Ieu dongeng teh, saenyana mah kajadianana sababaraha
bulan ka tukang. Waktu aya kariaana Gong Xi Pa Chai,
alias pabaru China. Ngan rek ditulis, kaluli-luli,
balas ku pakepuk jeung garapan sejen. Kakara inget
deui ayeuna, pedah katimu waktu ngorehan arsip gambar.

Saban poe minggu isuk-isuk, geus jadi kabiasaan, upama
taya halangan, sok ngahajakeun ngadon ulin ka dayeuh,
bari jalan-jalan ngalempengkeun cangkeng. Ngahaja
ngalempengkeun cangkeng teh, make cara nu paling aman,
ukur jalan-jalan isuk-isuk. Da ari dilempengkeun di
rel kareta api mah, rumasa teu bisa debus. Hehehe.

Hiji mangsa, barang anjog ka hiji tempat balanja,
katinggali loba jalma nu ruang-riung. Teuing naon nu
dilalajoana teh. "Boa-boa aya tukang obat!", ceuk
pikir teh. Rarasan teh di alun-alun Bandung. Baheula
lamun aya nu ruang-riung di alun-alun Bandung, bisa
kajudi, aya tukang obat keur noroweco. 

Barang dideukeutan, disidik-sidik, geuning lain tukang
obat nu pada ngariung teh. Geuning loba babah, keur
ngadarapang. Kolot budak, awewe lalaki, keur
ngadarepong, dilalajoan ku jalma rea. Sihoreng eta
babah teh, keur pasanggiri kaligrafi aksara China,
dina raraga mieling Gong Xi Fa Chai. Naon nu matak
helok teh, eta nu miluanana, ti mimiti budak umur TK
nepi ka umur tengah tuwuh, awewe lalaki, ngilu aub
pasanggiri. "Paingan, atuh paingan!", ceuk pikir
kuring. Geuning babah mah nepi ka kituna, miara
warisan budaya karuhunna teh. Kolot budak, awewe
lalaki, milu aub, babarengan. Teu matak heran, upama
basa China katut aksarana tetep kapiara nepi ka
kiwari.

Ras inget ka lembur, lamun aya kariaan imtihan bulan
Mulud atawa Rajab, kariaan bulan Agustus, kitu deui
pangajian sore, asa can manggihan dimana tiap lapisan
baraya di lembur kuring milu aub sakabehna. Imtihan
Muludan jeung Rajaban, ukur keur barudak. Pangajian
sore ukur didatangan ku kaum wanoja jeung Ibu-Ibu.
Bapa-bapa na mah duka kamarana. 

Boa-boa, kaayaan basa Sunda jiga ayeuna teh, saenyana
mah buah kalakuan urang sorangan. Teu jiga babah, nu
soson-soson miara basa jeung budayana sorangan.
Wallahualam.

Salam,
MH



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke