Wassalamualaikum Wr. Wb.

Alhamdulillah sehat Kang, sawangsulna mugia Kang Nana
salawasna sehat.

Kang Nana, hatur nuhun informasina. Keun urang
dugikeun ka nu peryogina. 

Leres Kang Nana, geuning ilaharna tatali marga mah
kitu. Barudak di lembur urang seueur nu maguron ka
Malaya, kitu deui barudak di Malaya seueur nu maguron
ka paguron di lembur urang. Urang Malaya utamana
seueur nu maguron di lembur urang kanggo widang
kedokteran sareng agama. Jurusan kedokteran sareng
agama di paguron urang tos kawentar di Malaya, janten
jurusan favorit.

Kutan Kang Nana oge janten pengelola bidang atikan
nya. Nuhun informasina.

Salam,
MH 

--- Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr wb 
>    
> Damang Kang MH ? 
>    
> Bagea pisan aya wargi US dilebur batur,tapi masih
> keneh tiasa ngobrol jeung urang salembur. 
>   
> Perkawis "sewa kantor di Jakarta" , numutkeun
> pasaran harga di Jakarta, utamina di Kelapa Gading,
> sabab sim kuring kantorna di KG, antawis 100 - 200
> jt Kang MH. Anu saratusan, aya dijalan alit, sanes
> jalan Bulevard. Pami minat di daerah Klp Gading
> (KG), insya allah sikuring tiasa ngabantu milarian. 
>   Tapi duka ari daerah  Jakarta kidul, Kuningan,
> Thamrin jeng sabuderana. Tapi sapertosna mah teu
> tebih Kang. teu langkung daerahna, pami di jalan
> ageung tur rame, lumayan rada awis 
>    
>   Di sabuderan KG rada seueur kantor anu samodel
> dipimaksad rerencangan Kang MH
>    
>   murangkalih si kuring, minimal 5 jalmi per thn,
> pasti aya anu neraskeun ka paguron luhur di Malaya
>    
>   salam
>   Nana


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke