Reungit mangrupakeun anggota famili Culicidae; serangga nu boga sapasang
jangjang nu bisa nilep, sapasang halter, awakna langsing manjang, sarta suku
nu paranjang. Nu bikang ti kalolobaan spésiés reungit nyeuseup getih ti sato
séjén, kaasup manusa. Ukuranana rupa-rupa, tapi ilaharna mah tara leuwih ti
15 mm (0,6 inci). Beuratna ukur 2-2,5 mg. Hiberna bisa nepi ka 1,5-2,5 km/h,
sarta lolobana hirup peuting.

Famili Culicidae kaasup ordo Diptera, ngawengku 3500-an spésiés dina tilu
subfamili: Anophelinae (3 genera), Culicinae (9 genera; leuwih ti 80%-na ti
sakabéh spésiés), jeung Toxorhynchitinae (1 genus). Generana ngawengku
Anopheles, Culex, Psorophora, Ochlerotatus, Aedes, Sabethes, Wyeomyia,
Culiseta, jeung Haemagoggus. Dina famili Anophelinae aya genep subgenera:
Stethomyia, Lophopodomyia, Kerteszia, Nyssorhynchus (kabéhanana ti Amérika
Kidul), Cellia (Dunya Buhun wungkul), jeung Anopheles (sakuliah dunya).

Reungit nu sok nyeuseup getih téh nu bikang, sedengkeun nu jalu mah kana
mamaduan. Malah Toxorhynchites mah teu nyeuseup getih, sabab kabeukina téh
ngahakanan reungit lianna. Tapak nyoco reungit ilaharna aya kénéh nepi ka
itungan jam, dina bentuk titik beureum jeung béntol nu diaméterna kira
sasénti. Tah, sumebarna panyakit kayaning malaria jeung virus Nil Kulon
(West Nile Virus) téh nalika reungit nyoco. Ku kituna, pikeun ngontrol
populasina, pamaréntah lokal biasana mah ngampanyeukeun ka masarakat sangkan
miceunan wadah-wadah/runtah nu bisa nampung cai, migunakeun péstisida, jeung
bahan organik lianna.

Biologi
Reungit bikang lolobana boga bagian sungut nu ngabentuk tulalé pikeun nojos
kulit mamalia (ogé kadang nyoco manuk, réptil, jeung ampibi) nalika nyedot
getihna. Sabalikna ti jarum nu lemes, tulalé reungit mah rérégéan nu
ngurangan titik antel jeung kulit nu keur ditojos — maksudna sangkan
ngurangan rangsangan sarap sahingga nalika dicoco téh teu karasa (baca bab
Reungit jeung kaséhatan di handap pikeun dadaran ngeunaan béntolna). Pikeun
kamekaran endogna, reungit bikang butuh protéin. Kusabab normalna mah
reungit téh ukur dahar sari kembang/madu jeung cairan bungbuahan nu teu
ngandung protéin, mangka reungit bikang butuh getih pikeun nyumponan
pangabutuh protéinna.

Reungit nu ngalaman métamorposis lengkep, ngaliwatan opat hambalan dina
hirupna: endog, jentik, pupa, jeung sawawa — hiji prosés nu digambarkeun ku
filsuf Yunani Aristotel. Lilana tilu hambalan nu awal gumantung ka suhu
jeung spésiésna. Culex tarsalis bisa ngaréngsékeun siklus hirupna dina
jangka 14 poé dina 20°C sarta ukur sapuluh poé dina 25°C. Pikeun spésiés
lianna, daur hirup téh lilana antara opat poé nepi ka sabulan. Larvana taya
lian ti jentik nu sok kapanggih dina cai; ngarénghap nyeuseup oksigén
atmospir ngaliwatan sipon/solobong dina tungtung buntutna. Pupa-na méh sarua
jeung jentik, tapi ngarénghapna ngaliwatan "tanduk" dada nu napel dina
spirakel dadana. Kahakanan jentik lolobana mangrupa mikroorganisme, tapi aya
ogé nu ngamangsa jentik lianna.

Reungit di wewengkon nontropis mah ngaliwatan mangsa tiris dina hambalan
endog, najan aya ogé nu dina hambalan jentik atawa sawawa. Reungit genus
Culex (véktor kasakit énsefalitis St. Louis) ngaliwatan mangsa tiris salaku
bikang nu geus jalangan.

Reungit bikang ti spésiés nu sok nyeuseup getih nangtukeun mangsana
ngandelkeun pangambeuna, utamana sénsitip kana karbon dioksida nu ditiupkeun
tina engapan sarta sababaraha zat nu aya dina késang. Studi émpirik ngeunaan
ieu nunjukkeun yén résiko dicoco téh nuturkeun sebaran binomial négatip.
Lalaki/jalu nu lintuh, sarta boga golongan getih "O" mangrupakeun mangsa
utama panyoco reungit. Reungit bisa nyusud panas, sahingga bisa manggihan
mamalia getih haneut jeung manuk kalawan gampang (mun geus deukeut).

Reungit jeung kaséhatan
Di AS, dicoco reungit téh kaitung ukur gangguan. Tapi, umumna di sakuliah
dunya mah, komo di wewengkon tropis, reungit téh mangrupa masalah kaséhatan
umum anu utama. Reungit téh népakeun panyakit dina itungan 700 juta unggal
taunna, nu ngabalukarkeun palastrana hiji ti 17 urang [1].

Genus reungit anopheles mawa parasit malaria (baca Plasmodium falciparum) nu
ngabalukarkeun mortalitas prématur, utamana barudak balita, nu sataunna nepi
ka 1,3 juta urang palastra. Kalolobaan spésiés reungit bisa mawa cacing
filariasis; parasit ieu ngabalukarkeun kasakit kaki gajah (elephantiasis),
nu ayeuna ditandangan ku kira 40 jutaan urang. Kalolobaan spésiés reungit
bisa mawa kasakit viral muriang konéng, demam berdarah, poliartritis
épidemik, énsefalitis, muriang Rift Valley jeung virus Nil Kulon. Virus nu
dibawa ku artropoda samodél reungit katelahna arbovirus.

Reungit nyocona dina waktu nu teu tangtu sarta jarang kanyahoan, tapi aya
ogé sababaraha spésiés nu nyoco dina wanci-wanci nu tangtu; katémbongna
tapak nyoco téh mangrupa balukar tina réaksi imun awak. Nalika nyoco awak
manusa, reungit téh nyuntikkeun ciduh jeung anti-koagulan. PAs dicoco
munggaran mah awak téh teu méré réaksi, tapi pas nu kadua kali jeung
saterusna, sistim imun ngembangkeun antibodi sahingga aya inflamasi nu
katémbong salaku béntol dina jangka waktu sapoé. Ieu ilaharna kaalaman
nalika keur budak. Beuki mindeng dicoco, sénsitivitas urang beuki luhur,
sahingga béntolna némbongan dina jangka sababaraha menit nalika réspon imun
megatkeun saluran getih kapilér sarta ngumpulkeun cairanana handapeun kulit.
Jalma sawawa aya nu jadi teu sénsitif sahingga mun dicoco reungit euweuh
réaksina atawa réaksina saeutik pisan, tapi aya ogé nu jadi hiper-sénsitif
sahingga nimbulkeun béntol nu badag tur nyeri.

Ngontrol reungit
Aya dua cara pikeun ngontrol reungit: (1) program badag nu dikokolakeun
pikeun ngurangan populasi reungit nu ngawengku wilayah anu lega, jeung (2)
peta individual pikeun ngajaga diri jeung lingkungan dumukna.

Kiwari, program ngontrol reungit dumasar kana prinsip-prinsip integrasi
ngokolakeun hama, nu biasana ngawengku sababaraha ukuran, dumasar kana
pangaweruh urang ngeunaan daur hirup reungit[2]:
    * ngurangan sumber - miceunan/ngaleungitkeun habitat baranahan reungit
    * modifikasi habitat - manipulasi habitat pikeun ngahulag baranahan
    * biokontrol - ngawanohkeun prédator reungit alami
    * larvisida - migunakeun péstisida pikeun ngurangan populasi jentik
    * adultisida - migunakeun péstisida pikeun ngurangan populasi reungit
sawawa.

Ngusir reungit
Panghulag atawa pangusir (repellant) reungit ilaharna ngandung salah sahiji
zat DEET, ekstrak minyak Catnip, nepetalakton, ékstrak minyak sitrunéla
atawa ékaliptus. Cara lian nyaéta ku maké kipas/hihid (sabab reungit mah teu
resep kaanginan), atawa bahan-bahan nu ngandung alétrin. Aya ogé cenah cara
lianna deui, nyaéta ku miara pepelakan anu ngaluarkeun zat nu teu
dipikaresep ku reungit, tapi seuk para élmuwan mah jétu sotéh mun
daun/bagian tutuwuhanana dibebek sahingga kaluar zat kimiana.

Sumber Rujukan
    * Mosquito, Wikipédia édisi basa Inggris (1 Maret 2006)

Tumbu kaluar
    * American Mosquito Control Association - Mosquito Information
    * Mosquitoes and mosquito repellents: a clinician's guide
    * University of Florida Public Health Pesticide Applicator Training
Manual - Chapter on Mosquitoes
    * Mosquito Genomics WWW Server
    * Mosquitoes - Micscape September 2003
    * Mosquito pictures - Ngadadarkeun kahirupan katut poto-potona.
    * Close up mosquito pictures - Poto close up reungit nalika keur nyoco
jeung keur jalangan.
    * Frequency of Mosquito Wings
    * Mosquito Species of the British Isles (dokumén PDF)
    * The evolution of DDT resistant mosquitoes
    * CDC Division of Vector-Borne Infectious Diseases - Émbaran ngeunaan
virus Nil Kulon (West Nile virus) jeung kasakit alatan reungit lianna.
    * New Zealand Dermatological Society Incorporated - Cocoan serangga
katut cara numpurkeunana.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Reungit";

Kategori: Parasitologi | Sasatoan | Serangga

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke