hatur nuhun ka baraya sadaya nu tos nunjukkeun sikep nu sakitu moderatna
salaku urangsundamuslim.

sigana nu pangtagiwurna noong kasus eta si kuring. ongkoh kungsi nulis,
novel Louisiana Louisiana tea, nu settingna di Kopenhagen. ari lalakona
mah urang cirebon.

sakanyaho si kuring, urang dinya teh balageur. sanajan kontradiksi pisan.
ngan 2% wargana nu masih keneh rajin ka gereja (mayoritas ngagem agama
lutheran-protestan di urang mah, malah jadi agama resmi nagara), tapi
urusan sapopoe teu dipatalikeun jeung agama. sigana agama ngan hirup di
gereja wungkul. kumpul kebo kaci, majalah porno aya di toko da pornografi
kaci. sanajan teu loba jeung teu pati payu.

tapi euweuh nu korupsi, kotana teu amburadul. sakola jeung rumahsakit
haratis. nu nganggur alatan teu bisa usaha atawa  di phk dibere tunjangan
hirup.

maranehna ngamanggakeun bari nyebut congratulation basa si kuring jeung
balad2  bebeja isuk moal asup sakola, sabab rek lebaran di kbri. poe
paskah sakola pere, tapi msiswa urang dinya teu apaleun pere dina raraga
naon, ari esther teh dina raraga naon. hehe.

hampura

mj

http://geocities.com/mangjamal






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke