Punten kang MH ngiringan nyarios, sakaterang abdi da nu maot teh lain manusana
tapi nafsuna saperti ceuk dina katerangan punten bilih lepat panglereskeun
'qulu nafsin dalikatul maot', janten nu namina roh atanapi kuring na mah masih
keneh aya dialam dunya ieu.
Leres pisan palebah kantun nampi hasilna teh, tapi pan nu ngantunkeun henteu
sami, di sunda mah aya istilah marakayangan jeung marahyangan tah nu diebat
marakayangan teh waktu didunya na sok ngalakukeun kalakuan teu beres dina
dipunutna teu nyaho kamana balik jadi we masih ngulampreng di alam dunya aya nu
cicing dina batu, na tangkal, dina walungan, jsb. Jadi nu kitu mah teu bisa
disebut caket jeung nu maha kawasa.
Sedengkeun ari nu marahyangan nyaeta anu tindak tadukna salila didunya tara
ngalakukeun teu beres katambah bari jeung ngelmu salila hirup dialam dunya teh,
jadi dina dipunutna ku nu maha kawasa teu hese da geus apal kamana
pibalikeunana. Jadi nu model kieu saenyana mah nu disebat caket sareng doana
makbul teh.
Janten nu disebat pustus teh saenyana mah jasad na wungkul da ari rasana mah
moal bisa leungit, ceuk kang rido tea mah balonku ada 5 rupa-2 warnanya tah
jadi warna eta anu disebut putus teh.
Sakitu heula kang pedaran teh hapunten bilih teu cocog da ieu mah hoyong
ngiringan ngobrol we lamun ka galih geura galeuh, lamun teu ka galih ulah
geuleuh.
sampurasun,
s4d3w4
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya patarosan sakedik, manawi aya bongbolonganana: Ari numutkeun iman Islam,
nu tos ngantunkeun (maot) naha masih kaci keneh barang penta ka nu maha kawasa?
Jiga manjatkeun do'a misalna. Sanes ari tos maot mah, kantun ngala hasilna,
kana naon rupa nu kungsi dilakonan di dunya. Jiga dina katerangan, yen amal
ibadah manusa teh putus nalika nyawa tos nagntunkeun jasadna, kajaba tilu
perkara (putra nu soleh, ilmu nu mangpaat, amal jariyah).
Salian ti eta, naha aya katerangana yen roh nu tos aya di alam kalanggengan
masih keneh "boga karsa", sarta "caket ka anu Nyiptakeunana, sareng makbul
do'ana".
Cing nyuhunkeun bongbolonganana.
Hatur Nuhun,
MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Si kuring mah percaya kana dua
pamadegan di luhur teh. Anu ngaping ti alam arwah, bisa wae ku modus do'a ka
anu Maha Kawasa (maksudna: hakekatna anu
ngahukuman teh tetep Pangeran Anu Maha Kawasa, Anu Maha Taliti Balitunganana).
Sabab, mungguh dina Islam oge kapercayaan tradisional, anu maot teh ukur jasad,
ari roh mah tetep hirup jeung sarua boga karsa. Sedeng, ari roh-roh manusa anu
geus kumereb (caket ka anu Nyiptakeunana, eta makbul
do'ana). Dina Al Qur'an ditetelakeun, silih tulungan antara sasama manusa anu
ariman teh eta henteu kawatesan nalika di alam dunya wae. Do'a antara manusa
anu ariman teh tiasa ti antara aranjeunna nalika duanana jjarumeneng
keneh di alam dunya, tiasa ti anu masih hirup di dunya ka anu tos ngantunkeun;
tiasa oge ti anu tos ngantunkeun ka anu masih hirup di dunya.
Dangiang Sunda......teu mungguhan ti antara karuhun-karuhun Sunda anu tos teu
aya dikieuna teh aya anu kalintang caketna ka Pangeran, dugi ka sagala do'ana
tiasa dikabulkeun. Diantarana: nyanggakeun ka Pangeran kaadilan pikeun jelema
anu geus ngahina masyarakat Sunda jeung budayana.
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---------------------------------
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
SPONSORED LINKS
Culture Bahasa indonesia Sunda
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/