Kang MH, 
Punten mun teu nyambung :-)

Emut kapungkur ari nguping kecap "jomlo" teh hehe...
Nyieun pakempelan jomlo...nuju jaman otb(organisasi
tanpa bentuk, kantos ngayakeun JIM (jomlo information
meeting) deuih nyaingan jakarta information meeting!. 

Kagiatanana teh nu rada langgeng mah tiap malem minggu
ngempel disekretariat nu salahsahijina di dago 52,
biasa we curhat silih poyok disagigiran eta oge
diwidang pendidikan. Resep geningnya mun ngobrol make
basa sunda kasar jeung jorok teh!:-) Kuring kitu
soteh, kang, punten pisan!

Sigana jarang aya hiji paguyuban nu bungah mun anggota
gancang-gancang kaluar dina harti kaluar mun  meunang
kikineuwan atawa nikah. Mun aya aggotana nu kaluar sok
disalametkeun di rumah makan ayam brebes di lembang
atawa aa Laksana di Sukarno Hatta, sakapeung mah
batagor isan di kopo! 

Dupi sajarah ngadegna kantos
dipresentasikan/makalahkeun di lembaga kursus bahasa
inggris di UPI Bandung, teu aya hiji oge dosenna anu
teu gumujeng tepika cirambayan...make jeung nanyakeun
deuih naha bener ieu teh aya? Leres...cekeng teh,
mangga we upami ibu teu percanten mah engke malem
minggu ku abdi diulem kaleresan aya acara jomlo night!
emut harita mah dosenna teh urang sunda
wungkul....jeung betah deuih kuliahna teh.:-) Duh
salah euy...kuliah teh teu di dieu sigana moal jomlo
wae yeuh...(dina jero hate kitu oge!)

Kapihatur: 
1. Ibu Safrina Noerman saparakanca di Jurusan Bahasa
Ingris UPI Bandung, mugia damang sareng aya dina
panangtayungan Alloh SWT salamina! 
2. Aa Bandung,kapungkur ngageugeuh di dago 52, keukeuh
ngangken nu gaduh Bandung tapi lalajo persib
diteunggeul ku bobotoh:-)

wassalam,
Peuyeum Ball
"teu aya maksad keukeuh jomlo sakedik ge, sumpah! daek
dikawinkeun kanu lenjang sawios si eta oge"


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke