Assalamu alaikum wr.wb.

Euleuh euleeuh, geuningan alam dunya teh heuret,ngan henteu saheureut anu 
dipikir ku mojang anu kagegeloan cinta.Cobi wae emutan,ku dulur sadaya. Abdi 
teh ayeuna aya di America. Nyaan asa ngimpi. Bayangkeun ti Banjarsari Ciamis 
Jawa  Barat, ngapung naek kapal udara 22 Jam. Cle weh nyengcle di  Nagara 
batur,Amerika, kasebutnya.Persisna mah aya di  Northampton, Massachusset.
As teu kaharti, da tadinamah, bororaah kapikiran ka Amerika, ka Majalaya oge 
can kaalaman.
Saminggu saatos dugi ka " Nagara Liberal"dina poe Jumaa'h, abdi mios ka Amherst 
( 10 km ti Tempat Kuliah ), eh, Kalayan Idzin Allah, pendak weh sareng uarng 
ciamis, Kang Barra, Anjeunna asli ti ciamis, Lulus S2 ITB, teras kenging 
Beasiswa ti University of Massachusets dina program Post Doctoral biadang elmu 
Matematika.
Asa ngimpi, kang Barra tos sataun satengah sareng istrina neng Lia, urang 
Garut. Aduh asa patepung jeung dulur saindung. Ngan hanjakal, buadkna mah, teu 
tiasa bahasa Sunda / Indonesia. Sapopoenateh dua bahasa ; Bahasa sunda pasif 
sareng bahasa Inggris aktif. Pokonna mah ngan bisa yes, and no, wae.

Ari abdi sunda tulen, Ibu ti Sadananya, pun bapa ti Rancah.Ngaraos asa ngimpi 
teh kulantaran, abdimah tina kulawarga teu mampu, liuek euweuh ragap teuaya, 
ceuk paribasanamah.Ujug ujug dipaparingan beasiswa. Atuh puguh asa kalagragan 
rizki ti langit.
Kaping 15 jJli, saatos sasasih di Amrik, abdi milarian website sunda tina 
Google, aya we Sundanet. Tah ieu dulur abdi di dunia maya.NEpangkeun dulur 
sadaya, Abdi teh warga baru di SUNDANET.
Tah, salajenungnamah, rahasia perusahaan, upami dulur sadaya hoyong terang 
sepak terjang putra sunda, hayu urang komunikasi via milist. Sugan wae aya jodo.
Sakitu nya, hatur nuhun Bravo SundaNet !. 

Dedi Turmudi 

                        
---------------------------------
See the all-new, redesigned Yahoo.com.  Check it out.

[Non-text portions of this message have been removed]






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke