Para wargi, Geus lumayan panjang ieu padungdengan jejer "US nu calon gubernur DKI". Malah eusi diskusi geus mancawura kaditu kadieu. Aya posting anu nalatahan ka batur ulah emosi, bari dina waktu anu sarua inya ngebrehkeun sikep anu pinuh emosi atawa matak nyundut emosi nu sejen. Sababaraha posting geus teu nyoko deui kana jejer asalna. Kukituna, si kuring anu cenah kapapancenan "nungguan" milist "kisunda" (anu sakapeung sok kacolongan, ma'lum gawe kulir), ngusulkeun: kumaha lamu ieu jejer ditutup nepi kadieu wae? Atawa, kumaha lamun jejerna diganti, upamana: "tetekon (kriteria) calon gubernur keur Jakarta"?
Mangga sakitu wae si kuring milu mairan. Wilujeng padungdengan dina jejer anyar. Aeh........memeh pamitan, meunang bin kaci lain si kuring nepikeun pamadegan? Kieu: si kuring kacida ngarojongna lamun Kang Sarwono Kusumaatmadja atawa Agum Gumelar jadi gubernur DKI. Lain soal kasukuan - rek karana kasukuan wae kaci da satiap jalma oge boga "suku" jeung boga leungeun, tinimbang disumput-sumput siga anu munafik, salila anu dicalonkeun teh teu "rusak-rusak" teuing - lain soal partey anu utamana mah, tapi soal karakter eta 2 calon. Tina panitenan salila ieu, kuring nyakseni ieu dua inohong Sunda teh kawilang hade, boh dina kapmimpinan atawa kalakuan. Der lah baktos, manAR On 5/19/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > duka meunang beja ti mana, ti Kompas kitu, aya dua US nu dijagokeun ku > partey jadi bakal calon Gubernur DKI > > 1. Agus Gumelar, asana ku Partai Demokrat jeung PKS > 2. Sarwono Kusumaatmadja ku PDIP > > > sok atuh DKI ku US deui digubernuranana. piraku ngan Ali Sadikin wungkul > US nu kungsi jadi gubernur DKI. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
