--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Baraya, > Boga gubernur teh kreatif euy. Cing numutkeun baraya, > naha wajar upama gubernur nyieun kaputusan jiga dina > artikel di handap ieu. Kuring ngarasa reueus upama > jiga kieu, gubernur jeung rengrenganana rela teu > narima gajih salila tilu bulan (contona) pikeun > ngabantuan korban bencana Jogja. > (mh) >
Sampurasun, Anu lain PNS mah pasti sapuk, ngarojong, sarta reueus ku kaputusan Gubernur Dany teh. Padahal, PNS oge sabenerna mah korban bencana, tapi lain bencana alam tapi bencana kamanusaan; matak sok aya sesebutan, PNS teh salah sahiji kaajaiban dunia, bisa hirup cukup ku gajih anu leutik. Bisa kaharti sabenerna, naon sabab umumna masyarakat bakal ngarojong kana kaputusan Sang Gubernur, naeta kusabab masih keneh aya "mental feodal" yen PNS teh abdi nagara, 'abid anu kudu nurut dikitu-kieu.... Iue sikep masyarakat teh anu ahirna nyerep tembus kana sanubari para PNS, nya ahirna PNS jadi manusa anu ilang kamerdekaan jeung kamanusaanana.... PNS ==> korban persepsi masyarakat. Dina hal ieu, sim kuring teu ngahubungkeun antara pamotongan gajih jeung ngabantu korban bencana, di mana bae jeung dina wujud bencana naon bae. Naon sababna? sabab beda masalahna...... Siga anu alus kawijakan Gubernur teh, siga anu nembongkeun sifat kamanusaanana.. padahal di sisi anu lian sabenerna mah keur nembongken sifat jalma anu teu boga rasa kamanusaan. Pagawe Nagri teh pikeun hirup sapopoe ngabelaan meres kabutuh jeung kahayang supaya gajih anu teu sabaraha teh bisa cumpon sa bulaneun, da ari kabutuh anu rada badag mah (sakali duei ANU RADA BADAG, lain anu BADAG) pasti kudu nandonkeun SK ka Bank...., anu sakitu taun kudu puasa pikeun mayaranana.... Geus garing meres kabutuh, terus ayeuna di peres ku gubernur........ (leutik/gede anu dipotong lain alesan). Matak Nagara teh moal berekah, sabab hirupna salawasna aya dina supata jalma leutik, jalma anu salawasna leuleus-lungsi sabab terus-terusan di peres....... Supata jalma leutik teh bisa ngeundeurkeun langit tembus ka Sidrotul Muntaha....... (Lain ceuk batur) KGB.......... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
