Qudori
  Kuring mah resep ka eta budak teh. Jujur, wanter, rapekan, jeung teu weleh 
hahariringan. Kituna teh sok dibarungan ku heureuy, ngacapruk, jeung "kurang 
ajar". Eta bae, mun isuk-isuk meresihan rohangan kuring, bari kuring kabeneran 
keur sare di kantor, muka hordeng teh sok bari ceuceuleuweungan. "Bapa Maman 
sayang, bangunlah segera, bangunlah Indonesia Raya...," ceuk manehna, dina 
wirahma lagu kabangsaan. Teu nyaho, kuring karek sare jam satengah genep.
   
  Mun teu kitu, di mana angotna datang, inumeun nu masih diinum ku urang 
diringkidan. Pajarkeun teh waktu gawe manehna geus meh lekasan. Cangkirna rek 
dikumbahan. "Biar besok nggak banyak kerjaan," ceuk manehna, lempeng. Mun urang 
neugtreug atawa hayang nginum keneh, da eusi cangkir teh masih beleger, can 
kasiwer diinum, manehna ngajanteng di tukangeun. Nitah urang meakeun eta inuman 
harita keneh.
   
  Ari sakalina dititah meuli dahareun, ngabagikeunnana teh sok jiga guru TK 
keur ngabsen.  "Pa Maman rendang, Pa Rudi sate, Pa Kelik gorengan, Mbak Rita 
capcay, Bu Astrid somay..." Sakapeung, saencan narima dahareun, urang kudu 
baris heula. Jeung "kudu" daek. Da, mun heunteu pajarkeun teh dahareunnnana rek 
diciduhan heula ku manehna.
   
  Ku polahna nu culangung jeung "kurang ajar" eta, teu weudeu kungsi aya semah 
nu kaeraan.   Ditanya rek nginum naon, eta semah menta cikopi jeung cai herang. 
Ngadenge kitu, ana celengkeung teh manehna ngagorowok. "Oi, cakep-cakep 
rakus!," ceuk manehna. Atuh, si semah teh, budak awewe,  langsung ngeluk. Era, 
diseungseurikeun jalma loba di tempat batur.
   
  Enya. Mun ngomong, eta budak teu bisa laun. Siga ngomong di huma bae, 
gogorowokan. Teu arang, tatangga hareupeun kantor ge sok ngaralieuk mun 
sakalina manehna ngomong teh. Da tarik tea. 
   
  Kungsi eta ge ku kuring dipapatahan. Sangkan ngomongna rada laun, tong tarik 
teuing. Oge, mun heureuy, ningali heula. Komo ka semah mah. Di kantor ge teu 
kabeh jalma resep heureuy. "Bu Astrid contohnya. Dia itu nggak bisa main-main, 
orangnya serius. Lahirnya di kamar mayat," ceuk kuring. 
   
  Tapi, da teu mempan. Karah nyerengeh. Bari ka luar ti rohangan kuring teh 
langsung ngagorowok. "Bu Astrid, bener Ibu lahirnya di kamar mayat?!," ceuk 
manehna. Atuh, nu ditanya jamedud. Diseungseurikeun ku sakantor.
   
  Mun manehna keur euweuh gawe, sakapeung sok ka rohangan kuring. Malah sok 
ngahaja dicalukan. Ambeh teu ngangganggu batur nu keur diarudag-udag deadline. 
Da eta sok tetelepek nanyakan itu ieu. Bari ngopepang kana laporan atawa 
tulisan, nu terus dibacaan bari ngagorowok tea. Keur teu pakepuk ku pagawean, 
sok diralayanan. Ari keur pahibut mah boro-boro. Diajakan dahar atawa salat ge 
sok harare-hare.
   
  Ari di rohangan kuring, manehna sok rada jempe. Anteng maca komik atawa 
lalajo televisi. Kalan-kalan, nya ditanggap sina ngecewis ngeunaan lembur atawa 
kulawargana di Jember. Atawa manehna nu tetelepek nanya, utamana ngeunaan 
pangalaman kuring basa gawe di majalah. Kituna teh bari sok nanyakeun alamat 
atawa nomer telepon sawatara artis sagala.  
   
  Ari artis kameumeutna kaitung pikaahengeun: Suti Karno jeung Benyamin S. Nepi 
ka kungsi ngarenghik sangkan kuring ngawawancara Suti Karno jeung kulawarga 
Benyamin. "Biar Qudori bisa ikut, Pak. Mau foto bareng. Nanti Qudori kirim ke 
Jember. Kakak Qudori pasti seneng," ceuk manehna. Singhoreng, nu resep ka dua 
eta artis teh lain bae manehna. Lanceuk-lanceuk terena, awewe duaan, nu cenah 
saumuran jeung kuring, oge raresepeun. 
   
  Tangtu bae pamenta manehna teu bisa dicumponan. Rek ngawawancara soal naon? 
Jeung keur naon? Sanajan enya teu leupas tina wawancara jeung nulis, pagawean 
kuring harita lain nyieunan majalah. Tapi, sarupaning laporan riset -- bari 
dicitakna kumaha nu mesen. Keur ngabeberah hatena, pangangguran ku kuring 
diheureuyan. "Kalau soal Benyamin, kamu baca aja di perpustakaan, " ceuk kuring 
bari nyebut ensiklopedi Americana. 

  Dikitukeun teh mani giak. Deregdeg manehna indit ka pabukon. Teu lila 
mucunghul deui mawa ensiklopedi. "Yang ini, Pak?," ceuk manehna. "Ya, cari aja 
di huruf B atau huruf F," ceuk kuring, bari nyanghareupan monitor. Kareret 
manehna ka luar deui ti rohangan.
   
  Rada lila ti harita, manehna mucunghul deui. "Tak ada, Pak Maman. Ada juga 
Ben-jamin Ferangkelin," ceuk manehna. Sabenerna mah geus rada pegel ngayonan 
eta budak teh. Geus mimiti tagiwur ku editeun. Tapi, kagok asong: "Ya, iya. 
Itu. Dia itu kakeknya Benyamin S. Di situ dijelaskan asal-usul Benyamin, sampai 
ke anak-cucunya sekarang ini," ceuk kuring. 
   
  Dikitukeun manehna ngadon colohok, bari terus ka luar deui. Tayohna neruskeun 
"maca" di pabukon. Kuring ge teu malire deui, buru-buru asup deui kana tulisan 
nu keur disanghareupan.
   
  Eureun-eureun kageuingkeun ku nu adan di televisi. Geus magrib. Kaluar ti 
rohangan, rek ka cai, nyampak kantor geus suwung. Babaturan geus pada mulang, 
si Mas Tohir, nu sok ngajaga kantor, geus datang. Karek kaluar ti kamar cai, 
tas abdas. "Jamaah, Pa?," ceuk manehna. Kuring unggeuk, ngaenyakeun.
   
  Ari ngaliwat palebah pabukon, kadenge sora nu keur motocopy. Pangangguran 
dilongok. Singhoreng si Qudori. "Ngapain, Dri?," ceuk kuring. "Ini, Pak 
Maman... Qudori motocopy Benjamin Ferangkelin. Kakak Qudori pasti seneng," ceuk 
manehna, bangun nu agul. Teg teh kuring jadi rumasa salah.
   
  Manehna teu nyaho kuring ngawadul. Leuwih ti kitu, eta artikel ngadon 
difotocopy. Geus kacipta, isuk si Astrid kukulutus. Pedah aya karyawan nu 
ngahahambur kertas jeung listrik. Untung kuring teu nunjukeun sajarah kasenian 
atawa sajarah Amerika. Beu, bakal beak sabaraha rim?
   
  Satengahing solat hate tagiwur. Hayang seuri, karunya, jeung rumasa salah, 
pagalo jadi hiji. Meh-mehan teu ngaaminan patihahna si Mas Tohir.
   
  Kayuputih, November 2005
   



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                        
---------------------------------
 Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new 
and used cars.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke