kang hendra, upami nu di maksad pusaka sunda nu koran buhun mah KUSnet nuju
ngadigitalkeun. Ayeuna tos dugi ka tahap editing (wartos pangahirna nu ku
simkuring katampi). upami hoyong langkung eces tiasa ngahubungi mang hasan
di [EMAIL PROTECTED] anjeunna ge anggota kisunda.
panganteur ieu proyek kieu cenah:
Poesaka Sunda
Panganteur
Pusaka Sunda (PS) teh mangrupakeun surat kabar buhun anu diterbitkeun ku
Pagujuban Java Instituut antara tahun 1922 nepi ka tahun 1927. Eusina kacida
munelna, ngawengku perkara basa jeung sastra, sajarah, geografi, kasenian,
kabudajaan, jeung sajabana ti eta, anu aya patalina jeung urang Sunda.
Ieu arsip PS asalna minangka kiriman ti saderek Ganjar Kurnia nu keur dumuk
di Perancis. Ku inyana dikirimkeun ka saderek Rudi Setiawan di Abu Dhabi
pikeun dialihrupakeun kana wangunan digital. Saterusna ieu arsip nepi ka
kuring, pikeun diropea sangkan gampang dibacana jeung babari nagalacakna
pikeun maluruh rujukan dina tiap edisi terbitan.
Tumpukan arsip PS anu luhurna kira-kira 14 cm sarta eusina aya 1146 kaca,
kiwari geus jadi arsip digital dina hiji CD. Ieu CD mangrupakeun edisi
dokumenter, dimana tiap edisi dialihrupakeun kana berkas PDF, format berkas
anu ilahar dipigunakeun dina media Internet. Dina edisi dokumenter, ngahaja
teu aya nu dirobah, boh ejaan, format tulisan, kitu deui tataletakna, estu
sacerewelena persis jiga aslina. Pikeun migunakeun ieu arsip, diperlukeun
software Acrobat Reader <javascript:openPopWin("acrobat/", "", "", "", "",
"")> jeung Internet Explorer <javascript:openPopWin("explorer/", "", "", "",
"", "")>, nu ngahaja disadiakeun dina CD ieu oge.
Garapan ngadigitalkeun PS mangrupa salah sahiji bagean dina garapan
ngawangun "Pustaka Sunda Digital". Ieu garapan mangrupa gawe bareng para
milisi KUSnet <http://www.urang-sunda.or.id/>, komunitas forum diskusi
elektronik Urang Sunda di Internet. Pikeun ngajalankeun ieu garapan,
sabagean garapan dipigawe di Studio579 <http://www.geocities.com/khs579>,
studio eksperimental pikeun ujicoba migunakeun sarta ngamangpaatkeun media
digital.
Udagan nu dipiharep dina ieu garapan, taya lian sugan wae ieu hanca bisa
dijadikeun bahan pikeun milu ngeuyeuban referensi dokumentasi pustaka
Kasundaan. Sugan jeung sugan aya mangpaatna pikeun balarea. Wallahu'alam.
Salam!
Ki Hasan
Copyright (c) 2005 Studio579 <http://www.geocities.com/khs579>.
Diropea sarta dikokolakeun ku Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]>
***
mugya aya mangpaatna,
dh
On 8/1/06, hendra Permana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> merhaba, dupi simkuring nuju milarian informasi nu ngeunaan masalah
> pusaka sunda, terbitna dimana? sareung naon paguyuban java-institut? naha
> sami sareung paguyuban pasundan?
> saha nu tiasa ngabantosan?
> nuhun,
> wassalam.
>
>
> -----------
>
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/