Baraya.
Abdi dipasihan novel Dyah Pitaloka ti MJ. MJ ti pangarangna langsung Hermawan
Aksan. Alhamdulillah Saptu kamari tamat.
Sae eta novel teh dina basa jeung alur carita. Novel nu disebut oge dongeng,
tapi didasarkeun ku sajarah Sunda jeung Tanah Jawa (da Sunda mah lain Jawa)
jaman baheula. Sapertos nu parantos didugikeun ku MJ, langkung seueur
nyarioskeun elit (kulawarga Karajaan Sunda jeung Majapahit).
Aya sababaraha catetan abdi sanggeus maca ieu novel:
1. Karajaan dimana wae oge biasa silih rebut kakawasaan, boh di TS boh di nu
lian. Mangga urang baca oge novel sejarah Majapahit Senopati Pamungkas
(Arswendo), Arus Balik (Pramudya), oge Trilogi Novel Mangunwijaya nu
nyaritakeun Mataram. Jadi ceuk kuring mah Perang Bubat (lamun enya aya) teu
kudu jadi warisan emosional keur US, da geus biasa kakawasaan mah ekspansionis.
Ayeuna mah teu kedah debat deui Sunda vs Jawa, pan tos ngaku Indonesia, bari
urang teu leungiteun budaya Sunda.
2. Kahirupanj wanoja di TS, jaman baheula teu walakaya, jiga Dyah Pitaloka,
kumaha ramana, teu aya pilihan.
3. Jaman harita can aya kabaya, jadi masih make kemben para wanoja teh, dina
novel mah Dyah Pitaloka nganggo kabaya. Nu leres mah jiga dina jilid Cupumanik
No. 28/2005. Kabaya atawa baju nu nutupan panangan, aya saatos lebetna Islam.
Pameget oge harita mah teu nganggo baju.
4. Salah-salah kata mah biasa, sapertos, "merangsek" jadi "merangsang"
hehehe....pan benten hartosna nya.
Tos ah sakitu. Hatur nuhun ka MJ.
Baktos,
ika
---------------------------------
Yahoo! Mail
Use Photomail to share photos without annoying attachments.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/