Kalapa II
   
  Aya eta ge usaha keur nambahan kaweruh ngeunaan kalapa teh. Ti mimiti mukaan 
laporan BPS, Departemen Pertanian, nepi ka tatanya ka batur-batur di sawatara 
pausahaan riset bisnis, kabeh dilakonan. Tapi, tetep kaweruh kuring teu 
nambahan. Di mana nambah ge, teu loba. Teu signifikan, meureun pilegegeunnana 
mah.
   
  Ari kamari,  Saptu, 18 Desember 2005, kuring datang ka acara seminar pikeun 
noong paekonomian jeung politik taun hareup nu diayakeun ku hiji  pausahaan 
kabutuhan sapopoe (consumer good). Lain diondang kalayan resmi tangtuna ge. 
Komo jadi salah sahiji narasumberna mah. Boro-boro. Datang teh pedah bae aya 
manajer di pausahaan eta nu nitah. Pajarkeun teh sono hayang panggih jeung 
meumpeung acarana di hiji hotel nu teu jauh teuing ti imah. "Biar yang lain 
ikut seminar, kita sih ngopi aja di cafe," ceuk manehna, wangun nu 
ngagalendotan.
   
  Tangtu bae, sanajan teu dibibita ku "deukeut" jeung ngopi ge kuring pasti 
datang. Da nu rek medar panoongna teh jalma-jalma nu ahli dina widangna, kaasup 
nu ceuk kuring kuat pisan riset lapangannana. Ongkoh nu ngondangna ge awewe -- 
bari geulis. Barang manehna nelepon ge geus diwawaas mun sirahna diusapan (ku 
salakina) tangtuna bakal karasa teuas kawas...kalapa!
   
  Datang teh enya bae. Abong pausahaan gede jeung boga duit, seminar teh siga 
kariaan. Make aya bazaar, pameran, jeung sarupaning kamonesan keur barudak 
sagala. Tayohna mah, matak diayakeun di tungtung minggu ge, eta seminar teh 
dihijikeun jeung sarupaning pesta pausahaan. Sabot salaki atawa pamajikan 
seminar, barudak jeung indung atawa bapana arulin. Teu heran, nu ngarilu 
seminar teh mani metet. Boa-boa Satpam jeung office boy nu aya di eta 
pausahaaan kabeh dikeridkeun sina ngarilu eta seminar. 
   
  Lian ti kitu, sanajan pagalo jeung nu dagang atawa barudak nu ngagalambar, 
seminar teh kawilang hirup. Ti mimiti direksi nepi ka staf biasa, teu 
rogreg-rogreg nanya atawa ngadebat pisan pamanggih narasumber nu lain jalma 
jore-jore. Sanajan, kuring mah keukeuh, luyu jeung janji nu ngondang: Ngan 
meunang sawatara sesi ngadengekeun di rohangan seminar teh. Sesana mah, nya 
nyangsaya bae di tempat ngopi bari melong lambey nu geulis nu alewoh 
nyaritakeun kalakuan budak kameumeutna nu keur lucu-lucuna -- bari harita teu 
bisa datang, da keur ngendong di bapana. 
   
  Ari ceuli mah manteng kana radio manehna nu ngagembreng "nyiarkeun" nu keur 
ngocoblak di rohangan seminar. Ongkoh, salah sahiji narasumber teh medar 
perkara kalapa tea. Utamana prospek VCO jeung produk lianna nu dijieun tina 
kalapa. Alhamdulillah, beja teh bisa nambahan. Sanajan teu kabeh kabandungan, 
da pikiran midua jeung nu calik di hareupeun.
   
  Nu kacatet ku ingetan tina eta ceramah: Harga VCO di Eropa, ceuk eta ahli, 
leuwih murah manan di Indonesia. Ngan US$ 10 saleterna. Padahal, di Indonesia 
bisa nepi ka Rp 300 rebu (?). Onjoyna harga eta disababkeun presepsi nu beda 
antara masarakat urang jeung presepsi urang Eropa: Di urang VCO dianggap ubar. 
Lain minyak goreng siga di batur. Antukna, hargana relatif mahal manan di Eropa 
atawa di Amerika. 
   
  Sanajan hargana leuwih murah manan harga lokal, kabutuhan Eropa (oge Amerika) 
cukup gede keur VCO ieu. Pan dipikabutuh keur ngagoreng dahareun atawa keur 
lianna. Ngan, pasoalannana:  VCO urang can bisa nyaingan VCO buatan Filipina. 
Alatannana, nya nu diluhur geus disigeung: Ti mimiti perhatian pamarentah, 
kondisi kalapa urang, nepi ka mentalitas jeung prak-prakkan patani atawa 
padagang urang.
   
  Ceuk eta ahli, dumasar riset pihak manehna, nu oge loba dibutuhkeun ku 
nagara-nagara Eropa tina produk kalapa ieu taya lian ti chopstick soda. Teuing 
naon basa Sundana ieu barang teh, jeung kumaha bungkeuleukannana teu apal. Nu 
pasti, ceuk eta ahli, ieu barang teh dibutuhkeun nepi ka 30 ton sabulanna -- 
mun kuring teu salah inget, da nu geulis tonggoy ngecewiskeun budakna. Eta 
barang teh dibutuhkeun pabrik sabun nu, di Prancis, cenah, umumna mangrupa home 
industri. Sabaraha hargana, kuring lebeng teu inget pisan.
   
  Barina ge ieu mah ngacapruk, pangangguran ngalelempeng uteuk bari ngasah basa 
sorangan. Di mana aya nu butuh informasi leuwih jauh deui ngeunaan kalapa jeung 
barang lianna nu dijieun tina kalapa, nya neangan bae sorangan. Ngeunah we, 
sagala teh kudu dihuapan. Bari hayang haratis pisan. Hehehe...
   
  Enya. Aya hiji deui, nu katampa ti batur nu nitah nyieun proposal kalapa tea: 
Gawe bareng jeung pamarentahan Banjar, hiji pausahaan keur tatahar pikeun 
nyieun pabrik nu ngokolakeun kalapa nu sipatna integrated. Di eta pabrik, lain 
bae VCO jeung chopstik soda nu bisa dihasilkeun. Tapi oge tapas nu geus 
didedelan jeung briket areng batok kalapa. Ditargetkeun nampung 300 rebu (atawa 
3 yuta kitu?) kalapa nu aya di Ciamis, ieu pabrik bisa ngahasilkeun 100 ton VCO 
sabulan. Tapi, ku alatan kabutuhan nu aya can bisa nampung, bari hargana murah 
mun diekspor, sigana eta pabrik teh rek leuwih ngagedekeun nyieunan chopstik 
soda.
   
  Keur nyieun jeung ngajalankeun usaha eta pabrik, ceuk batur tadi, kawilang 
murah: Di luar tanah nu geus disadiakeun pemkot Banjar, ngan Rp 2 miliar. 
Sabaraha jalma nu bisa ditampung gawe di eta pabrik, kuring poho deui. Ongkoh, 
ti mimitu ge geus disebutkeun, eta batur teh siga nu ngaheureuyan. Manehna 
leuwih nyaho manan kuring, tapi karah nitah. Teuing naon pamaksudannana. 
Ngetes? Naon untungna ngetes kuring? Ke, iraha-iraha urang tanyakeun. Mun teu 
poho.
   
  Cikajang-Pasir Angin, 20 Desember 2005





Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
 
 What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke