Peré kamari, ngahaja ka walanda nongton pasar malem tongtong. Ramé ogé. Ti  
Bandung aya rombongan penari, anu disarebat opat Diva (ceu Indrawati Lukman, 
Ceu Ira, Ceu Yetti Mamat sareng Bu Endang - Doktor hiji-hijina di STSI 
Bandung); ogé aya rombongan angklung Pa Udjo anu dipingpin ku Taufik, putrana.
Kadinya téh dijajapkeun ku Kang Ocong sareng Ceu Hanna istrina. Duanana oge 
urang Bandung, tangtos wae nyarariosna teh ku basa Sunda. Anu hélok téh, barang 
ditepangkeun sareng anu jaga panto. Tina rarayna jelas pisan turunan ambon; 
tapi barang diajakan ngobrol basa sunda lemes pisan. Majar téh da abdi ogé 
urang Bandung ti jalan Brantas. Barang ngadangu aya anu ngobrol ku basa sunda, 
torojol téh aya anu sipit, sigana mah turunan cina ngiring nyarios ogé "abdi 
ogé sami ti jalan dipati ukur". Dina waktos ngurilingan stand sareng, pun bojo 
naroskeun :ari milarian sapu nyéré dimana nya?. Anu ngawaler téh hiji istri anu 
siganamah turunan ambon deui. Bari nunjukeun: "di palih ditu milarian sapu 
nyéré mah" cenah.  Ngadangueun nyarios ku basa sunda téh, aya ogé anu 
merhatoskeun sigana mah. Bapa-bapa cetuk huis, nyaketan :"abdi ogé urang sunda 
ti kota Delft" cenah. Aya ogé stand rumah makan sunda, dinamian Sari Sunda. Anu 
jagina urang Bandung, namina Ibu Hanna. Ti Gégér Kalong. Aya
 ogé stand urang Belanda anu ngadamel buku "Saya ini orang Belanda lahir di 
Betawi"; namina Pans. Sok sanaos judulna kitu, tapi ari ngaos bukuna mah horéng 
ngadongéngkeun mangsa anjeuna keur budak di Lémbang sareng Bandung. Cenah 
anjeuna ogé tiasa basa Sunda. Ngan hanjakal teu kantos ngobrol da sugan téh 
enya waé Walanda Batawi. Aya pangalaman sanés. Tapi ieu mah di Swiss. Waktos 
jalan-jalan ka hiji toko, réréncangan téh rada mugen bari nyarios :"tong asup 
ka toko éta mararahal" cenah bari ngaléos. Naha atuh éta mah si bulé penjaga 
toko, ngawaler ku basa sunda anu lemes pisan bari rengkuh:" tong waka 
nyebatkeun awis ibu ...... mangga lebet, tinggalian heula, manawi waé aya anu 
kaanggé............................" Manahoréng si bulé téh kantos lami tugas 
di Purwakarta waktos ngadamel bendungan. Ayeuna kasepuhnakeun muka toko di 
Jenewa. Hilap, ninggal jadwal acara di Tongtong aya ogé hiji program anu 
dijudulan :"panganteur diajar basa sunda" Uâmi teu lepat mah dua kali. Anu
 panungtun kapng 5 Juni, tempatna di teater Bibit. Anu ngawulangna?, saha deui 
ari sanés sinyoh...............

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke