ari dilembur sikuring mah bangbara aya dua rupa. nu panyeureudan jeung
henteu. malah nu teu panyeureudan mah ngaranna ditambihan. bangbara ...
(hilap deui). ngabentenkeunna gampil. bangbara nu teu panyeureudan, bulu
dina suku hareupna bodas.

ngeunaan diseureud sarupaning bangbara pernah kaalaman jaman keur leutik. di
lembur pernah aya bilik piimaheun. masih ditalian, melengkung. bentukna jadi
siga guha. biasana lamun aya nu dagang bilik bentukna masih jiga kitu.
panasaran jadi hayang ulin dijerona. ngan hanjakal geuning panyayangan
kamarang. ngarasa kaganggu meureun, nyeureud satilu-tilu. bengep. cageus
sanggeus diparancahan tatangga bari dibalur ku minyak.

sakitu meureun,

dh
On 6/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Hihihi ....Kang Tatan diseureud bangbara? ...untung kuring mah can
> ngalaman. Tapi memang resep nyolokan liang bangbara dina kai teh, pas
> dicolok ku nyere teh, ngeng-ngeng cenah disada. Pas kaluar tina liangna
> kudu gancang tiarap, lamun henteu, bisa diudag-udag .....
>
> Kang Tatan, baheula di Lembur kang Endang Tatan di Padasuka Bandung
> aya "jago silat", Ua Endang Ahyar namina teh (kuring nyebutna Ua).
> Tapi kuring sanes nyarioskeun katiasa silatna, tapi eta waktu ngasuh
> putrana nu alit, anjeunna sok newakan bangbara jiga newak lege, ditewak
> dikeupeul, geus kitu dicabut panyeureudna, pek ditalian ku benang.
> Teras dipasihkeun ka putrana. Putrana ajrag-ajragan, bakating ku resep
> boga kaheureuyan bangbara hiber ditalian ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "Endang Tatan"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Haturan baraya dimana wae ayana..
> > Kamari mani rame ngagunemkeun sasatoan sarupaning Odeng Nyiruan,
>
>  __
>


-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke