Baraya,
   
  Nuhun ka Gan Ilen,Kang Dien, kabayan sareng nu sanesna. Nya nuhun teh kana 
waleranna posting sim kuring.
   
  Rek ngadongeng, pondok we.
  Gan Ilen...Gan Anu.....tah ieu teh karangan Abah Surya. maksadna panginten, 
supados gampil sareng supados aya rasa duduluran mun nganggoa Gan teras disebat 
namina.  Kumargi da di internet, sok enggal jadi  ...asa caket. Padahal tepang 
ge teu acan. Nya eta pedah posting karaosna teh asa sami sareng ngobrol, 
kumargi sok aya waleranna.  Nya teu harita keneh tiasa maca walerana, dua tilu 
dinten ge da asa cikeneh ieuh.  Komo mun "chatting".
   
  Tah Gan teh  karaosna ku Abah mah asa  merenah pisan. Naha umurna 
sahandapeun, atawa umurna saluhureun,  malah mah pangkat ge jadi ngaleungit. 
Jadi ngobrolna ge teu asa-asa.  Gan Waru, ari pek teh guru SD umpamana teh, oge 
ka Dosen PT nu kahot oge sami wae nyebat Gan.
   
  Baheula mah,ieu cenah ceuk MJ mun teu lepat mah. Basa Sunda oge teu aya nu 
lemes teu aya nu kasar.  Nya basa Sunda nu baheula teh teu ningali pangkat  
utamana. Nya mun nyarios atawa ngobrol teh  jiga mun basa Inggris, Mr, Miss, 
you. Mun kaistri nu lengoh keneh nya Miss, bade ka ABG atawa ka Nini nya sami 
we nyebat Miss.
   
  Jadi ratusan boh rebuan taun, US teh ditingali tina basana parantos nyiptakan 
"Classless Society". 
   
  Tah sakieu wae, pondok.  Disamikeun jeung kanyaho Abah Joe, deet.
   
  Mangga kanu sanesna, Mama Man Ar, Gan Resoma, Gan Ilen , Kumincir, mh,mj,
  sok ditambihan ngarah panjang dongengna. Tah nu ieu mah jarero pisan.
   
  Nuhun Gan Bill Gates, tilu taun dirorompok teu boga pagawean, ku ayana 
komputer jadi teu bosen, malah tina "deet pisan" jadi "deet" pangarti sim 
kuring.
  Nganuhunkeun soteh, mun susuratan sabaraheun ongkos  prangkona nya ?
   
  Wassalam,
  Abah Joe

                
---------------------------------
Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke