paling 
heunteu, keur pantar kuring, nu masih keneh dijamotrotan pamajikan sakalina 
tagihan telepon "lain dari biasa".
  Sanajan kitu, jumlah nu ngan samenel teh prak-prakannana signifikan pikeun 
migeykeun kagiatan ekonomi, sosial, budaya, jeung politik. Contona, mengparkeun 
maneh tina nyebutkeun Kusnet: Urang, atawa sawatara di antara urang, tangtu 
inget kumaha lalakon milis apakabar mangsa Soeharto rek lengser. Teu weudeu eta 
milis teh gede pisan mangpaatna keur "manaskeun" kaayaan. Ku ayana eta milis, 
urang meunang info-info "A-1" jeung  "mutakhir" ngeunaan kaayaan nagara jeung 
pamarentahan urang harita. Utamana nu teu bisa muncul di media massa.
  Sabalikna, sanajan geus aya BPPT, program e-government, Menkominfo, jeung 
sajabana, pihak birokrasi pamarentahan katingal can optimal ngamangpaatkeun 
teknologi ieu. Urang masih jajauheun bisa ngurus perpanjangan KTP, SIM, atawa 
STNK, ku ngaliwatan internet. Dalah, informasi-informasi standar nu dibutuhkeun 
ngeunaan hiji hal, arang urang bisa meunang ku ngaliwatan salah sahiji modus 
e-government eta. Coba bae urang titenan sawatara situs resmi milik pamarentah. 
Boh hiji departemen, lembaga nagara, atawa pamarentah daerah pisan.
  Sebut bae, situs Departemen Pertanian, nu ceuk pangalaman kuring, paling 
informatif manan situs-situs "plat merah" lianna nu kungsi kaanjangan ku 
kuring. Tapi, sanajan kaitung rempeg, tetep bae aya nu kurang: Urang misalna 
teu meunang informasi ngeunaan kumaha prak-prakannana meunang sertifikat 
organik. Lien ti eta, data di dinya loba nu geus lawas, nu sanajan aya 
mangpaatna, tapi teu up to date. Malah, aya sabaraha kaca nu teu bisa kabaca 
pisan informasina. 
  Geus puguh ari situs sabangsa www.subang.go.id mah. Urang boro-boro dibere 
nyaho bisa sare di mana, mun sakalina urang nganjang ka lebah dinya teh. Dalah, 
 statistik  ngeunaan eta wewengkon ge can dieusian keneh. Padahal, eta website 
teh geus aya taunna ngajomantara. Kaciri pisan teu dipiarana teh. Mun tea mah 
urang teu wasa nyebutkeun, eta situs sabenerna "teu niat" dijieunna teh. 
Ongkoh, nu ngagarawekeun eta situs teh, utamana dina versi anyar ieu, barudak 
keneh. Barudak  STM Pasundan, Bandung. Sanajan, tangtuna, dipigawe ku barudak 
kitu teh lain ulah. Malah, hade pisan. Tapi, hasilna kudu tetep alus. Kudu luyu 
jeung paniatan, konsep, atawa prak-prakan e-government atawa naon nu disebut 
"abad informasi" tea.
  Lian ti kitu, atawa luyu jeung sipat lur jeun atawa sipat asal aya tadi, 
fungsi komunikasi dua arah nu bisa dipiboga situs-situs siga kitu teh euweuh 
pisan. Buktina, sawatara email nu ku kuring dikirim ka sawatara instansi nu aya 
di hiji departemen atawa kabupaten euweuh hiji-hiji acan nu meunang jawaban. 
Geus karuhan meunang jawaban ngeunaan data atawa informasi nu ku kuring 
ditanyakeun mah. Ieu mah jawaban nu sipatna sasadu ge euweuh. Bisa jadi, nu teu 
nyebutkeun email sewang-sewangan, ku web masterna teu ditepikeun ka jinisna. 
Atawa, boa-boa, pajabat nu bersangkutan teu nyahoeun yen di dunya ieu aya 
teknologi nu ngaranna internet, jeung sapurati turunan-turunannana.
  Nyebut kitu teh kuring lain suudzon atawa ngarasa "pang melek internet"-na. 
Teu pisan-pisan. Nyebut kitu teh pedah bae, kuring sok pangangguran nanyakeun 
alamat email sawatara pejabat. Umumna, maranehna teu barogaeun. Lain pedah 
sakur surat nu asup ditekel heula ku sarupaning staf atawa sekretaris. Tapi, 
teu saeutik nu memang (kacirina) teu pati wanoh jeung internet. 
  Malah, aya  babaturan kuring,  humas salahsahiji kabupaten di "Pulo Jawa" 
(ngahaja locusna dilegaan ambeh teu kaciri teuing), karah ka malik nanya:  "Ari 
email teh naon, Man?,"  ceuk manehna, lempeng. 
  Patanyaan eta batur teh teu beda jeung hiji letnan (harita) di Mabes Polri, 
ahir dekade 80-an, nu hiji peuting deadline haharehohan datang ka kantor. "Mas, 
saya disuruh Pak Anu lihat Pak Ismail di ruang Sekpri untuk diantar ke Mas. 
Tapi, saya lihat ke sana nggak ada siapa-siapa," ceuk eta Letnan, bangun nu 
bingung.  "Gimana, ya?".  Atuh, ngadenge kitu teh kuring nyerengeh. Na hate mah 
hayang ngabarakatak. Tapi, teu wasa. Karunya. Enya, da nu dimaksud ku si 
komandan teh faksimil. Si komandan, beurangna geus jangji rek mere data via 
faksimil. Ngan teu apaleun nomer faksimil kantor kuring meureun. Dikirim ka 
kantorna. Tapi, kadenge ku si Letnan "Pak Ismail". Bari jeung teu nyaho nu 
kumaha faksimil teh. Matak, basa ningali di rohangan si Sekpri euweuh jelama, 
manehna ti paparetot ka kantor. Ngadon sasadu.
  Ari dina kasus babaturan tadi, di hareupeun manehna teh ngajungkiring 
komputer nu geus dilengkepan ku modem. Tapi, teu nyaho email-email acan. 
Ditanya soal internet ge teu nyahoeun. Atuh ku kuring ditunjukkeun kumaha 
prak-prakkannana muka jeung ngamangpaatkeun internet, nyieun alamat email, 
jste. Salila dua minggu kuring aya di lembur eta, meh unggal poe mere kursus 
haratis ngeunaan email jeung internet. Malah, ku kuring dipangnyieunkeun milis 
sagala.
  Tapi. sanajan geus dipapatahan ge tetep bae eta fasilitas teh teu 
dimangpaatkeun. Nepi ka, sawatara bulan ka tukang ku kuring ditingali, eta 
milis geus euweuh. Geus dipaehan ku yahoo. Kateuteuari, meureun. Ngaheuheurin 
wungkul. 
  Satadina, ku cara dipangnyieunkeun milis, manehna, salaku humas di eta 
kabupaten,  bisa komunikasi leuwih langsung, malah leuwih personal, jeung jalma 
loba. Jeung masarakat. Sanajan, guna jeung mangpaat eta milis teh diragukeun. 
Lain bae ku perkara biaya interlokal ka ISPna, nu bisa diakalan ku ngan muka 
internet dina waktu nu geus ditangtukeun -- ngan tilu jam saminggu, misalna. 
Atawa neang cara lian nu leuwih murah. Tapi, oge ku masih saeutikna masarakat 
di wewengkon manehna nu  bisa ngakses internet. 
  Bisa jadi, keur kasus siga babaturan kuring, nu infrastruktur internet di 
daerahna masih goreng, ngamangpaatkeun milis salaku media community relation  
teu efesien atawa teu efektif. Tapi, keur wewengkon lain, nu insfrastruktu 
atawa budaya internetna geus alus, media siga milis teu bisa disapirakeun 
mangpaatna pikeun hiji lembaga siga pamarentah tempat gawe eta batur. Utamana 
salaku salah sahiji modus atawa media community relation tadi. Bisa jadi, 
"kayakinan" ieu pedah kuring urang komunikasi. Sensitif kana perkara media siga 
internet kieu. Matak, teu pati helok waktu dua taun ka tukang, aya babaturan nu 
jadi manajer marketing di hiji majalah franchaise, ngadangkal dikirim  ka Hong 
Kong. Pausahaan nu boga eta franchaise, ngayakeun seminar jeung pelatihan keur 
sakur manajer marketingna di Asia-Pasifik. 
  Salah sahiji sesi, nu meunang porsi waktu rea, taya lian ti kumaha 
prak-prakannana jadi ...moderator milis! 
  Lian ti kudu nyaho persis filosofi, kultur, jeung kawijakan pausahaan teh, si 
moderator milis kudu bisa ngasuh anggota milis nu aya. Nya, dina raraga ngabina 
hubungan jeung masarakat tea. Sangkan bisa meunang feedback nu leuwih akurat, 
bari maca "gerentes pasar", ti masarakat. Tangtu bae media nu bisa dipake keur 
kagiatan community relation siga kitu lain bae milis. Tapi, di kota gede, nu 
infrastruktur jeung budaya internetna leuwih alus, siga Jabodetabek, salah 
sahiji cara nu murah nya ku nyieun milis.
  Malah, ceuk eta batur, beh dituna mah tugas manehna teh kudu bisa 
ngaronjatkeun jumlah pelanggan eta majalah. Luyu jeung tugasna salaku manajer 
marketing. Hartina, milis bener-bener murah meriah. Bisa kabula-bale. Lain bae 
jadi media community relation. Tapi, leuwih jauh deui: Media promosi atawa alat 
marketing. Komo, ceuk eta batur keneh, lian ti ngajaga hubungan jeung 
ningkatkeun jumlah pelanggan majalah teh, manehna oge  kudu bisa neangan duit 
tina kagiatan off print nu diayakeun ku eta majalah, nu alat marketing utamana 
nya milis majalah tea. Nya, ku cara ngamangpaatkeun anggota milis eta, nu teu 
kabeh langganan majalahna, manehna nyieun rupa-rupa kagiatan. Ti mimiti 
jalan-jalan ka Anyer, nepi ka sarupaning bazaar, fashion show atawa ngayakeun 
seminar-seminar nu aya pakaitna jeung kabutuhan pembaca eta majalah.
  Tetela,  ku eta majalah, fungsi milis teh dioptimalkeun. Sanajan, dina raraga 
marketingna, siga katingal di luhur, eta majalah teh ngalaksanakeun atawa 
ngamangpaatkeun naon nu disebut mix media marketing. Teu ngan ngandelkeun hiji 
media.
  Ngamangpaatkeun milis salaku media community relation siga kitu, atawa salaku 
instrumen marketingna pisan, oge dilakukeun ku sawatara pausahaan. Utamana, nu 
kuring katingal, pausahaan otomotif. Sawatara produk nu dikaluarkeun ku 
maranehannana, sok terus dibarungan ku ayana milis komunitas nu make eta 
produk. Dina eta milis, sing sakur nu make eta produk bisa silih tukeur 
informasi. Lengkep jeung acara kopdarna, kopi darat.  Kituna teh, lian ti 
milis, oge sok dibarungan ku mucunghulna kleub-kleub otomotif pakait jeung 
produk tadi. Saliwatan mah siga nu heueuh inisiatif masarakat. Padahal, aya 
leungeun nu meh teu kadeuleu nu ngahirupkeun eta "inisiatif".
  Geus puguh ari sarupaning pausahaan komputer mah. Meh unggal bulan, sakapeung 
dua minggu sakali, kuring meunang news letter  ti hiji milis nu dikokolakeun ku 
hiji distributor komputer di India jeung hiji hotel di Phuket, Thailand. 
Eusina, lian ti hahargaan produk-produk nu dijual ku manehna, oge sawatara 
artikel ngeunaan TI jeung telematika. Ngiluan eta milis teh lain pedah kuring 
hayang dagang komputer. Tapi, ku hayang nyaho bae gambaran kaayan kahirupan TI 
di ditu, bari meunang data ti lapangan, oge...haratis. Sanajan, seuseuhannana, 
teu kabeh informasi bisa kaharti, bisa mangpaat -- da sakapeung, keur kuring, 
teknis teuing. Ari nu di Thailand mah, nu remen midangkeun acara keur lalaki, 
murni gagayaan bae. Ambeh katingal kuring sok sare di hotel. 
  Tangtuna, lain lembaga-lembaga komersial bae nu ngadangkal nyieun milis keur 
ngawangun komunikasi dua arah bari jeung leuwih personal  eta. Kalangan LSM 
jeung partai politik ge teu saeutik nu ngamangpaatkeun ieu teknologi. Di 
antarana, nu paling "organized", Jaringan Islam Liberal. Malah, ceuk pamanggih 
kuring, di antara LSM nu aya, nya JIL nu paling sadar media. Lian ti milis teh, 
pan maranehna mah tapis pisan nulis di koran, nyieun acara radio, ngayakeun 
diskusi, nerbitkeun buku, jste. Pon kitu deui sawatara organisasi kaagamaan, 
boh Islam boh non Islam. Embung eleh dina ngamangpaatkeun fasilitas murah 
meriah nu ngaranna milis pikeun nyebarkeun ide-idena, paling heunteu dina 
ngalakukeun community relation-na. 
  Mun pihak swasta sakitu motekarna dina ngamangpaatkeun milis, kumaha 
birokrasi urang? Siga nu disigeung di luhur, asana, euweuh pipikiran  pejabat 
pamarentahan urang pikeun ngamangpaatkeun milis salaku media komunikasi. 
Utamana, dina raraga community relation tea. Tangtu lain maksud kuring rek 
nyebutkeun yen euweuh pagawe pamarentahan nu melek internet atawa sarupaning 
kitu.  Malah, pan, dina perkara ieu, teu saeutik PNS nu oge kaasup "aktivis" 
milis. Tapi, icikibung maranehna teh leuwih ku inisiatif pribadi. Lain ku 
alatan tugas, dina harti boga misi nepikeun sora atawa ngawakilan kapentingan 
lembaga tempat manehna gawe.
  Aya ketang, nu kungsi kabaca ku kuring, hiji perwira di Mabes ABRI nu 
"diteundeun" di salah sahiji milis. Utamana keur ngaladenan provokasi 
aktivis-aktivis atawa simpatisan GAM. Tapi, eta mah bisa disebut hiji 
"anomali". Lain sipat atawa beleid umum pamarentahan urang. Sakanyaho kuring, 
euweuh misalna hiji milis kakotaan/wewengkon nu diadegkeun ku humas atawa hiji 
dinas di hiji kota atawa kabupaten, oge dimoderatoran ku maranehna, nepi ka 
warga kota atawa saha bae nu boga karep bisa nanya atawa madungdengkeun hiji 
pasoalan nu aya di eta wewengkon.
  Bisa jadi, maranehna lain teu boga pipikiran ka dinya. Tapi, pipikiran eta 
teu dijalankeun. Sangeuk ngalakonannana. Enya, kabayang misalna mun eta milis 
diadegkeun ku Pemkot Bandung. Geus pasti  moderatorna pada mentog. Atuh, 
maranehna pakepuk ngajawab patanyaan nu meh taya eureunna. Ku naon AACC 
diidinan ngayakeun haul John Lennon? Ku naon Rumentang Siang rek dijual? Ku 
naon Pasar Anyar make kudu direnovasi? Kumaha prak-prakannana mun urang rek 
ngadegkeun masigit? Ku naon jalan layang Pasopati karah ka nambah macet Jalan 
Suci? Kunaon Saritem teu dibuburak? Kumaha carana sangkan industri jin di Jl. 
Pajajaran hirup deui? Wah, matak lieur.
  Teuing tah lamun Presidenna urang PKS mah. Bisa jadi, aya staf-staf humas 
kabupaten atawa provinsi nu oge ditugaskeun jadi moderator atawa ngilu 
icikibung dina milis-milis. Paling heunteu, milis kakotaan nu aya di  
wewengkonna. Naha bet PKS? Pedah bae,  di antara partey nu aya kiwari,  nu 
pangkatingalina "milis minded" teh nya urang-urang PKS. Bubuhan, meureun: 
Anggota atawa simpatisan PKS mah lolobana barudak ngora. Ari kultur internet  
tea, utamana milis, pan sasatna kultur barudak ngora? Malah, bisa disebut 
kultur rumaja. Tapi, justru alatan kultur budak ngora eta, satemenna ieu hiji 
investasi nu pang...
  Wallohualam.
   
  29 Januari 2005


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                        
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke