Baraya,
Aya rasa reueus kana kamotekaran karuhun urang anu parantos nganggit
lalaguan Sunda, ari nu jadi lantaran nyaeta:
1. Salah sawios lagu dina wanda degung instrument janten bubuka TV7 di
Malaysia, sok sanajan ukur saulas tapi ceuli teu bisa kapalingan,,,,,eta
teh lagu degung Sunda.....judulna Mupu Kembang. HEBAT pisan lagu Sunda bisa
sumanding kana sakabeh ceuli nu aya di Malaysia.
2. Rea Spa di Malaysia (cenah) make lalaguan instrument Kacapi Suling keur
nenangkeun pelanggan waktu keur diropeana.
3. Hiji waktu kuring datang ka pelantar minyak, terus asup ka rohangan
juragan satempat, manehna teh urang Sarawak tapi keur ngadengekeun
lalaguan Sunda dina wanda degung jeung kacapi. Ceuk dina hate teh "Asa
leuwih nikmat ngadengekeun lalaguan Sunda teh ari nu nyetelna lain Urang
Sunda mah"
Hatur nuhun ka para rengrengan Karuhun Sunda anu parantos ngawaris
kaluhungan sareng kajembaran kasundaan, nyanggakeun sembah pangabaktosna.
ilen kardani
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/