--- In [email protected], Yeni Kurniatin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Manawi teh kuring wungkul nu teu kekengingan milarian Koran Sunda 
Teh, Di Kopo mah peredaraan na langka pisan benten sareng majalah 
atanapi tabloid bolekak-bolekek. salieuk beh! sakali ngalieuk 
katingali kabeh. Kumaha atuh para pengurus distribusi koran sunda?
==============

Atuh ari kitu mah, hayu urang nyewa FPI/MMI, urang menta tulung 
sangkan Koran Sunda laku.
Geuning ku kalakuan maranehanana majalah Playboy laris.

Neng Yeni  teu kedah masang potret nu "salieuk beh" lah di halaman 
Utamana Koran Sunda.
Ceuk babaturan sim kuring, urang Itali sarua kolotna sarua 
pangsiunan, batur nginum kopi di Dunkin Donut. mah cenah  kieu:Mun 
nu  "salieuk breh" mah , euweuh gunana.  "nothing left for the 
imagination", cenah.

Cekap ku potret Mojang Priangan, nganggo sinjang, kabaya beureun 
tina brokat, disanggul, nganggo kelom geulis, dipayung buatan Tasik.
Mojangna nu bahenol nerkom, cekaplah. Nganggo sinjangna anu pas. Teu 
kedah nyitak.

 Abah....abah...meh subuh yeuh.....si Ambu ngahudangkeun....eeeeh 
keur ngeunah-ngeunah ngimpi bet dihudangkeun.  
Ngimpi naon, ngimpi di alun-alun, hareupeun Kabupaten, milih-milih 
keretek,delman jeung sado anu kudana nu alus, buluna herang, 
buntutna panjang ?? Moal manggihan deui ayeuna mah angkot jeung ojek 
wungkul.

Si Etah mah aya ku nyaho wae, mun kuring ngimpi atawa ngalamun nu 
bahenol nerkom teh ! Eta boa pedah geus 45 taun laki-rabi 
meureun.......aaah lain ah..boa ngintip waktu kuring ngimpi terus 
mesem-mesem bari ngadahdir,  ngimpi diajak seuri ku nu bahenol 
nerkom !

Abah Joe






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke