Baraya,

Mimitina mah kadorong ku urut nyiar bahan tulisan si kuring sabalad-balad
keur Warta Geologi,  buletin dua bulanana di kantor. Bubuhan jejer tulisan
teh ngeunaan babandingan informasi G. Merapi di internet jeung di dunya
nyata anu disirorotkeun atawa dipake ngeunteung kana cara mintonkeun
informasi jeung usaha mitigasi bancangpakewuh alam, nya antukna si kuring
jadi anteng ningalian alam dunya ngamanfaatkeun fasilitas satelit ti NASA
via internet. G. Merapi, Yogyakarta, Bandung jeung tempat-tempat sejenna
ngan ukur memenitan bisa ditingalian citrana, boh dina wangun dua matra
(dimensi) atawa tilu matra.

Keur anu biasa pagilinggisik jeung IT mah informasi bisa ningalian dunya
make satelit via internet teh hal anu lumrah jeung geus teu aneh deui. Oge
si kuring baheula kungsi dibejaan aya informasi sarupa kitu. Ngan harita mah
fasilitasna can pati maju. Ari ayeuna? lumayan geus melesat kacida. Eta
wae, ngembatna urut "wedhus gembel" atawa awan panas (nuee ardente) - salah
sahiji bahaya G. Merapi anu pangkawentarna sadunya- bisa kapapay raratana
dina gambar-gambar kiriman satelit ngaliwatan fasilitas internet. Pon kitu
deui, daerah-daerah urut dioyag-oyag lini di Jogjakarta, atawa wewengkon
baseuh langganan banjir di Kota Bandung bisa dipapay raratana, jalaran teges
pisan ku ayana beda warna (rona) dina gambar-gambar satelit anu
dipintonkeun.

Ka baraya sadaya anu fasilitas internetna nyampak jeung teu kawatesan ku
pulsa atawa biaya akses, mangga geura cobaan ningalian alam dunya dimana
wae, atawa lemah cai geusan ngajadi, atawa wewengkon mana wae anu
dipkahayang, dimimitian ku asup ka alamat ieu:
http://earth.google.com/ Tatacara
salengkepna kieu (punten ka anu tos manukna pisan dina widang IT bisi si
kuring kaasup kana babasan mapatahan ngojay ka meri) :

1) Lebet ka alamat  http://earth.google.com/ ;

2) Saparantos eta alamat kaakses, pariosan palih katuhu aya alamat tumbu
"Get Google Earth", teras akses eta alamat kanggo mulut (download) pakakas
lemes (software) pikeun bisa ningalian foto citra alam dunya di internet;

3) saparantos lengkep kapulut sadaya papakas lemesna, urang langsung
dicandak ka "Google Earth" anu nyadiakeun gambar-gambar bumi hasil satelit
tea. Mimiti anu kaluar teh peta citra landast (kar bumi hasil satelit)
wewengkon Amerika (wayahna da NASA teh bogana Amerika tea). Ti dinya, lamun
urang hayang ningalian patempatan mana wae anu diseja, mangga serat bae dina
"search" teras pilarian. Conto upami hoyong ningalian G. Merapi: ketik dina
rohangan serach : Merapi,  teras klik.

4) Diperyogikeun waktu sabababaraha menit (gumantung kajugalaan/kapasitas PC
sareng akses internet sewang-sewangan) keur mintonkeun gambar anu dimaksud
ti mimiti ukur kelemengna nepi ka cekasna;

5) Saparantos cekas mah si gambar teh tiasa dipakieuh ku urang, naha hayang
ningal deukeut wewengkon heureut, atawa ningal ti katebihan wewengkon anu
leuwih lega (zoom +/-)), ningal dua dimensi atawa tilu dimensi (button tilt
up - tilt down), atawa hoyong ningal sakuriling hiji tempat (tanda panah
satengah buleudan), mangga wilujeng nyobian.

Sakitu wae baraya wilujeng nyobian. Wilujeng nganjang ka lembur singkur,
banjar karang pamidangan, ngalayang make satelit via internet. Cikeneh pisan
si kuring oge tos nglongok desa si kuring. Nya gambarna wae mah lumayan, teu
kudu make mobil atawa kapal udara ningalian lembur teh.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke