Bil khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi sareng sadaya anu seja rereongan
ngurus Unicode Aksara Sunda,

Nembe saparantos si kuring macaan padungdengan perkara aksara Sunda di
Unicode, si kuring ngahubungan Abah Surya via telepon. Maksudna mah taya
lian minangsaraya pangnepikeun ieu pamaksudan ka Pemda Jabar, bil khusus, ka
kepala Disbudpar Jabar anu boga kawenangan dina urusan aksara Sunda.

Abah Surya ngarojong pisan, malah hal ieu teh bade langsung didugikeun ku
anjeunna ka pihak-pihak anu pakait. Ngan, tumali sareng kasibukan jeung
"kakirang-engeuhan" para pangagung pamarentahan kana IT aya pamundut ti
Abah: saena kaperluan keur nguruskeun hal ieu teh ditulis dina wangun surat
atawa proposal. Keur gambaran wae: kadisbudpar akhir-akhir ieu teh ukur 2-3
jam kulem sadidintenna tina awahing ku sibuk sagala di urus, ma'lum kitu
kedahna sareng sumangetna nuju ngagedur pisan kana urusan budaya. Atuh dina
lebah IT, tos jadi rahasia umum yen pagawe pamarentah kurang engeuh kana IT,
kajabi hiji-dua anu kersa neuleuman sareng prak ngalarapkeun dina keperluan
kahirupan sapopoe. Kukituna, naon rupa anu rek didugikeun ka Pamarentah dina
lebah IT - sanajan urang yakin penting jeung ngadesek - sanea kudu
asorkeun kalawan geus kari muka jeung ngahartikeun sapada harita. Teu aya
sanes, sangkan henteu kedah "kerung" anu merlukeun waktu pikeun paham tug
nepi ka anu dimaksudna.

Kukituna, pikeun nyusun bahan surat ka Pamarentah ieu - dina raraga
ngagolkeun pamaksudan Aksara Sunda resmi kacatet dina Unicode, si kuring
seja minangsaraya bantuan ka sadayana anu haat merhatikeun hal ieu. Bil
khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi oge anu sanesna anu sayogi. Upama anu
dulur-dulur anu dipenta tulung papada sibuk, teu nanaon sakirana bantuan teh
mangrupa pituduh (alamat web, link, pihak-pihak anu bisa dihubungan, jst).
Bahan-bahan anu diperlukeun teh nyaeta:

1) Pedaran ringkes ngeunaan Unicode (sacara ringkes guaran ngeunaan: harti,
maksud jeung tujuan Unicode, asal-usul Unicode, lingkup Unicode, manfaat
Unicode);

2) Syarat-syarat sangkan Aksara Sunda bisa katuliskeun dina Unicode (aya
rohangan keur aksara Sunda dina Unicode) kalawan pedaran singget wangun ieu
syarat-syarat (surat, dokumen, gambar-gambar bukti digunakeunana aksar
Sunda, jst);

3) Proses ngurus Unicode (pihak mana wae anu kudu dihubungan, kumaha wae
prosesna, kamana surat pengajuan dialamatkeun jeung kusaha dikirimkeunana,
jst);

4) Sareng bahan nu sanesna anu diperyogikeun.

Hatur nuhun, diantos pisan gawe barengn. Hatur nuhun.

baktos,
manAR




On 1/11/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Oman ndh,
>
> Hapunten sateuacanna saupami ngabingungkeun. Muhun aya nu kakantun
> ngeunaan
> Unicode nyalira, nya.
>
> Upami urang candak sarina, nu dimaksad standardisasi Unicode nyaeta proses
> masihan nomer ka unggal aksara nu aya di dunia ieu. Ambeh sadaya pangrajin
> +
> pamake komputer tiasa nganggona kalayan saragam. Kumargi komputer mah
> ningal
> data teh mangrupi angka-angka wungkul. Janten angka-angka eta kedah
> ditafsirkeun ku urang. Naha angka 61 teh janten 'a', 62 janten 'b', jsb.
>
> Dina Unicode, aksara Sunda rupina parantos dialokasikeun ngagaduhan angka
> 1B80,1B81 ... 1BFE,1BFF. Kantun disusun kalayan leres oge dicumponan
> pasaratan administrasina. Kumargi Unicode versi 5.0 mah kantun disahkeun,
> nya panginten urang targetkeun engke dina Unicode versi 5.1 atanapi 5.2.
>
> Wassalaam,
> -Dian-
>
> On 10/01/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> >  Wilujeng icikibung di milist Mang Bejo,
> >
> > Tipayun-sakumaha tiasa dipaluruh dina arsip file ieu milist - jejer ieu
> > kantos dipadungdengkeun. Teu sawios urang teraskeun. Ongkoh deui Kang
> Dian
> > nyiram jejer anu kacida nangtangna: perkara Unicode aksara Sunda (bari
> > jeung
> > si kuring mah teu ngarti lebah IT-na mah).
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke