SAMPURASUN...

Manawi aya anu tiasa ngabantos.. pribados peryogi data
anu rada eces tur jentre oge merele perkawis sajarah
karajaan Saung Galah di Kuningan. Margi saurna anu aya
dina carita parahyangan yen Raja Rahyang Tangkuku
atanapi Sang Seuweu Karma, eta teh anu ngakurkeun
antawis Sanjaya sabage cikal bakal tuturus gumelarna
Karajaan Majapahit sareng Raja ti Sunda (duka hilap
deui namina). Data ieu peryogi kapaluruh margi
pangemut pribados, yen Raja Rahyang Tangkuku salaku
Raja ti tatar Sunda sakitu luhung ajen sareng
pangaweruhna dugikeun anu parasea oge janten alakur
sareng nurut. Cenah mah kumargi eta raja ngagem
pikukuh Dangiang Kuning (ieu oge anu teu acan kahartos
hoyong dipaluruh, naon atuh anu dimaksad Danginag
Kuninga teh. Cenah saurna Eta Dangiang Kuning teh teu
benten sareng ajaran Dasa Pasanta atanapi Parigeuing
anu kasebat Paramalenyep tea )

Tah ku alatan kitu cenah eta Karajaan Saung Galah oge
langkung beh ditueun ti ayana Karajaan Padjadjaran
ngadeg, tapi parantos "ngajajarkeun" atawa ngakurkeun"
perseteruan atanapi pacengkadan antawis dulur anu
masih keneh sasekeseler (mun ayeuna mah antara Sunda
sareng Jawa meureunan) ku Raja ti tatar pasundan eta.
Ieu anu jarang kabuka dina sajarah sunda, saupamina
leres eta aya laratanana. mangga geura pedar kanu
ngalartos oge jalembar dina pangaweruh kasundaanana.
hatur nuhun.


Cag. Rampes

--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hatur nuhun mang.
> 
> On 5/15/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang Dudi,
> > Ieu dilampirkeun daftar Raja-Raja Tatar Sunda
> periode ahir, kenging nyutat
> > dina buku Kang Saleh Danasasmita. Ngahaja dicutat
> ti periode Kawali, ngarah
> > katinggal jujutanana. Upama ngarujuk kana sumber
> ieu, naon nu ditepikeun ku
> > Kang Dudi teh, enya kitu. Jigana Bah Ajip aya
> kakaliruan nyutat.
> > Wallhu'alam.
> >
> > salam,
> > mh
> >
> > =====
> > E. RAJA-RAJA KAWALI
> >
> > 1. linggadewata (sang mokteng Kikis)       
> 1311-1333 M
> > 2. Linggawisesa (menantu E.l = s.m. Kiding)   
> 1333-1340 M
> > 3. Ragamulya (Aki Kolot)            1340-1350 M
> > 4. Linggabuana (sang mokteng Bubat)       
> 1350-1357 M
> > 5. Bunisora Suradipati (adik E.41)       
> 1357-1371 M
> > 6. Niskala Wastu Kancana (s.m.,Nusalarang)   
> 1371-1475 M
> > 7. a. Susuktunggal (di Pakuan)                
> 1382-1482 M
> >    b. Ninerat Kancana (Dewa Niskala) di Galuh   
> 1475-1482 M
> >
> > F. RAJA-RAJA PAJAJARAN
> >
> > 1. Sri Baduga Maharaja                      
> 1482-152J M
> > 2. Surawisesa (Ratu Sangiang)            1521-1535
> M
> > 3. Ratu Dewatabuana                         
> 1535-1543 M
> > 4. Ratu Sakti                                     
> 1543-1551 M
> > 5. Nilakendra (Tohaan di Majaya)         1551-1567
> M
> > 6. Ragamulya Suryakancana               1567-1579
> M
> >
> >
> > Sumber:
> > Saleh Danasasmita Spk. Rintisan Penelusuran Masa
> Silam -
> > Sejarak Jawa Barat (Jilid IV). 1983-1984. Proyek
> Penerbitan
> > Buku Sejarah Jawa Barat.
> >
> > Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
>  haturan mang hasan,
> >
> > dina dua artikel ti emang nu ngalakonan perang
> bubat nyaeta prabu
> > linggabuana, raja sunda nu puserna masih di galuh
> can pindah ka pakuan. p
> > linggabuana (upama teu salah) buyutna sbm.
> sedengkeun dina esseina mang ajip
> > disebutkeun sbm gugur di bubat.  kumaha eta? naha
> mang ajip salah nyerat
> > kitu? essei ieu aya dina buku kumpulan karangan
> lepas mang Ajip nu judulna
> > Korupsi dan Kebuyaan, terbitan pustaka jaya
> citakan april 2006, karek bulan
> > kamari.
> >
> > sikuring
> > dh
> > On 5/15/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kang Dudi,
> > Pikeun pangayon, upama hayang noong palagan Bubat,
> aya dua artikel lain nu
> > ngabahas eta perkara. Numutkeun ieu artikel mah,
> salah sahiji hikmah
> > palagan
> > Bubat teh, nyaeta munculna tokoh Parbu siliwangi.
> >
> > Toong di diru geura:
> > 1. Memandang Bubat Dari Luar, Oleh HER SUGANDA:
> >
>
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0705/23/khazanah/lainnya02.htm
> > 2. Perang Bubat dan Prabu Siliwangi, Oleh IIP D.
> YAHYA:
> >
>
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0905/10/khazanah/lainnya01.htm
> >
> > salam,
> > mh
> >
> > Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > haduh! rada lieur mang, pedah kakara kamari maca
> eseina mang ajip,
> > "Mencari
> > Sosok Manusia Sunda". di dinya disebut yen Sri
> Baduga Maharaja (SBM) maot
> > di
> > bubat dikepung ku balatentara gajah mada. ari
> kuring apal ka sbm teh raja
> > padjadjaran... jadi asa teu cocog sareng saur
> emang yen perang bubat memeh
> > padjadjaran ngadeg, kumaha tah? naha nu kalakonan
> ku sbm teh kajadian
> > bubat
> > sanesna, atapi lalakon sbm nu di bubat eseina mang
> ajip teu asup kana
> > pangaweruh sajarah sunda anu umum?? neda oncorna..
> >
> > nuhun
> > dh
> >
> > --
> > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> > :.lembur deudeuh.:
> > http://banjarasih.blogsome.com
> >
> > --
> > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> > :.lembur deudeuh.:
> > http://banjarasih.blogsome.com
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke