Kang Agus Hermawan oge baraya sadaya, Umumna urang terang ngeunaan perilaku Rosululloh saw (anu enas-enasna mah taya lian sumber hukum tea di sagigireun Al Qur'an) tina sajarah kahirupan anjeunna. Kaasup dina hal ieu warta (hadist-hadist) ngeunaan kumaha sikep anjeunna ka jalmi-jalmi anu "ngahina anjeunna". Anapon hadist-hadist ieu dugi ka urang ngalangkungan rowi (panutur).
Dina lebah kumaha hadist didugikeun ku Rosululloh saw, ditarima ku para sahabat, dikumpulkeun, dituliskeun tug nepi ka tepi ka urang sarerea prosesna henteu basajan. Di dinya aya masalah konteks/kaitan kumaha Rosululloh saw nepikeun/ ngebrehkeun sikep kana hiji hal, aya masalah eusi hadist (matan, analisis isi) anu henteu saeutik dipangaruhan ku kamampuh anu narima (nyaksian langsung, ukur beja ti anu sejen, nyaritakeun deui, jst), aya masalah kakawasaan anu "maksa" atawa mangaruhan para panutur, jst. Teu saeutik distorsin komonunikasi hadist sakumaha teu saeutik hadist-hadist anu teu nepi ka urang, atawa ukur nepi ka sabagean masyarakat, atawa henteu pati polpuler di satengahing masyarakat. Banyangkeun wae, kumpulan hadist2 anu umum dipikawanoh ku ummat Islam karek ditulis dina abad ka-7 M. Tiasa dikira-kira, teu mustahil pisan aya atawa seueur distorsi eusi hadist anu geus kajadian ti mimiti hadist lahir nepi ka dikumpulkeunana (kl saabad) kalawan resmi dina buku. Kumargi kitu, wajar upama di masyarakat aya hadist anu populer oge aya hadist anu kurang populer malah henteu tepi saeutik ka masyarakat. Salah sahiji golongan hadist-hadist anu henteu populer di masyarakat urang nyaeta: kumaha sikep Rosululloh saw ka anu "ngahina ka anjeunna". Dina lebah dieu, kaasup aya sabaraha rupa sikep Roslulloh saw ka pihak-pihak anu "ngahina anjeunna"? Kecap-kecap "ngahina anjeunna" ngahaja make tanda curek, sabab sacara umum aya dua jenis "panghina" anu nangtukeun dua sikep Rosululloh ka pihak anu ngalakukeun ieu panghina. Anu kahiji, panghina atawa - malah - kaasup ancaman kana kasalematan jiwa raga Rosululloh salaku pribadi. Anu kadua, panghina anu sok sanajan dialamatkeun ka "diri" anjeunna, tapi enas-enasna mah taya lian ti ancaman kana kamulyaan jeung lumangsungna Islam salaku agama rahmatan lil alamin. Kumaha sikep Rosul saw kana eta dua jenis panghinaan atawa ancaman? Sakumaha ceuk hadist-hadist anu populer, pikeun panghina atawa anceman jenis kahiji sakumaha di luhur, Rosululloh kacida welas asihna. Tegesna, Rosululloh saw jembar pangampura ka jalma-jalma anu ngahina fisik anjeunna atawa malah ngancem kana kasalametan jiwana (sapribadieun anjeunna). Contona: kasus Rosul saw anu didoho rek ditelasa ku salah saurang Yahudi, tapi waktu eta Yahudi bobor wawanenna, pedangna karebut ku Rosululloh saw, Rosululloh henteu malik nelasan eta Yahudi. Tegesna, Rosul saw henteu dendam ka jelama anu maksud nelasan anjeunna. Contoh sejen: aya jelema kafir di Mekkah anu meh unggal poe maledog Kangjeng Nabi saw ku-punten-tai onta. Anjeunna oge ngahampura ka ieu jalmi anu "jahat". Kacindekanana, dina dua kajadian anu bieu disebutkeun jeung conto-conto sejenna anu sarupa, sikep Rosul saw teh jembar atawa enteng, sabab mataholangna eta panghinaan teh ditujukeun ka sapribadieun Rosul saw. Tapi, dina kasus anu sejen (panghina jenis kadua) sikep Rosul saw ieu beda 180 darajat. Pikeun panghina ka "anjeunna" anu enas-enasna mah teu aya lian ti hinaan jeung anceman ka kaluhuran (misi) al Islam, sikep Rosul saw "teuas" atawa "heuras" pisan. Aya sababaraha kajadian anu arang langka kabejakeun ka urang, anu nuduhkeun hal ieu. Di kota Madinah, nalika Kangjeng Rosul saw tos linggih jeung tumetep di eta kota, kungsi aya urang Yahudi anu wanci peuting ngaluarkeun "statement" anu "ngahina" Kangjeng Nabi saw. Isukna, sanggeus Kangjeng Nabi saw nampi eta laporan, langsung anjeunna nibankeun hukum pati ka eta jelema (kabeneran bangsa Yahudi). Jadi, sikep Kangjeng Rosul saw ka jelema anu "ngahina ka anjeunna" gumantung jenis panghina. Lamun eta panghina ukur ka sapribadieun Rosol saw, anjeunna kalintang jembarna, tegesna ngahampura. Tapi, upama eta panghina teh baris mangaruhan kana kaluhuran al Islam atawa baris mareuman syi'ar agama atawa enas-enasna ngahina sakabeh muslim sagemblengna, sikep Rosul saw kacida tegesna: ngahukuman malah nepi ka hukum pati (dina leresan ieu, tiasa diaos seratan populer Kang Jalal dina editor edisi lawas dina mangsa rame-ramena kasus Salman Rusdie). Ayeuna kumaha kasus kartun panghina ka Rosul jieunan urang Denmark? Naha kaasup jenis panghina anu kahiji atawa anu kadua? Naha dina eta kajadian anu kaancam teh ukur pribadi Rosul atawa kamulyaan/kahormatan Islam jeung ummatna sagemblengna? Mangga nyanggakeun ka sadayana. Ngan upama ngilikan reaksi ummat Islam anu walatra di sakuliah dunya kana eta kajadian, wayahna upama eta kasus panghina teh asup kana golongan anu kadua: enas-enasnan mah ngahina jeung ngancam kana kahormatan al Islam (sakabeh misi - anu luyu jeung ngamulyakeun ajen-inajen kamanusaan - jeung umat anu ngagemna). Baktos, manAR On 2/9/06, Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ..... > > Di sudut pasar Madinah ada seorang pengemis Yahudi buta yang setiap > harinya selalu berkata kepada setiap orang yang mendekatinya, "Wahai > saudaraku.. jangan dekati Muhammad, dia itu orang gila, dia itu > pembohong, dia itu tukang sihir, apabila kalian mendekatinya maka > kalian akan dipengaruhinya". > > ............ > Seketika itu juga pengemis itu pun menangis mendengar penjelasan > Abubakar RA, dan kemudian berkata, "Benarkah demikian? Selama ini aku > selalu menghinanya, memfitnahnya, ia tidak pernah memarahiku > sedikitpun, ia mendatangiku dengan membawa makanan setiap pagi, ia > begitu mulia.." > > Pengemis Yahudi buta tersebut akhirnya bersyahadat di hadapan Abubakar > RA saat itu juga dan sejak hari itu menjadi muslim. > Nah, wahai saudaraku, bisakah kita meneladani kemuliaan akhlaq > Rasulullah SAW? Atau adakah setidaknya niatan untuk meneladani beliau? > > Beliau adalah ahsanul akhlaq, semulia-mulia akhlaq. > Kalaupun tidak bisa kita meneladani beliau seratus persen, alangkah > baiknya kita berusaha meneladani sedikit demi sedikit, kita mulai dari > apa yang kita sanggup melakukannya. > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
