--- In [email protected], andry haryanto <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> HARI BUMI INTERNASIONAL DI BANDUNG
>   . 
>   
>    
>    
>   Rangkaian kegiatan
>     
>    long march
>   Start à Taman Ganesa – Jl. Dago – Cikapayang – Jl. Diponogoro 
>   Finish à Monumen Perjuangan
>   Selama long march, aksi juga akan diisi dengan berbagai kegiatan 
performing art serta aksi-aksi lainnya. 
>    
>     
>    Aksi Statis
>   Aksi statis berupa penyebaran media-media kampanye berisi 
informasi seputaran lingkungan hidup.  Ini sebagai salah satu bentuk 
ajakan kepada masyarakat dalam penyadaran terhadap lingkungan 
sekitarnya.  
===============
Aden Andy,

Aduh geuning mani rame atuh. "kegiatan performing arts serta aksi-
aksi lain"  
Kabayang wae eta long-march teh matak macet lalu-lintas. Jadi 
kapaksa tah eta mobil, angkot, motor, truk areureun. Disangkana teu 
lami, nungguan rengse long-march, mesinna teu paehan.
Naha bet kieu, cenah aranjeun teh rek usaha neangan jalan 
sangkan "Global warming" turun. Tapi ku nyababkeun lalu-lintas 
macet, malah sabalikna. Nya nambahan kana, polusi di kota, tangtuna 
ge engkena jadi matak "Global warming" lain turun malah manasan.

Jeung deui, long- march, matak pikacapeeun. Jeung selebaran pamflet 
oge pan ongkosna teu saeutik.

Kuma mun kieu:
1. Ongkos nyetak jeung ongkos ngayakeun performing arts dipake 
jang "briefing" para sukarelawan naon hartina "Global Warming". Mun 
bisa mah ku basa Sunda. Jeung sagala akibatna mun urang teu usaha 
nanaon.
2. Diajar melak, "tanaman nu hejo-hejo " dina pot.
3. Diajar "tanaman hias "  nu gampang  diurus jeung matak jadi imah 
alus ku ayana "tanaman hias" eta.

Long-march, tibatan matak lalu-lintas macet, kumaha mun long-march 
ieu diganti ku para sukarelawan kaluar asup sakabeh RW/RT sakota 
BAndung heula we. Tah didinya ngobrol jeung rakyat, ngadongeng 
soal "Global warming", ceuk sim kuring diluhur, alusna make basa 
Sunda.

Boa aya komentar ti penduduk:" Nya saena kedah kumaha sum kuring, 
supados tiasa ngabantu". Tah kudu boga jawaban anu praktis, gampang, 
jeung teu perlu ongkos. Naon nya ?

Kieu jawabanna:
Ibu/Bapak aya lahan dipengkereun bumi ?
Upami aya, cobi melak..cengek,saledri, bawang daun, cikur, koneng, 
laja. Tiasa dina lahan eta atanapi nganggo pot. Upami lahanna 
heureut, saena mah nganggo pot teras ngadamel kanggo nyimpen pot 
tea. Upami tiasa mah jiga taraje nu paranti nincakna panjang. Pot-
pot teh dijengjrengkeun kagigir sareng ka luhur.

Saena mah lahan mah dianggo ngubur runtah, mung runtahna kedah 
dipilihan heula. Botol, kaleng, plastic,keretas dipisahkeun. Anu 
dikubur nya sesa-sesa katuangan atanapi kulitna bangsa bubuahan.
Tah engke eta botol,plastic, kaleng sareng keretas upami tos 
dikumpulkeun, engke ti Organisasi sim kuring aya nu ngunpulkeun. 
Engke Ibu/Bapa dipasihan "coupon", nya tandana Ibu/Bapa ngiring 
ngabantu usaha Orgasisasi sim kuring. Nya bade iraha wae, candak eta 
kupon ka kantor Organisasi, tiasa digentoskeun kana barang-barang. 
Mung barangna sanes barang anyar, tos dianggo tapi sae keneh.
(Kampanye ngumpulkeun, baju,parabot dapur, mainan anak-anak semuanya 
bekas. Unggal gedong komo nu aya BMW diparkir, diketokan nyuhunkeun 
sumbangan.)

Tah ieu aya bibit tanaman hias. Mung kedah ngadamel pot anu tisa 
digantung, saena mah nya dipayun di teras kituh. Tah tanaman hias 
anu ieu kieu ngurusna, anu ieu mah kieu, dsst.

Saena mah eta pager teh nganggo pager tanaman. Tah ieu aya binih ( 
atawa potongan tangkalna), dicecebkeun. Ulah hilap luhurna di papas 
diratakeun, jadi katingalina sae. Pucukna anu ngora tiasa dtuang ( 
mun pager teh baluntas) dicowelkeun kana sambel tuang sareng sangu 
haneut. Raos da. Nya ditambih ku pepelakan di pengkereun bumi, 
bonteng kitu.

===================
Buktikeun heula, kakara ngayakeun rame-rame. Mun sakabeh RW/RT sa 
Bandung, unggal imah aya tanaman-hias diterasna, dipengker dipelakan 
kaperluan dapur. Aya liang jang mngubur runtah. Runtah bisa jadi 
ngurangan. 
Sok ti ayeuna digarap, engke mun si Abah Joe wangsul, ningali kota 
Bandung aya ku beresih, euweuh runtah. Unggal imah katingali alus ko 
tanaman-hias. Jeung teu panas geuning di Bandung teh!

Sok atuh organisasi Mahasiswa di Bandung ngahiji, tibatan mlonco 
matak cilaka jiga di Jatinangor. Ieu mah pasti moal aya korban.
Ulah hilap unggal mahasiswa nu kaluar asup RW/RT, dikudukeun mawa 
buku leutik jang nyatet. Eta buku kudu pariksa ku senior-na.
Kudu dicatetan RW/RT jeung alamatna,umurna, masih keneh single, ulah 
poho namina, mun manggih nu geulis atawa nu kasep. Tah para Seniors, 
api-api ngaabsen,naha aya mahasiswa anyar kamari  sumping ka bumi.  
Kumaha nyariosna sopan, dst leuwih rea pertanyaan pan leuwih lila di 
bumina si eulis atawa Si Ujang Kasep. Piraku sugan teu disuguhan, 
cai enteh ge cekaplah. Nginumna disuruput, nya !

Abah Joe.

 








PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke