Asana teh pernah maca yen "kembang" na bandung teh pakait jeung duanana. Hiji
ngeunaan "awewe nu bisa dipake" da cenah bandung teh tempat keur niis. Kadua
memang nyata loba kembang di bandung teh da harita mah loba taman nu diurus.
Nya eta dua "kembang" teh tetep kudu dicekel, diurus. Program berhiber teh
kudu ulah hiber. Asana walikota nu kacatet baleg teh ngan ukur Pak Ateng
Wahyudi. Baheula teh asa puguh program jeung prik prek gawena...masing enya
jalan macet kudigali pipa cai tapi geuning da puguh udaganana, nepi ka meunang
adipura.
Saprak ninggalkeun bandung 15 tauna asa teu apal rek naon jeung rek kamana
walikota bandung. Apal teh ngapung ku "planet" terus turun kajeujuet ku
"runtah".
salam
Tirta
Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadaya BANDUNG KOTA KEMBANG naha pake kedah dilereskeun ?
Bandung Paris Van Java sanes leres ?
Istilah istilah eta aya basa jaman heubeul
Nya disempen we, isuk jaganing pageto urang guar deui, kumaha rusia na baheula
Bandung tiasa nyepeng dua istilah eta ?
Tapi sim kuring kungsi ningali Bandung leubeut ku kembang, harita sateuacana
Sukawana leubeut ku imah, Dago belah kaler pinuh ku beton, Cimahi kaler tiis ku
Curug Panganten
Hm ...
Hanjakal leuweung Bandung kaler seep ku "berhala konsumsi Real Estate "
Yaya K <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari upaya beberesihmah mangrupakeun kawajiban, aya panghargaan atanapi teu aya
kedah dilakukeun ku sadaya warga kota.
Perkawis julukan kota Kembang kango kota Bandung kedah dilereskeun, kota
kembang teh sanes hartosna kota nupinuh ku kembang (pepelakan kembang)
tapi ku ayana kembang buruan atanapi WTS tea (baca buku karangan pak haryanto
kunto, upami teu lepat namina) , kumargi kitu kanggo urang Bandung
kedah isin ngadangu julukan kota kembang teh
Yaya
SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya mugi-mugi nyambung.........
Hartosna "PAHLAWAN" kota Bandung, nu ngabdikeun
padamelanana "ngabersihan runtah". Runtah teh sumber
panyakit bau gas, teu ngeunah katingalina, teun indah,
bakteri jeung sajabana. Wali kota teh meri "sumanget"
ka nu tugasna "miceunan kokotor"
Lain Bandung teh katelah kota kembang Paris di Jawa nu
harum ku kembang-kembang jiga di Lembang, keur
nyonsong ayana konferensi KAA.
---------------X diteukteuk k#5
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/