--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> To: [email protected]
> From: Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Fri, 9 Jun 2006 02:17:26 -0700 (PDT)
> Subject: Re: [Urang Sunda] Pupuh -> Aya Masalah
> Gede...!!
> 
> Ki, oge baraya sejenna,
>   
>   Anu tangtu mah aturan  pupuh teh aya dua: 
>   
>   (1) Kudu murwakanti (hiji pada aya sabaraha
> padalisan, saban  padalisanna aya sabaraha engang
> jeung ditungtungan ku sora aksara hirup  naon) .
> Contona, Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a
>   
>   (2) unggal pupuh boga jiwa sewang-sewangan
> (tengtrem, bingung, banyol,  gumbira, jste). Aturan
> kadua leuwih hese tibatan aturan kahiji.  Kukituna,
> baheula keur di SD, guru kuring teu mentingkeun
> aturan kadua  eta, tapi aturan kahiji mah mutlak.
> Contona, Maskumambang ngagambarkeun  kanalangsaan,
> ngenes hate.
>   
>  Aya masalah gede nyatana mah dina  perkara pupuh
> teh. 17 pupuh anu aya di 
> http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm (tur
> dicutat ku 
> http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh): 
>   
>   (1) Pada kadua unggal pupuh teu tumut kana aturan
> kahiji, teu  murwakanti. Sigana eta pada kadua teh
> bisa dianggap "alok" bae, ulah  dianggap bagian tina
> pupuh, malah mun bisa mah dipiceun. 
>   
>   (2) Lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen
> ngeunaan pupuh (toong salah  sahijina di
> http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21),
> sareretan  kuring ningali bedana aturan purwakanti
> pupuh Gurisa (cing tengetan nu  lianna): di
> www.urang-sunda mah sapada teh aya 8 padalisan, ari
> di  www.sundanet mah 6 padalisan.
>   
>   Sok urang pada menerkeun.
>   
>   AJ
>     
>   
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                        
>                    Kang Santosa,
>   
>   Hatur nuhun kana koreksina. e-Pupuh teh kieu
> dongengna
>   geura. Kuring kenging CD rekaman pupuh ti Ua
> Sasmita,
>   anu saurna sumberna kenging ngarekam tina acara
>   tembang Sunda ti RRI Bandung. Salajengna eta CD ku
>   kuring dirobih janten MP3, sarta rumpakana
>   ditranskripsi manual tina audio kana seratan. Aya
>   sababaraha bait nu ku kuring teu kaudag sarta teu
>   tiasa diduga naon kecap nu sabenerna, jiga dina
> Pupuh
>   Durma bait kadua (dicirian ku kelir beureum).
> Maklum
>   kuring teh sanes seni-man, ngan ukur batruna Kang
>   Ma-man Durah-man jeung Kang O-man. hehehe.
>   
>   Tah ayeuna aya koreksi ti akang, bagja kamayangan,
>   hehehe asa dina wayang nya. Sakalian we kuring
> meredih
>   ka salira, punten pang nitenankeun palihmana wae
> nu
>   lepat, sarta kumaha nu leresna. Utamana palebah nu
>   ditulis beureum. Perkawis Pupuh Asmarandana, Sim
>   Kuring teu aya rujukan sanes, kajaba CD Audio
> aslina. 
>   
>   Salam,
>   mh
>   
>   --- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   > Mangga lereskeun pupuh Asmarandana dina Kusnet !
>   > didieu:
>   >  
>   >
> http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/asmarandana.htm
>   >    
>   > Lepatna bait kadua teu murwakanti
>   > Saha nu ngarang baik kadua?
>   >    
>   > Wasalam
>   > Kang Santosa
>   >    
>   > Asmarandana  
>   >
>   > Eling-eling mangka eling
>   > Rumingkang di bumi alam
>   > Darma wawayangan bae
>   > Raga taya pangawasa
>   > Lamun kasasar lampah
>   > Nafsu nu matak kaduhung
>   > Badan anu katempuhan
>   >     
>   > Eling-eling masing eling
>   > Di dunya urang ngumbara
>   > Laku lampah nu utama
>   > Asih ka papada jalma
>   > Ucap tekad reujeung lampah
>   > Tingkah polah sing merenah
>   > Runtut rukun sauyunan
>   > Hirup jucung panggih jeung kamulyaan


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke