Sakadang jengkol meni hebat nya, atawa US nu hebat, kiat nuang jengkol, 
hehehe.... Abdi teu acan pernah neda jengkol, kantos nyobian sakali sagegel 
semur jengkol di Kafe Bali, tapi langsung mual. Teras kapok, teu acan nyobian 
deui dugi ka ayeuna. Kantos maca upami teu lepat dina Intisari, saurna upami 
jengkol dituang, aya zat anu mangrupa jarum nu nusuk-nusuk kana kandung kemih, 
matak nyeri. Naha eta nu disebat jengkoleun tea? 
  Jigana abdi dugi ka iraha oge moal watun neda jengkol, hehehe..... 
  Aya sobat nu sieun nuang jengkol, sieun raos janten kateterasan saurna. Tina 
jengkol upami teu lepat aya kurupuk jengkol, tiasa oge panginten didamel sarupa 
snack jiga Taro, janten tiasa aya Taro Rasa Jengkol. 
   
  Baktos,
  ika

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Baraya,

Tetela kabeuki US kana jengkol teh luar biasa. Ceuk koran PR poe ieu,
konsumsi jengkol di Jabar ngahontal 100 ton unggal poena. Mangga geura
parios di dieu: http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2006/022006/20/0603.htm .


Nyaan, matak helok sakaligus narik ati, boh pikeun ancrub dina ekonomina,
atawa nalungtik aspek-aspek paelmuanana. Sabaraha ajen ekonomi jengkol keur
masyarakat Jabar? Kumaha prosepek usaha jengkol, boh tatanen atawa bisnisna?
Aya naon wae dina jero jengkol salain zat anu nimbulkeun bau? Naha aya
khasiat khusus atawa ukur--lain zat jit-jet - zat bau? Ceuk cenah aya anu
nyebutkeun jero jengkol teh aya khasiat pikeun nyegah panyakit diabetes? Oge
jelas, kusabab loba ngandung kalsium, loba teuing dahar jengkol teh teu
hade, utamana  keur anu boga potensi panyakit ginjal.

Ka sadayana bae, mangga bilih aya anu bade ancrub kana "perjengkolan", naha
dina widang ekonomi, tatanen atawa paelmuanana, oge budaya jengkol (sugan ka
hareup aya seni tari jengkol, upamana), dihaturanan ngadadarkeun pamendakna.
Atawa, diantos komentarna anu kumaha wae teu kedah isin pedah jengkol teh
bau, seratan naon wae sabudeureun jengkol anu kaasup buleud oge sanggeus
dipesek mah.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  SPONSORED LINKS 
        Culture   Bahasa indonesia 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



                
---------------------------------
Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke