Baraya, nyanggakeun sakedik inpo ngeunaan lini:

Lini (B. Ind: gempa) anu karasa di daerah jauh ti gunungseuneu (vulcano;
gunungapi) tur badag (leuwih ti 4-5 skala Richter eta bisa dipastikeun jenis
lini tektonik (gempa tektonik). Ningali tempat karasana lini anu ti mimiti
Jakarta nepi ka Palembang (komo Palembang mah jauh pisan ka gunungseuneu),
geus bisa dipastikeun jenisna lini tektonik tea.

Dimana sumberna? Pamendak Kang Ato nyaketan. Sumber lini tektonik anu
pangcaketna. boh ka Jakarta atawa Palembang, taya lian ti lempeng
Indo-Australia (baheula mah ngetopna disebut lempeng Hindia) anu aya di
sakuloneun P. Sumatera, sakiduleun P. Jawa, kalawan "engselna" di Selat
Sunda.

Lempeng teh, dina tatanan tangtungan bumi, eta hambalan anu cicingna
sanggeus lapisan simbut (mantel) bumi anu diwangun ku senyawa-senyawa
Magnesium-Silikat (Mg-Silikat, lempeng samudera) atawa Alumunium-Silikat
(Al-Silikat, lempeng benua). Lempeng samudera nya tempat samudera (lautan)
nangkod, sakumaha lempeng benua eta tempat benua numpang.

Lempeng-lempeng anu ngawangun hambalan samudera jeung benua teh sakapeung
paalamprok, kalan-kalan pasalingsingan, jeung bisa oge pipisahan (lempeng
anu sajenis). Samangsa-mangsa dua lempeng anu beda massa-jenisna paamprok
(lempeng samudera patepung lempeng benua), kulantaran Mg-Silikat leuwih
beurat tinimbang Al-Silikat, nya lempeng samudera mubus ka handapeun lempeng
benua (B.Ind: penunjaman, B. Ing: subduction). Ieu anu kajadian di kuloneun
Sumatera jeung kiduleun P. Jawa. Nya kajadian mubus eta lempeng anu hiji ka
handapeun lempeng sejenna anu bisa ngabalukarkeun lini.

Gempa anu gede di jero laut (leuwih ti 6,5 skala Richter; jerona puseur lini
di dasar laut kurang ti 60 km) nya eta pisan anu bisa nimbulkeun
tsunami. Nilik kana gedena lini anu bieu kajadian di Jakarta oge Palembang,
bisa dicindekkeun moal ngabalukarkeun tsunami.

Kunaon tempat patepungna lempeng di Selat Sunda disebut "engsel"? Ieu
patali jeung ayana beda juru (sudut) mubus masing-masing lempeng samudera ka
lempeng benua di kuloneun Sumatera jeung kiduleun P. Jawa. Jejer ieu urang
simpen heula. Engke upama pareng aya waktu urang teruskeun.

baktos,
manAR


On 5/12/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Komo Abdi mah Teh Emme di lt 9 heuheuheu meuni karaos rieugna. Saurna mah
> eta teh lantaran pergerakan lempeng tektonik di Selat Sunda. Duka lantaran
> Krakatau keur batuk (=gohgoy kituw...??!!).
>
>
> Baktos,
> OTA
>
>
>
>   *"Nila Erma Agustini" <[EMAIL PROTECTED]>*
> Sent by: [email protected]
>
> 05/12/2006 03:42 PM   Please respond to
> [email protected]
>
>    To
> [email protected]  cc
>    Subject
> Re: [Urang Sunda] Gempa
>
>
>
>
>
>
> Sumuhun aya lini,
> di daerah Cakung mah karaos rieug-rieugna rada lami aya kana samenitan,
> mangkaning di lantai dua lumayan oge lieur...
> raraosan teh asa naek parahu nu keuna ombak
>
> baktos,
> emme
>
> ----- Original Message -----
> *From:* *Yuliadi* <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* *'[email protected]'* <'[email protected]'>
> *Sent:* Friday, May 12, 2006 3:00 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Gempa
>
>
> aya nu ngaroskeun ayana gempa,
> bieu pisan...15:40
> lumayan rada reuwas
> da simkuring mah gawe sisi laut.....heuheu sieun tsunami
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
>   Corporate 
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=XebwzVpdTm8GSy8GvWnc_g>
>  Business
> culture of 
> china<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Business+culture+of+china&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=e4aS0tTbDmoOM-2OJzrJyw>
>  Organizational
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=b0TqcVMvhB-a0EgixFvFsw>
>   Organizational
> culture 
> change<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+change&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=Z8hBTiWD2XdK93YM2Ng0uw>
>  Organizational
> culture 
> assessment<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+assessment&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=0oDQvHXUEKLGPnUe3OQ8uw>
>  Jewish
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Jewish+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=K0DLpHFrAHyulw_DW5oA8A>
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>    -  Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
>    on the web.
>
>    -  To unsubscribe from this group, send an email to:
>     [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>
>    -  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
>  ------------------------------
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke