> PS:
> Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah
> kulon;
> >
> manAR:
> ceuk cenah, nya golongan ieu anu ngagabung jeung
> Baduy atawa sabagean nya jadi cikal-bakal Baduy 
> ayeuna.
--------------

Jadi urang sunda kiwari anu ngagulung jadi sunda
ayeuna teh teu salah deui atuh... tina 4 ciri urang
sunda.
1. urang sunda anu aya di baduy/kanekes
2. urang sunda "anu ngahiang"
3. urang sunda "budak janggotan"
4. urang sunda "budak angon"

Khususon urang kanekes...; numutkeun si kuringmah eta
urang sunda anu konsekwen ngajaga kelestarian alam.
cobi we filosofina tingali:

Garapan (cecekelan) hirup Urang Baduy anu dipigawe
jeung kudu dilaksanakeun sapopoe, 
nyaeta pondok teu meunang disambung, lojor teu meunang
dipotong.  Ari kahirupan Urang Baduy teh titipan ti
Adam Tunggal anu disebut Wiwitan. 

- Mipit kudu amit,
- Ngala kudu menta,
- Ngagedag kudu bewara,
- Ngali cikur kudu matur,
- Ulah gorah, ulah linyok (bohong),
- Ngadek kudu sacekna (nu enya kudu dienyakeun, nu
ulah
  kudu diulahkeun),
- Ulah sirik, ulah pidik,
- Ulah ngarusak bangsa jeung nagara,
- Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang 
  diruksak.

Jadi beda yeuh jeung urang-urang anu harirup di
kota...
tukang ngahasilkeun sampah..., nyieun polusi..., 
Teu salah deui..urang-urang teh kaasup "budak
janggotan" atanapi "budak angon"...
budak anu resep ngomong kitu-kieu, bari prak-prakaan
sapopoe teu bisa lepas ngiring ngaruksak alam.
Sigana urang baduy mah sahadatna oge kieu yeuh...
"ashaduallaillahailelloh waashaduanaadam
khalifatulloh".

Konsekwen jadi "adam" anu ngajaga kelestarian alam,
teu kabita ku kamajuan teknologi anu ngaruksak alam.

Kedah kumaha atuh urang ayeuna?

Wassalam
mz

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kang Oman bade tumaros, Ari urang sunda teh
> turunan saha?
> Ari urang sunda kasebutna urang malayu ooge henteu?
> Ari di pikir pikir ku abdi  urang sunda teh
> turunan raja galuh jeung pajajaran sareung karajaan 
> anu sanes anu nyariosna  bahasa sunda nu aya
> ditatar sunda. Pribados leuwih bangga disebut
> urang sunda tibatan urang  malayu.

 
> Bagean anu penting diantarana (pamuka): "*Saur
> Prabu Siliwangi ka balad  Padjadjaran anu milu
mundur 
> dina sateuacana  ngahiang".
> Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia
> kabehan ka ngaing pada  satia, tapi ngaing heunteu 
> meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi
> balangsak, ngilu rudin bari lapar.
> PS:
> Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya
> engke jagana jembar senang mugih mukti, bisa
>  ngadegkeun deui Padjadjaran.
> Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu
> anyar, nu ngadegna  digeuingkeun ku obah jaman;

> PS:
> Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun
> ngaing, heunteu pantes jadi raja amun somah
sakabehna
> lapar bae jeung balangsak.
> PS:
> Darengekeun:
> Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka
> beulah kidul;
>
> manAR:
> kidul di dieu, ceuk sakaol, Sancang tea. Anu di
> Sancang ayeuna cenah geus naritis ka US anu rek 
> neruskeun cita-cita:
> ngaraharjakeun masyarakat.
>
> PS:
> Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun,
> geura misah ka  beulah kaler;
>  manAR:
> anu ka kaler, baheulana eta golongan anu hayang
> balik deui ka urut  karajaan.
>
> PS:
> Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka
> beulah wetan;
>
> manAR:
> anu ka beulah wetan anu rek kumawula ka pamimpin
> anu keur jaya harita.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke