Sabada ngurilingkeun grup Unpad di Prancis taun kamari (Mei sareng 
September), atuh grup Dasentra di gedong Unesco sasih Maret kapengker, giliran 
STSI Bandung diajak pagelaran di sababaraha kota di Prancis di tambihan Andorra 
sareng Roma. Kagiatan dingawitan ping 28 April di kota Niort. Ieu mah dina 
raraga pameran, dimana Indonesia janten tamu kahormatan; dipaparinan stand 
haratis 2000 meter pasagi. STSI Bandung magelarkeun tarianana kalayan dipirig 
ku musik hirup, sadinten 4 dugi ka lima kali. Tarianana sanes ngan ukur ti Jawa 
Barat, tapi ti daerah sanes, sapertos saman, rampai ti aceh; pakarena ti 
sulawesi; jinggan anom, prawiro watang ti jawa, baris, pendet ti Bali, 
giring-giring ti kalimantan. Jsb. Total kopral aya 28 tarian anu disiapkeun 
dina eta pameran. Perhatosan urang Niort kacida ageungna. Unggal pagelaran aya 
kana 200 jalmina tos rentul payuneun panggung. Ti tatar sunda ku anjeun anu 
dipagelarkeun teh diantawisna, tari merak, doger kontrak, doger amprok,
 jaipongan, penca, cikeruhan, ibing wayang, badaya, ponggawa, srikandi 
mustakaweni, wayang golek, ssjb.
  Di luar pagelaran anu sadinten lima kali tea, aya pagelaran khusus ping 3 
Mei. Eta mah dihadiran ku ampir 1000 jalmi; pagelaran di alun-alun (3kali) 
sareng di pasar. Samemeh pagelaran biasana dingawitan ku helaran. Ngagotong 
murangkalih prancis dina jampana, bari diibingkeun siga dina gotong singa 
Subang. Raresepeun pisan barudak bule teh. Rengse pameran, kagiatan dieraskuen 
di kota Angers. Salian ti pagelaran, aya oge kagiatan ngalatih urang Prancis 
nabeuh gamelan. Caralakan oge. Dipasihan serat kanayagan (partitur) lagu 
"waled", jol breng weh narabeuh kalayan lancar.
  Ti Angers ngalih ka kota Toulouse. Baheula mah kota ieu teh tempat tolab 
urang IPTN. Taun 80 an mah urang Indonesia anu aya di Toulouse teh dugi ka 
ratusna. Ayeuna mah tiasa dietang ku ramo. Pagelaran oge dilaksanakeun di 
gedong IAS (Institute Aeronautique et Spatiale). Sateuacanna, para penari ti 
STSI teh ngayakeun latihan sareng; sareng sakola tari nasional toulouse.
  Rengse ti Toulose teras ka montpellier. Kota pelajar di kidul Prancis. Di 
dieu STSI pagelaran dua kali, ditambih ngayakaeun asara di SD. Barudak SD 
raresepeun pisan ngulinkeun wayang, oge dialajar tari anu gampil; dipirig lagu 
tokecang.
  Pagelaran panungtung di Andorra. Nagara alit di pagunungan Pyrene. Acara 
diayakeun dina raraga 10 taun hubungan diplomatik Indonesia Andorra. Dihadiran 
ku para menteri,diantawisna PM sareng Menlu. Sukses pisan; ditandaan ku 
standing ovation.
  Ti dinya teras ka Roma. Pribados mah teu ngiringan, da benten wilayah 
akreditasina.
  Kiwari tinggal lungsena; ngan sugema, tos ngawanohkeun kasenian sunda di 
mancanagara.
      



                
---------------------------------
 Faites de Yahoo! votre page d'accueil sur le web pour retrouver directement 
vos services préférés : vérifiez vos nouveaux mails, lancez vos recherches et 
suivez l'actualité en temps réel. Cliquez ici.

[Non-text portions of this message have been removed]





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke