Baraya,

Tadi peuting, kaping 14 bulan Hijriah atawa tanggal 8 Suklapaksa (paro
caang) Kala Sunda
(http://members.tripod.com/~INUG/*Kala*.htm<http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm>)
atawa 11 Juli 2006, aya acara adat di Bandung, pasna di lokasi anu dipercaya
salaku tempat Sumur Bandung anu mashur. Acara teh disebutna upacara
Pasaduan, sedengkeun lokasi sumur Bandung anu dimaksud nyaeta di Jl.
Cikapundung, gigireun gedong kantor PLN. Si kuring sorangan henteu hadir ka
acara teh, ma'lum lilinieun keneh tutas hiber rada jauh, sok sanajan diulem
langsung ku salah saurang panitia atawa anu ngalaksanakeun eta acara. Dina
telepon tadi peuting, saba'da sasadu teu bisa ngaluuhan, si kuring satengah
janji bade nelepon deui enjingna, tataros kumaha hasilna jeung unak-anik
sabudeureun eta acara.

Ahamdulillah, isukna si kuring kaparengkeun bisa tetelepek, sok
sanajan masih dina telepon kawantu pakepuk ari kudu incah ti kantor mah,
ngeunaan acara Pasaduan anu dilaksanakeun tadi peuting. Numutkeun Abah Olot
(Rd. Rachmat Satjamanggala, ka anu peryogi nomer kontak anjeunna, mangga
japri wae), acara Pasaduan teh kaasup salah sahiji tina budaya adat Sunda.
Anapon maksud atawa tujuanana taya lian pikeun ikrar memeres kaayaan anu
geus sakieu pikahariwangeunana ku cara - sabisana - ngandelkeun kakuatan
budaya sorangan. Meureun, ceuk istilah akademisna mah revitalisasi budaya
atawa jauhna : pangwangunan dumasar budaya sorangan tea. Anu dimaksud
"kaayaan" teh nya sacara umum mah kahirupan masyarakat, boh sacara sosial
(tatanan masyarakat) atawa kahirupan "berbangsa" jeung "bernegara".
'Pasaduan" sorangan sigana asal muasal kecapna teh tina "sadu" atawa kecap
anu ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoe mah "sasadu" tea (menta
dihampura bari terus ngahadean anu masih saralah).

Henteu pati eces kumaha prak-prakana ieu upacara, ma'lum maluruhna oge dina
telepon. Ngan, anu jelas, dina ieu upacara teh, saur Abah Olot, aya 9 urang
inohong anu minangka jadi panitia (sok sanaos abah Olot henteu nembrakkeun,
si kuring nyangka anu 9 ieu teh sarupi tokoh adat atawa pupuhu anu jadi
panghubung ka tokoh-tokoh adat anu sabenerna). Hal anu sejenna anu
dijelaskeun ku Abah Olot nyaeta waktu upacara Pasaduan anu baris
dilaksanakeun 3 kali satiap tanggal 14 Hijriah (peutingan caang bulan
purnama), dimimitian ti lokasi Sumur Bandung (anu kahiji) kalawan anu kadua
katilu baris dilaksanakeun patutur-tutur di lokasi gedong Merdeka jeung di
Pendopo. Kunaon dimimitian di Sumur Bandung? Teu pati eces kateranganana
teh, ngan anu kairong tina waleran anjeunna: nuturkeun harewosna wae memang
kudu dimimitian ti dinya, saurna.

Baraya,

Akhir-akhir ieu acara-acara anu samodel Pasaduan atawa, sebut wae, acara
adat, asa wuwuh mindeng kakuping, sakumaha kasaksian boh iber di milist
atawa dina media sejenna. Mataholangna satiap acara, anu kacangking atawa
anu sok mindeng disebut-sebut: balik deui kana budaya sorangan. Sakapeung si
kuring sok ngahuleng, naha naon jeung kumaha prak-prakanana balik deui kana
budaya sorangan teh? Naha kudu make upacara adat upama urang seja "balik
kana budaya sorangan"? Ceuk WS Rendra ieu mah, cenah dina jaman kiwari,
nalika budaya pirang-pirang bangsa geus silih pangaruhan, teu aya hiji
budaya oge anu aktual anu bener-bener bisa disebut budaya asli (anu minangka
konotasi tina kalimah "balik deui kana budaya sorangan").

Ceuk Rendra deui wae, dina kaayaan teu aya hiji oge budaya jaman ayeuna anu
bener-bener "asli", harti atawa ma'na "balik deui kana budaya sorangan" taya
lian ti ngawangun kamotekaran (kreativitas) enggoning nyanghareupan masalah
kahirupan (tangtangan jaman). Kusabab kitu, mudah-mudahan naon anu ayeuna
mekar, mindeng kapireungeuh, salaku upacara-upacara adat taya lian wujud
atawa sikep anu ngandung tekad gawe motekar dina nyanghareupan pasoalan
kahirupan masyarakat. Dina raraga ieu, naon wae garapan, boh anu dimimitian
ku upacara adat atawa kamotekaran sejenna sakumaha diluluguan ku Kang Ajip
jeung Yayasan Rancage-na, Mj, Ua Sas, Mh, oge sadaya wadia balad Kusnet
ngaliwatan - utamana - galur internet oge golongan-golongan kasundaan
sejenna, malah kaindonesiaan, jembarna kamanusaan , kalebet kana kamotekaran
anu diperyogikeun tea. Tegesna, kaasup, upama hade terus ngagunakeun ieu
istilah, balik deui kana budaya sorangan.

Cag.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke