Harturan Kang Nana, Kang Rahmat oge sadaya wargi kisunda, wilujeng enjing...
Kang Nana: Pantes atuh aya prasati (batu tulis) anu di Cipaku (Purbalingga), upami hurup palawa masih dianggo dugi ka abad ka-10 mah margi wewengkon Purbalingga kapungkur mah masih kalebet ka pusat kasundaan nalika jaman Galuh dugi ka jaman Sanjaya, tapi rupina saparantos kanjantena Harya/Aria Banga (Hariangbangah) vs Ciungwanara misahkeun wetan sareng kulon, wewengkon banyumas janten henteu strategis deui kumargi janten perbatasan anu sepi. Banga ngembangkeun puser kota kapalih wetan, Ciungwanara langkung condong deui ka kulon. Wewengkon palih dieu boh wetaneun Kali Serayu atanapi kulonenana janten sepi ku kakawasaan kumargi tebih ka puser dayeuh karajaan, palih wetanen K.Serayu akhirna ngadeg karajaan Bagelen (pajarkeun teh bebas teu kajajah ku Majapahit, ceuk urang bagelen mah). Karajaan Bagelen teh kaitung strategis kusabab urang Galuh geus teu nolih ka wetan komo wetanen K.Serayu mah dalam kadipaten Pasirluhur ge anu aya disakulonnen K.Serayu kurang kapalire anu antukna areh deui ka budaya jawa nalika jaman "Pangungsi ti Majapahit ka Galuh" anu ngabalukarkeun lengserna Raja Galuh jeung Raja Sunda. Kang Rahmat: Hatur nuhun kana informasina, Kang! Manawi jalurna kirang langkung kieu Galuh, Purbalingga, Magelang, Dieng, janten prasasti di Purbalingga langkung sederhana tibatan prasasti anu aya didieng kumargi langkung ti payun ayana. Kang Rahmat, sim kuring titip amanat kanggo Kang Dr. Agus AM kumargi anjeuna mah ahli dina widang ieu; Ka hiji: "mangga geura sumping sareng taliti tapak (jejak) budaya sunda anu aya di wewengkon Banyumas ngarah tatar sunda naglegaan" Ka duana: "urang palire deui dulur urang 'diperbatasan' upamana ngayakeun riungan atawa sawala budaya sunda di Dayeuhlur (Cilacap) atau di Salem, Batarkawung (Brebes) kanggo ngaraketkeun deui urang sunda ka puser sunda" Kang Rahmat, upami aya data/informasi anu diperyogikeun kanggo ngokohkeun titipan sim kuring, Insya Alloh anu kaduga mah urang dilengkepan, sinareng upami aya anu bade sumping ka Banyumas mah mangga diantos, upami anu aya di sim kuring mah moal dikoretkeun boh anu sifatna materi atanapi imaterial. Baraya, bilih aya anu kirang neda hapunten bae. Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Nana Tea To: [email protected] Sent: Friday, March 17, 2006 4:23 PM Subject: Re: [kisunda] Batu Tulis Cipaku Haturan kang Rahmat.. sawios da sanes ngarewong ...... kan elmu. Apan saur abdi oge ASUMSI Eta oge dumasar kana hiji foto kiriman ti Kang Dudi bentuk aslina abdi oge teu acan terang Diantos japrina kang Rahmat upami teu kaabotan mah MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ke..ke..ke.. bade "ngarewong" sakedik. Waktos kamari ngiringan sawala SIMPAY dimana kang Agus Aris Munandar medarkeun perkawis sesa paniggalan candi di Jawa Barat bagean kidul, aya katerangan anu netelakeun, titinggal periode Sanjaya benten sareng candi-candi anu ayeuna aya di Dieng. Aya ciri khas anu ngabentenkeun candi Dieng sareng candi jaman Sanjaya. Mangga geura diilo "makalah" Kang Agus anu dipostingkeun ku simkuring di KUSnet sawatara kapengker. Anu berkembang di luar ayeuna, memang Candi di Dieng dikaitkeun sareng periode Sanjaya. Namung panalungtikan tim ahli arkeologi UI, gaduh buktos, priode Sanjaya aya cirina nyalira anu benten sareng periode "peninggalan" karajaan Jawa. Pami hoyong langkugn paos mah, ke abdi bade naroskeun deui ka Kang Agus Aris Munandar. baktos, mrachmatrawyani --- Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum wr wb > Alhamdulillah Kang Dudi, Japri jpg Cipaku parantos > katampi ku sim kuring > hapunten rada lami, sabab nitenan eta tulisan anu > aya di cpk_5.jpg kedah di banding-banding sareng > model anu sanesna. Numawi sim kuring sanes ahli > filologi, atanapi archeologi, jadi we lumampahna > rada jujurugjugan, sapertos balita. he he he .... > > Kang Dudi, upami ningali tina bentuk + model > batu, rupana mah masih keneh sederhana, asana mah > eta tulisan rada caket atanapi sa umur sareng anu > aya di Dieng. Tapi sim kuring masih keneh ragu, > sabab "teknik olah batu" di Dieng langkung sae > tibatan "olah batu" nu aya di foto kiriman Akang. > > Candi Dieng, dugi ka ayeuna disimpulkeun kagungan > Sanjaya. > Raja Sanjaya dipercaya basa nuju ngawasa wewengkon > na aya di dayeuh Jateng bagian kaler, maksadna ti > Peg Dieng dugi ka Pantura. > Tah upami ditingalian tina ukuran geografis eta > teu salah jigana mah upami eta batu cipaku, pakait > sareng Sanjaya, tapi rupina ti generasi awal, > buktosna teknik olah batu __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. SPONSORED LINKS Culture Bahasa indonesia --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "kisunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. SPONSORED LINKS Culture Bahasa indonesia ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "kisunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
