Haturan ka Teh Susan oge wargi-wargi sadaya anu nembe lebet ka milist
kisunda, wilujeng sumping di ieu milis. Ka wargi sanesna anu nembe
lebet, hapunten pangbageana disakaliguskeun sareng waleran patarosan ti Teh
Susan. Kaleresan wae keur patarosan ti Teh Susan teh nyampak bongbolonganana
sakedik.

Ngeunaan wisata budaya ka Kampung Naga + Kanekes (Baduy istilah urang luar)
si kuring kungsi ngalaman. Di handap ieu dongeng sakedik lalampahan ka eta
dua lokasi wisata budaya, khususna ngeunaan layanan jasa wisata anu
digunakeun.

Lalampahan ka Kampung Naga kaleresan nyarengan mahasiswa Unpas jurusan
Sospol, sareng dosen pembimbingna, Ceu Otih + Kang Niko. Kaleresan eta studi
tour mahasiswa teh nganggo salah sahiji jasa wisata lingkungan anu aya di
Bandung. Anu karaos, eta jasa wisata lingkungan teh kaetang sae. Katawis
dina ngatur waktu, tempat istirahat, servis tuang leueut sareng
informasi-informasi anu diperyogikeun ku sadaya wisatawan/peserta studi
tour, kalintang nyugemakeunana.

Lalampahan ka Kampung Naga bareng jeung barudak ngora anu nuju naratas
(ngarintis) usaha jasa wisata traveling/wisata budaya. Ieu group barudak
ngora sanajan masih amatir, tapi lumayan nyangking pangaweruh + kamampuh
unak-anik prak-prakan lalampahan ka Baduy. Di sagigireun ti eta, bawiraos -
sakumaha tina obrolan salila di jalan waktu ka Kampung Naga - jasa wisata
budaya anu dianggo Kampung Naga oge sayogi kanggo layanan jasa lalampahan
wisata budaya ka Baduy.

Hanjakal si kuring hilap deui alamat eta dua jasa layanan wisata. Namung, no
hp kontak person sareng alamat e-mail na mah nyondong/sayogi (sedia).
Mangga, upami aya minat mah japri wae ke ku abdi dipaparinan nami, no hp,
alamat e-mail kontak person na.

baktos,
manAR






On 7/31/06, Susan Lusiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur Baraya,
>
> Nepangkeun, simkuring anggota nu enggal gabung di ieu milis,
> simkuring Susan Lusiana, kawit ti Sumedang, dupi ayeuna dumuk di
> Roma, insya allah dugi ka 2 sasih kapayun. Mudah2an kalayan gabung
> di ieu milis, simkuring tiasa manjangkeun tali baraya sareng anggota
> nu sanesna.
>
> Sakantenan simkuring gaduh patarosan, numawi bilih baraya sadaya na
> aya nu uninga perkawis wisata budaya kampung naga (Tasik malaya)
> sareng wisata budaya Baduy (Lebak, Banteun). Simkuring peryogi
> informasi ngeunaan sistem managemen, nu utamina nyaeta ngenaan aya
> henteuna tiket masuk, tour guide, retribusi ti pamarentah sareng
> tektek bengekna.
>
> Numawi bilih aya baraya nu uninga, diantos pisan informasina, upami
> teu aya oge, kinteun-kinteuna aya baraya nu uninga mkedah kamana
> simkuring kedah milari informasi. Hatur nuhun sateuacana, Wass.
>
> Susan Lusiana
>
> Nb. Hapunteun bahasa sunda.na rada amburadul J......,
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke