Kang Peuyeum,

kamari kuring ngobrol jeung kang Hendra urang kusnet oge, anjeunna nawarkeun
buku ensiklopedia sunda kenging pa ajip tea, cobi hubungi we imelna di
[EMAIL PROTECTED] buku ieu ge pernah katingal di toko bukuna jose
rizal di pojokan tim, upami teu lepat hargana 750 rebu. kuring mah ningali
ukur bisa neureuy ciduh! keur tong pes hi hi hi hi hi

mugya tiasa ngabantu,


deha

On 3/21/06, Peuyeum <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Assalamu'alaikum,
>
> Hatur nuhun ka kang Rido sareng anu sanesna, parantos
> masihan pituduh :-). Saleresna simkuring hoyong pisan
> anu wujudna buku cetakan, nuju diajar ngumpelkeun
> buku-buku sunda utamina sajarah sunda.
>
> Kitu oge nembe milarian di gramedia sareng gunung
> agung di Bandung sareng Jakarta, kenging panginten
> sapuluh buku mah. Dugi ka ayeuna simkuring masih
> "uruy" neureuyan ciduh hoyong mendakan buku Sajarah
> Tatar Sunda kenging Ibu Nina Cs ti Unpad sareng
> enklopidia Sunda kenging pak Ajip, teu hilap hoyong
> oge buku-buku kenging pak Saleh Danasasmita:-).
> Dupi buku-buku anu parantos dipeser mah kagungan pak
> Edi Ekajati, pak Ayatrohoedi, pak Ajip, pak Rokhmin
> (eks menteri)sareng nu sanesna.
>
> Upami anu tiasa di"browsing" mah seuseueurna kantos
> "dipolototan" malah mah dirobih kana file pdf. Duka
> kumaha rarasaon teh masih hanaang...
>
> Neda hapunten ti sadayana
>
> Wassalam,
>
> Peuyeum


--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke