Turaés
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas basa Sunda
Turaés taunan Tibicen linnei
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Filum: Artropoda
Kelas: Insékta
Ordo: Hemiptera
Subordo: Auchenorrhyncha
Infraordo: Cicadomorpha
Superfamili: Cicadoidea
Famili: Cicadidae
Westwood, 1840
Genera: loba
Turaés nujul ka sababaraha serangga ti ordo Hemiptera, subordo
Auchenorrhyncha, dina superfamili Cicadoidea, nu panonna leutik jeung pajauh
sarta jangjang tembus ténjo (transparan). Turaés hirup di wewengkon iklim
sedeng jeung tropis, kawentar ku sorana anu nongtoréng.
Taksonomi
Aya rébuan spésiés turaés, nu disusun kana dua famili: Tettigarctidae jeung
Cicadidae. Spésiés Tettigarctidae nu hirup kénéh aya dua: hiji di Australia
Kidul, hiji deui di Tasmania. Famili Cicadidae dibagi kana subfamili
Tettigadinae, Cicadinae jeung Tibicininae, nu kabéhanana aya di sakuliah
dunya, iwal Antartika.
Spésiés turaés di Amérika Kalér lolobana kaasup genus Tibicen—turaés taunan,
tapi nu paling dipikanyaho mah genus Magicicada. Turaés ieu mah daur hirupna
téh panjang pisan (13 atawa 17 taun), sarta mucunghul dina jumlah anu
mahabu. Spésiés Amérika lianna, di antarana Turaés Apacé (Diceroprocta
apache).
Di Selandia Anyar, turaésna kabagi kana 38 spésiés ti 5 genera, nu
kabéhanana éndemik Selandia Anyar jeung kapuloan sabudeureunana (Kapuloan
Norfolk, Kalédonia Anyar).
Deskripsi
Turaés sawawa panjangna 2 - 5 cm, najan di Malaysia mah aya Pomponia
imperatoria nu panjangna nepi ka 15 cm. Panon turaés mah pajauh, nonjol di
sisi kénca-katuhu huluna, anténeuna pondok, aya di antara/hareupeun panonna,
sedengkeun jangjang hareupna mémbranan. Di wewengkon nu tiris, turaés bisa
manaskeun awakna sorangan, sedengkeun di daérah sagara keusik nu panas bisa
nurunkeun hawa awakna (ku cara ngésangan manéh).
Turaés jalu boga tymbal, sumber sorana nu nongtoréng, dina sisi handap
abdoménna. Sorana téh lain stridulasi sakumaha dina jangkrik (nu ngaluarkeun
sora tina gésékan jangjang luarna): tymbal téh bagian éksoskeleton nu
dirobah jadi mémbran kompléks nu ngandung mémbran ipis. Mémbran ieu
digeterkeun gancang pisan ku otot anu kuat, nu lajeng dirésonansikeun ku
rongga nu diturunkeun tina trahéa, sahingga sorana narikan. Aya turaés nu
sorana bisa ngaleuwihan 106 dB (SPL), pangtarikna ti antara serangga nu
ngaluarkeun sora.
* Sora turaés (file info)
o Sora turaés di Lower Hutt, Selandia Anyar, dirékam tengah
Pébruari 2006
o Teu kaluar sorana? Mangga lenyepan pitulung média.
Daur hirup
Sanggeus jalangan, bikangna bakal nyelapkeun endogna dina sela-sela kai.
Nalika megar, bilatungna bakal ragrag kana taneuh pikeun ngamimitian daur
hirup lianna, nu katelah kuuk. Daur hirup turaés bisa nepi ka 2-5 taun,
malah sababaraha spésiés mah aya nu bisa leuwih (daur hirup Magicicada bisa
nepi ka 13-17 taun). Daur hirup nu panjang ieu mangrupakeun adaptasi pikeun
nyingkahan prédasi, sangkan pola hirupna teu luyu jeung daur hirup turaés.
Nu ahéng téh yén angka 13 jeung 17 téh angka prima; turaés nu daur hirupna
15 taun bisa dimangsa ku prédator nu daur hirupna tilu atawa lima taun. Tina
mangsa hirup nu sakitu lilana, turaés téh lolobana aya dina bentuk kuuk, nu
hirup na jero taneuh (30 cm nepi ka 2,5 méter.
Sanggeus nincak kana mangsana, ieu kuuk bakal kaluar tina taneuh sarta naék
kana tatangkalan di deukeutna. Di dinya kuuk lajeng bakal asup kana hambalan
hirupna anu panungtung salaku turaés sawawa.
Sumber rujukan
* Cicada, Wikipédia édisi basa Inggris (12 Juni 2006)
Tumbu kaluar
* Annual Cicada Tibicen linnei - diagnostic large format photographs
* Annual Cicada Tibicen canicularis - large format diagnostic photos
* Cicada and forest mulch
* Cicadas pictures nembrakkeun fakta & gambar turaés katut paripolahna,
daur hirup, jeung daharna.
* Cicada Mania ngabogaan warta, NLD, tumbu, gambar, jeung vidéo ngeunaan
turaés.
* Audio files of the "songs" of some Cicadas from Florida.
* Cicada Life Cycle loka nu ngadadarkeun daur hirup turaés kalawan
lengkep.
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Turaés"
Kategori: Serangga
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/