Baraya, manusa Sunda saalam dunya,
Yen mang Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaedi) teu damang tur nuju nganjrek dirawat
di RS Cikini (opname) urang sadaya seueur anu tos pada uninga. Anjeunna,
guru besar widang kabudayaan, khususna kabudayaan Tatar Sunda, teu nyalahan
deui, ngarupakeun salah saurang benteng anu pamiara budaya Sunda.
Karya-karya anjeunna dina widangna tos kasaksian keu sadayan, geus teu kudu
diguar deui.
Patali sareng kaayaan anjeunna danget ieu anu nuju nandangan musibah kasakit
dugi ka kudu diopnamena, tos meh ampir sasasih anu parnana (kasakit anu
ditatahan ku anjeunna mah tos rada lami), kacida hadena lamun aya kainget
arurang ka anjeunna. Hayu urang ngiring ngantebkeun belasungkawa sakaligus
ngabeberah ka anu nuju ngarandapan musibah katut ka kulawargana ku cara
ngalayat kalayan disarengan ku kenclengan sapulukaneun. Keun engke anu
ngadugikeunana mah urang ngawakilkeun ka Kang Rachmat anu caket pisan sacara
fisik oge batin ka anjeunna.
Kukituna, ngalangkungan ieu posting, luyu jeung babadamian sareng Kang
Rachmat via sms, si kuring umajak ka sadayana pikeun ngempelkeun kekencleng
(sumbangan mangrupi artos) kanggo anjeunna. Mangga, teu kedah isin-isin
pedah tiasana alit, sami saena, anu penting ikhlas, geura lalebetan ieu
kencleng. Kanggo teknisna, mangga, kumaha saena. Usul si kuring: aya saena
upami Kang Rachmat Rawyani ngadamel nomer rekening khusus kanggo ieu
kencleng. Ssumangga diantos saran pamadeganana, anu jelas mugi ieu lengah
ulah diengke-engke.
Diantos ka sadayana icikibungna dina ieu kagiatan, etang-etang urang ngiring
icikibung dina miara kabudayaan, khususna TS, ku cara maparinan perhatosan
ka ahlina. Insya Alloh, kalayan hate anu ikhlas, ieu paniatan baris dugi
kana tujuanana. Hatur nuhun kana perhatosanana.
baktos,
manAR
PS : aya saena Kang Rachmat medar sacara singget riwayat hidup anjeunna,
kanggo ngalengkepan ieu pangajak.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/