Nuhun Kang Rachmat, Mangga diantos info saterasna. Moal kitu istilah "munsyi" teh asalna tina ngaran sastrawan Malayu, "Abdullah bin Abdulkadir Munsyi"?
salam, mh --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari ceuk (alm) Mang Ayat mah eta istilah asli kaluar > ti salah saurang wartawan Kompas, pikeun ahli bahasa > anu sok nulis perkara basa dina rubrik unak-anik > bahasa di koran Kompas.(ke dikotektak deui, aya dina > salah sahiji tulisan mang Ayat). Ari dina koran > sejen atawa media liannya, teu aya sesebutan munsyi > pikeun ahli basa. Jadi istilah eta teh estu hiji > kecap anu dipopulerkeun ku koran Kompas wae. > > Hiji koran atawa hiji media ngawanohkeun hiji > istilah, sigana tos ilahar, gumantung kana kasapukan > masyarakat, naha ditarima atawa heunteu. Siga > istilah jomlo ayeuna, jigana paling populer di > lingkungan nonoman ngora, sok sanajan istilah ieu teh > upama ditingali hartina tina basa aslina (Sunda?) > heunteu "pas". > > baktos, > mrachmatrawyani > > > --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hiji mangsa, nalika nitenan artikel Kompas, kuring > > rada kerung. Pedah eta artikel teh dina bagean > > catetan > > kaki nuliskeun katerangan nu nulisna jiga kieu: > > "AYATROHAÃDI Munsyi, Tinggal di Depok". Ari ka nu > > nulisna mah rarasaan teh asa wanoh, pedah mindeng > > maca > > artikelna, najan can pernah tepung oge. Ngan > palebah > > tambahan kecap "munsyi", jadi aya pikiran sejen, > > boa-boa lain jalma nu dimaksud. Panasaran, terus > > dikubek ditempatna, manggih deui catetan kaki nu > > sarupa kitu: "ANTON M MOELIONO Munsyi, Tinggal di > > Jakarta". Kanu nulis ieu oge asa wanoh, da manehna > > sok > > mindeng nulis di koran. Jadi teg weh boga > sangkaan, > > boa-boa "munsyi" teh ngaran hiji organisasi atawa > > jujuluk profesi. Dina pangajaran sastra baheula, > asa > > aya ngaran sastrawan nu make ngaran "munsyi" teh, > > katelahna "Abdullah bin Abdulkadir Munsyi", ngaran > > salah saurang sastrawan Malayu. > > > > Panasaran terus ngubek ku Yahoo, manggih artikel > di > > Wikipedia, cenah "munsyi" teh jujuluk pikeun jalma > > nu > > ahli dina bidang basa. Aya nu terang timana asal > > usulna eta kecap "munsyi"? > > > > Salam, > > mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
