Assalaamu'alaykum!

Baraya, sakumaha anu tos diiberkeun ku Téh Iva minggu kamari, alhamdulillaah
nu dianti2 téh geus gelar kalawan salamet. Poé senén isuk2 ping 19 pun bojo
lebet rumah sakit, da geus karasa mules & aya plék getih, tapi ari brolna
mah ninggang poé salasa, meneran tabuh 00.24. Teu kudu dicaritakeun eusi
haté ti mimiti nungguan nepi ka borojolna mah, da pasti baraya gé tos
aruninga (nu acan mah wayahna baé, teu kudu dibayang2 sagala...). Simkuring
ngahaturkeun réwu nuhun kana pangdeudeul du'a ti  sadaya, pun bojo & pun
anak séhat teu kirang nanaon. Pun anak téh pas borojol beuratna 3,3 kilo,
panjangna 52 sénti. Tina hasil badami, nya budak téh dibéré ngaran rada
panjang: Muhamad Bagjabinékas Adnan (nénéhna mah Bagja).

Ka anu tos ngadeudeul sumanget ngalangkungan sms, nelepon, sumping
ngalongok, atanapi nu rerencepan ngiring deudeul du'a, sakali deui hatur
nuhun.

Kanggo Kang Yaya & Kang Tirta, simkuring ngahaturkeun béla sungkawa, mugia
anu ngantunkeun dicaangkeun di alam kuburna, ditampi iman islamna, sarta
dihapunten sagala kalepatanana.

Ka teh Dini Harmita, wilujeng milangkala.

Ka para anggota anyar, bagéa wilujeng sumping.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke