Nepangkeun, abdi pun Agus Roche nami panggilanana.
Urang kopo, gang sukaleueur tea.
mung ayeuna ngalih ka daerah buah batu, jl parakan arum.
Tos ampir 3 taun, abdi rada resep nyiar kana hal-hal tentang 'sunda'
Cukup seueur nu ngagetkeun abdi, tapi beuki asa saeutik nu karasa
kanyaho abdi tentang naon eta nu dinamian 'sunda'
Ternyata sunda teh bukan sekedar suku bangsa. bukan sekedar etnik.
gening loba, luas, gede, jeung,.... lieurrrrr
Naha bet lieur? soalna, nu paling menonjol tentang sunda sanes
kaendahanana, ka unikanana, ka seueur ragamna, tapi,.... sunda teh
menonjol tina : MISTERIUS NA.
SATUJU???? mudah2an aya nu satuju jeung pendapat sim kuring ieu.
Semakin di telusuri, si sunda teh beuki nga cabang, beuki ngarambat
ka berbagai arah. Jeung aya anehna, sunda teh lain ngan sa kotak
kota, pulau atanapi sahiji nagara,...... beuki di telusuri,.... si
sakadang sunda teh ternyata beuki luas, bahkan nyangkut ka hiji
gosip bahwa mun ngomongkeun sunda teh ujung2na ngomongkeun dunia.
SATUJU???? tong heula satuju ah,.... da eta mah gosip, da mun di
fanatik keun kana hal eta, engke sirah orang sunda jadi ngagedean,
jadi gede hulu,... padahal sifat gede hulu teh jadi teu nyunda
nya....... (enyaaa....)
Kaayaan urang sunda nu nuju terpuruk, ah tong di jadikeun lemah
hate, da di berbagai sektor, tos aya percikan2 reuhay nu
pepeletekan,... ciga nu aya sumber kakuatan seuneu nu masih teu
katingali.
Naon anu kudu di tetepkeun kanu hate urang sarerea? nya tetep cekel
sifat sunda nu silih asah,asih asuh. Pada saat waktunya tiba, ku
sifat eta kakumpulkeun kasambung deui kajayaan Tatanan sunda, keur
kamasrahatan sakabeh rakyat, lain keur sunda wungkul.
Biasakeun tong kagok ngomong pendapat,.... bari cara jeung media
bahasana teu sampurna make bahasa sunda yang baik dan benar,... ciga
conto buruk teh ka diri abdi, nu wawanianan ngobrol ttg sunda, bari
ieu tulisan make basa sunda na pakepuk, ... maklum atuh, ka para
kisunda nu maos ieu tulisan, mohon dimaklum. da nembe 3 taun diajar
kasundaan, ... masih jauh ti bener jeung hade make pangkat
kasundaan,....
Nu penting mah, niat dan langkah insya Alloh ngajalur tina ridho
Anjeuna, Gusti nu maha kuasa.
Salut kanggo Kisunda sadayana nu masih betah ngajaga tatanan
kasundaan.
Salut kanggo generasi sunda nu wanter nganyusun perubahan2
signifikan nu ngarah kana kamajuan, bari jeung tetep muatan warisan
leluhur di hargaan, dijadikeun dadasar karya cipta urang balarea.
HAPUNTEN BILIH SEUEUR LEPATNA, DA IEU TEH KANGGO BAHAN MASUKAN
SARENG KRITIK DULUR2 SADAYA.
HATUR NUHUN KANGGO MANG JAMAL NU KONSISTEN NGA KUNCENAN IEU MILLIS.
HIDUP SUNDA, TETEP SILIWANGI, (ARI PRABU NA KAMANA WAE? MASIH
NGAHIYANG?)
CAG!
=ku jang ROCHE tea=
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/