Punten, ngiring ngadongeng perkawis Makassar. Sim kuring kantos ka Makassar 
teu lami mung mimingguan. Ku emutan urang Makssar sami sareng urang Sunda, 
kadeseh ku urang Bugis. Tiasa janten kota Makassar atanapi Sulawesi Selatan 
parantos identik sareng Bugis. Samalih mah gelar bangsawan Makassar sapertos 
Kraeng atanapi Daeng, saur wartos, mung dianggo di lingkungan keluarga 
sendiri, pami kaluar mah nu sok dianggo teh gelar Andi, sami sareng urang 
Bugis. Ieu teh sumuhan aya pakaitna sareng sajarah kapungkur.
Makassar (Mangkassara?) numutkan sejarah kapungkurna bandar ageung Kerajaan 
Gowa Tallo, kakoncara janten pusat perdagangan internasional, samalih mah 
ngereh ampir sadaya wilayah Indonesia  Timur, kalebet karajaan karajaan 
Bugis, nu aya paling kalerna. Nuju Sultan Hassanuddin nu teras terasan 
merangan Belanda, salah sawios pangeran Bugis, Aru Palaka gaduh maksad 
"memerdekakan diri" ti kakawasan Gowa Tallo. Ngiring nyarengan Balanda 
ngepung Gowa Tallo, Belanda ti laut, Aru Palaka ti darat, dugi ka Gowa Tallo 
kawon ancur ancuran. Aru Palaka sareng urang Bugis dipasihan hak istimewa ku 
Belanda. Saterasna cenah, ku marga Makassar mah teu patos janten perhatian 
pamarentahan Walanda, teu sapertos kota Bandung, urang Bugis tiasa  nyepeng 
sadidinten pamarentahan langkung laluasa, komo saparantos Belanda muka 
sakola sakalo dina raraga kabijakan Politik Pintu Terbuka.
Nuju di Makassar, ampir sadayana nu pendak nyebatkan yen boh di paguron, 
pamarentahan,  pangusaha pangusaha ampir sadayana urang Bugis. Urang 
Makassar dimana? Carios saur umumna urang Makassar mah resep judi minuman 
keras sareng sanesna nu awon awon (hapunten pisan), anu seuseueurna 
ngalinggihan  perkampungan (pamayang). Dupi Ujung Pandang, nami salah sawaos 
benteng pertahanan Gowa Tallo, teu diancurkeun ku Walanda sapertos benteng 
benteng nus sanesna, margi dianggo benteng pertahanan Walanda, padumukan 
urang Walanda sareng pribumi. Saurna, waktos Makassar dicepeng Walanda, teu 
aya pisan urang Makassar anu ngari di kota Makassar, bubuara ka lembur sanes 
atanapi ka "pedalaman" neraskeun perang gerilya.

Janten pami nyoreang ka pengker mah, sajarah Indonesia teh pinuh ku konflik 
antar karajaan nu "ngawakilan" etnis benten benten. Kedah kumah atuh 
kapayunna,  supados leres leres "Negara Kesatuan" teh ngadeg leres janten 
kareueus sadaya etnis nu aya di wilayahna? Nyanggakeun.

Perkawis nama jalan, sim kuring banget teu satuju diseragamkeun di sadaya 
kota ku nama nami nu kasebat pahlawan nasional. Bade dimana mana nami jalan 
utama kota di indonesia sami, seuseueurna nami pahlawan (punten etnis Jawa). 
Saena mah numutkeun "aslina", atanapi tokoh satempat, kajabi jalan enggal. 
Janten  emu patarosan nu sok heureuy:  "upami balekota Bandung di mana? aya 
di Aceh. Gedung Sate di mana? di Diponegoro. Pami di jalan Sunda? aya toko 
Jogya....."
Nyanggakeun, hapunten bilih aya informasi nu kirang leres

----- Original Message ----- 
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>; "barayasunda" <[email protected]>
Sent: Thursday, June 22, 2006 3:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: ciamis!!!!


> Urang Ciamis, hehehe.
> Aya dongeng yeuh. Kuring boga balad, urang Makasar.
> Hiji waktu manehna ngadongeng ka kuring, kumaha
> jujutanana nepikeun ka ngaran Ujung Pandang balik deui
> jadi Makasar. Kurang leuwih eta dongeng, nu ku kuring
> didongengkeun deui, persis jiga postingan di handap.
> Salah sahiji alesan urang Makasar, ngarobah ngaran
> Ujung Pandang jadi Makasar deui teh, taya lian ti ajen
> sajarah. Cenah ngaran Ujung Pandang mah kurang mibanda
> ajen sajarah, tapi ngaran Makasar estu boga akar nu
> kuat tus geus lawas dikenal di mancanagara. Tah
> kulantaran kitu, urang Bugis satekah polah usaha nepi
> ka hasilna, ngarobah Ujung Pandang jadi Makasar.
> Kumaha ari urang? Wallahualam.
>
> Salam,
> MH
>
> --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>> Ngaran ieu wewengkon anu nyajarah (mensejarah,
>> dumasar sajarah)
>> sakuduna "Galuh", lain "Ciamis". Ti mimiti
>> diwangunna karajaan (salaku
>> representasi tina kabudayaan, pamarentahan,
>> masyarakat, jst alam
>> harita) ngaran ieu wewengkon teh taya lian ti
>> "Galuh". "Galuh" anu
>> hartina, diantarana, mataholang, atawa inten.
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
> 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke